Nu Tos Ningal Ieu Blog

Sabtu, 30 Oktober 2010

Daptar Pidio Gunung Bitu

ASK-PASUNDAN JAYA


ASK-PASUNDAN JAYA

A. Tararahu,...tahu..tahu..tahu...tahuna,.... (Leuwih ngajual)
B. Tahu...tahu..tahu. (ordinary/biasa teuing)

A. Daragiiiiiiiiiing,....dagiing hayamm,....(sora ema-ema nu halimpu matak hayang meuli)
B. Ayam....Daging ayam...,..dagingnya,..(siga nu ngageroan hayam)

Bubur Tasik = Bubur Galo

ASK-PASUNDAN JAYA

Bubur nyaeta kadaharan nu dijieun tina beas. Masakna sarua jeung masak sangu ngan dilobaan caina.Bubur bentukna rada encer nepi ka rada kiled. Ieu kadaharan teh geus ti bareto aya ti kabeh nagara ge boga bubur sewang-sewangan. Husus di Pasundan, bubur nu jadi katelah di kotana nyaeta bubur Tasik. Di Tasik mah ampir tiap saratus meter pasti panggih jeung tukang bubur, jeung bubur teh buka 24 jam. aya nu buka isuk, buka beurang nepi sore, terus buka peuting nepi ka janari. Moal hese rek dahar bubur di Tasik mah. bubur Tasik sarua jeung bubur sejenna. Nu ngabedakeun mah bubur Tasik sok make cakueh. Ieu cakueh beda jeung cakueh lainna, husus keur cakue bubur. Bubur Tasik ge sok ditambahan ati ampela, kurupuk, saledri, bonteng. Tina cara daharna ge bubur tasik mah kudu digalokeun heula meh kabeh jadi kaaduk rata, meh sakali huap kabeh nu aya di bubur bisa kaasaan.

Antara Jelema Jeung Indung


ASK-PASUNDAN JAYA

Jelema atawa manusa, ceuk urang Sunda mah sok diartikeun jelema teh nyaeta nu jul jol kaluar tina liang Ema (indung). Paradaban manusa moal aya mun euweuh indung (awewe). Awewe lain ngan saukur produsen nu ngahasilkeun manusa. Jadi teu salah posisi indung kudu leuwih dimuliakeun ku anak-anakna. Siga sunnah Rosul, Indung meunang tilu, Bapa meunang hiji dina hal anak ngabakti ka kolot. Tapi Lalaki mah meunang boga opat pamajikan ai awewe mah tetep matuh hiji salaki. Ieu kaadilan ti nu maha Kawasa, teu bisa diotak atik ku pamikiran manusa. Da saestuna Alloh leuwih nyaho tibatan mahlukna. Rosul ge nyarios yen sorga teh aya di handapeun tapak suku indung. Eta teh bentuk nyata yen Islam ngamuliakeun awewe.

Bencana


ASK-PASUNDAN JAYA

Gunung bitu jeung Lini mangrupakeun hal wajar lain bencana. Eta teh tibaheula mula memeh manusa aya geus kitu jeung kitu. Bumi teh hirup da boga magma nu terus manaskeun jeung ngaduk-ngaduk eusi Bumi pikeun ngajaga panas keur nunjang kahirupan nu aya diliuhureunana (taneuh jeung mahluk sejenna kaasup manusa). Jadi tong heran mun lini jeung gunung bitu sok rada babarengan da panggerakna sarua nyaeta magma tea. Nu disebut Bencana mah siga "longsor" jeung "banjir", Ieu mah disebabkeun ku polah manusa. Da jalma mah ngan bisa ngaruksak siga nu diterangkeun di Kur'an. Di dunya teh geus loba karuksakan di bumi jeung di laut. Bencana datangna ti manusa nu ngarasakeunna kabeh mahluk.

Kamis, 28 Oktober 2010

Wayahna

Pernah aya nu nanyakeun ka kuring "apa sih artinya Wayahna?" Ceuk kuring teh "wayahna" adalah sikap yang mengharuskan keprihatinan dikarenakan situasi dan kondisi yang tidak memungkinkan. Intinya harus terima keadaan dalam kondisi yang serba sederhana. Ceuk Babaturan teh "panjang amat ya!!!" . Ceuk kuring teh "wayahna " we da maneh mah teu ngarti basa Sunda. Babaturan teh kerung da teu ngarti. Ceuk kuring deui teh dina jero ati "Wayahna" . Bongan saha teu bisa basa Sunda, urang ngomong Sunda maneh jawab basa Indonesia. Padahal mah Basa Indonesia mah teu kudu dipelajari teuing da ceuk kuring mah basa Indonesia teh basa panggampangna sadunya.

Sakecap basa Sunda bisa panjang diartikeun ka basa sejen, Kusabab basa sejen can boga kecap jeung ngagambarkeun kecap siga "wayahna". Ieu Bukti yan Basa Sunda leuwih beunghar tibatan basa sejen.

Percanten!

ASK-PASUNDAN JAYA

Parapatan Bandrek

ASK-PASUNDAN JAYA

A Child has Test Driving (It's Funny)

ASK-PASUNDAN JAYA

Rabu, 27 Oktober 2010

Antara Banten Jeung Cirebon



Banten Jeung Cirebon kaayeunakeuna mah asa beda jeung Pasundan,..padahal mah ti baheula mula ieu wewengkon teh bagean ti Karajaan Pajajaran. Rahayatna tibaheula na ge geus Sunda. Di Cirebon Sunda kageser ku urang Jawa (ekspansi Mataram) tapi tetep bae Karaton Cirebon mah Sunda da pituin katurunan Prabu Siliwangi (Sunan Gunung Jati). Kitu deui jeung Banten nu asa ngabeda-bedakeun jeung Sunda padahal Banten mah beheula teh Palabuhan Pajajaran salain ti Sunda Kalapa jeung Cirebon. Kitu deui jeung rahayatna nu Sunda tibaheula, aya Jawa Banten teh da pedah sesa prajurit Mataram nu rek nyerbu Batavia,..maranehna cicing di Banten. Kasultanan Banten jelas-jelas masih katurunan Pajajaran,..Singgasana keur ngalantik Raja Pajajaran ge dicokot ku Kasultanan Banten da boga hak salaku panerus Karajaan Pajajaran. Bukti lain Banten jeung Cirebon teh Asli Sunda nyaeta simkuring. kuring teh geuning masih keneh boga asal ti Banten ti karuhun Aki (Bapa) nyaeta Prabu Wujaya Kusumah nu muka lembur di Garut Kaler. Terus kuring boga karuhun ti Cirebon ti Aki (Indung) nyaeta Wangsanagara nu muka lembur di Gunung Sawal.

ASK-PASUNDAN JAYA

Daftar Nama Baik dan Bagus Bagi Calon Anak Anda


Jika Anda ingin anak yang tampan/cantik :

1. Asep (L)

2. Acep (L)

3. Atep (L)

4. Encep (L)

5. Eulis (P)

6. Euis (P)

7. Elis (P)

8. Dewi (P)

9. Desi (P)

10. Dyah (P)

Jika Anda ingin anak yang taat kepada orang tua :

1. Ujang (L)

2. Cecep (L)

3. Sesep (L)

4. Dadan (L)

5. Nyai (P)

6. Ai (P)

7. Titi (P)

8. Imas (P)

9. Ipah (P)

Jika Anda ingin anak yang taat kepada agama :

1. Aceng (L)

2. Elon (L)

3. Romlah (P)

4. Sumidah (P)

5. Nunung (P)

Jika Anda ingin anak yang bekerja keras :

1. Adang (L)

2. Dadang (L)

3. Atang (L)

4. Tatang (L)

5. Ajang (L)

6. Jajang (L)

7. Enjang (L)

8. Wawan (L)

9. Uju (L)

10. Mumuh (L)

11. Eroh (P)

12. Erot (P)

13. Enok (P)

14. Itoh (P)

15. Isah (P)

Jika Anda ingin anak yang berwibawa :

1. Jajat (L)

2. Ajat (L)

3. Yayat (L)

4. Aden

5. Dayat (L)

6. Juju (P)

Jika Anda ingin anak yang cerdas :

1. Aang (L)

2. Gumilar (L)

3. Juariah (P)

4. Deti (P)

Jika Anda ingin anak yang lucu :

1. Aa (L)

2. Encep (L)

3. Deden (L)

4. Dudung (L)

5. Ade (L/P)

6. Cucu (L/P)

Jika Anda ingin yang tegas :

1. Endang (L)

2. Entang (L)

3. Tati (P)

4. Enung (P)

Jika Anda ingin anak yang sabar :

1. Yayan (L)

2. Usep (L)

3. Tata (L)

4. Cicih (P)

5. Eti (P)

Jika Anda ingin anak yang menjadi pemimpin :

1. Agum (L)

2. Agung (L)

3. Ratu (P)


Jika Anda ingin anak memiliki semua sifat yang baik maka gabungkanlah semua nama tersebut dengan risiko Anda harus membuat akta kelahiran yang berukuran sangat besar sekali dengan harga yang mahal.

Selamat memilih dan memakai nama tersebut. Semoga sesuai harapan Anda. Amin.

NB : L = Laki-laki

P = Perempuan

Sumber : Kehidupan sehari-hari





ASK-PASUNDAN JAYA

Senin, 18 Oktober 2010

Naskah Carita Parahyangan (Basa Suna Buhun/Kuna)


ASK-PASUNDAN JAYA

déh nihan Carita Parahiyangan. Sang Resi Guru mangyuga Rajaputra. Rajaputra miseuweukeun Sang Kandiawan lawan Sang Kandiawati, sida sapilanceukan. Ngangaranan manéh Rahiyangta Déwaraja. Basa lumaku ngarajaresi ngangaranan manéh Rahiyangta ri Medangjati, inya Sang Layuwatang, nya nu nyieun Sanghiyang Watang Ageung. Basana angkat sabumi jadi manik sakurungan, nu miseuweukeun pancaputra; Sang Apatiyan Sang Kusika, Sang Garga Sang Mestri, Sang Purusa, Sang Putanjala inya Sang Mangukuhan, Sang Karungkalah, Sang Katungmaralah, Sang Sandanggreba, Sang Wretikandayun.

II
Hana paksi Si Uwur-uwur, paksi Si Naragati, nyayang di titrayatra Bagawat Resi Makandria. Dihakan anakna ku salakina. Diseuseul ku éwéna. Carék éwéna, "Papa urang, lamun urang teu dianak, jeueung Bagawat Resi Makandria. Ditapa sotéh papa, ja hanteu dianak." Carék Bagawat Resi Makandria, "Dianak ku waya, ja éwé ogé hanteu." Ti inya carék Bagawat Resi Makandria, "Aing dék leumpang ka Sang Resi Guru, ka Kéndan." Datang siya ka Kéndan. Carék Sang Resi Guru, "Na naha siya Bagawat Resi Makandria, mana siya datang ka dinih?" - "Pun samapun, aya béja kami pun, kami ménta pirabieun pun. Kéna kami kapupulihan ku Paksi Si Uwur-uwur, paksi Si Naragati, papa baruk urang hanteu di na anak." Carék Sang Resi Guru, "Leumpang siya ti heula ka batur siya deui, anaking Pwah Aksari Jabung, leumpang husir Bagawat Resi Makandria, na pideungeuneun satapa, anaking." Leumpang Pwah Rababu, datang ka baturna, teu diaku rabi. Nyeueung inya wedadari geulis, ti inya nyieun manéh Pwah Manjangandara, na Bagawat Resi Makandria nyieun manéh Rakéyan Kebowulan, sida pasanggaman. Carék Sang Resi Guru, "Étén anaking, Pwah Sanghiyang Sri! Leumpang kita ngajadi ka lanceuk siya, ka Pwah Aksari Jabung." Ti inya leumpang Pwah Sanghiyang Sri ngajadi, inya Pwah Bungatak Mangaléngalé.


III
Carék Sang Mangukuhan, "Nam adiing kalih, urang ngaboro leumpang ka tegal." Sadatang ka tengah tegal, kasampak Pwah Manjangandara deung Rakéyan Kebowulan. Digérékeun ku sang pancaputra; beunangna samaya, asing nu numbak inya ti heula, nu ngeunaan inya, piratueun. Keuna ku tumbak Sang Wretikandayun, Kebowulan jeung Pwah Manjangandara. Lumpat ka patapaanana, datang paéh. Dituturkeun ku Sang Wretikandayun. Pwah Bungatak Mangaléngalé kasondong nginang deung Pwah Manjangandara; ku Sang Wretikandayun dibaan pulang ka Galuh, ka Rahiyangta ri Medangjati.

IV
Lawasniya adeg ratu lima welas tahun, disilihan ku Sang Wretikandayun di Galuh, mirabi Pwah Bungatak Mangaléngalé. Na Sang Mangukuhan nyieun manéh panghuma; Sang Karungkalah nyieun manéh panggérék, Sang Katungmaralah nyieun manéh panyadap; Sang Sandanggreba nyieun manéh padagang. Ku Sang Wretikandayun diadegkeun Sang Mangukuhan, Rahiyangtang Kulikuli ; sang Karungkalah diadegkeun Rahiyangtang Surawulan ; Sang Katungmaralah diadegkeun Rahiyangtang Pelesawi ; Sang Sandanggreba diadegkeun Rahiyangtang Rawunglangit. Sang Wretikandayun adeg di Galuh. Ti inya lumaku ngarajaresi, ngangaranan manéh Rahiyangta ri Menir. Basana angkat sabumi jadi manik sakurungan, inya nu nyieunna Purbatisti. Lawasniya ratu salapan puluh tahun. Disilihan ku Rahiyangtang Kulikuli, lawasniya ratu dalapan puluh tahun. Disilihan ku Rahiyangtang Sarawulan, lawasniya ratu genep tahun, katujuhna panteg kana goréng twah. Disilihan ku Rahiyangtang Rawunglangit, lawasniya adeg ratu genep puluh tahun.

V
Disilihan ku Rahiyangtang Mandiminyak. Seuweu Rahiyangta ri Menir, teluan sapilanceukan; anu cikal nya Rahiyang Sempakwaja, adeg Batara Dangiyang Guru di Galunggung; Rahiyangtang Kedul, adeg Batara Hiyang Buyut di Denuh; Rahiyangtang Mandiminyak adeg di Galuh. Carék Sang Resi Guru, "Karunya aing ka Rahiyang Sempakwaja hanteu diboga éwé. Anaking Pwah Rababu! Kita leumpang husir Rahiyang Sempakwaja, kéna inya pideungeuneun siya satapa." Sang Resi ngagisik tipulung jadi jalalang bodas, leumpang ngahusir Rahiyang Sempakwaja, eukeur melit. Carék Rahiyang Sempakwaja, "Na naha jalalang bodas éta ?" Top sumpit. Nya mana dihusir, dék nyumpit inya. Kapanggih Pwah Rababu eukeur mandi di Sanghiyang Talaga Candana. Carék Rahiyang Sempakwaja, "Ti mana kéh, éta nu mandi ?" Éta diléléd sampingna ku sumpit. Beunang diléléd. Aya deungeunna Pwah Aksari kalih, tuluy lalumpatan ka tegal. Pwah Rababu dicokot ku Rahiyang Sempakwaja, dipirabi, dikasiahan na Pwah Rababu. Nya mana diseuweu, inya Rahiyang Purbasora, Rahiyang Demunawan, dwaan sapilanceukan.

VI
Ngareungeu tatabeuhan humung gumuruh tanpa parungon, tatabeuhan di Galuh. Pulang ka Galuh teter nu ngigel. Sadatang ka buruan ageung, carék Rahiyangtang Mandiminyak, "Sang Apatih, na saha éta?" "Béjana nu ngigel di buruan ageung." "Éta bawa sinjang saparagi, iweu kéh pamalaan aing. Téhér bawa ku kita keudeukeudeu!" Leumpang sang apatih ka buruan ageung, dibaan ka kadatwan na Pwah Rababu. Dipirabi ku Rahiyangtang Mandiminyak, dirabi kasiahan na Pwah rababu. Diseuweu patemuan, dingaranan Sang Salah.

VII
Carék Rahiyang Sempakwaja, "Rababu leumpang! Ku siya bwatkeun budak éta ka Rahiyangtang Mandiminyak. Anteurkeun patemuan siya Sang Salahtwah." Leumpang Pwah Rababu ka Galuh. "Aing dititah ku Rahiyang Sempakwaja mwatkeun budak éta, beunang siya ngeudeungeudeu aing téh." Carék Rahiyangtang Mandiminyak, "Anak aing tu kita, Sang Salah." Carék Rahiyangtang Mandiminyak, "Sang Apatih, ku siya teundeun kana jambangan. Bawa ka tegal!" Dibawa ku sang apatih ka tegal, sapamungkur sang apatih, ti tegal metu ikang aprama tog ka langit, kabireungeuh ku Rahiyangtang Mandiminyak. "Sang Apatih, husir deui teundeun siya, budak ta!" Dihusir ku sang apatih ka tegal, kasondong hirup. Dibaan ka hareupeun Rahiyangtang Mandiminyak. Dingaranan Sang Sénna.

VIII
Lawasniya ratu tujuh tahun. Na Rahiyangtang Mandiminyak disilihan ku Sang Séna. Lawasniya ratu tujuh tahun, disilih-jungkat ku Rahiyang Purbasora. Na Sang Séna diintarkeun ka Gunung Marapi, diseuweu Rakéyan Jambri. Ageung sakamantrian, lunga ka Rahiyangtang Kedul, ka Denuh, ménta dibunikeun. Carék Rahiyangtang Kedul, "Putu aing mumul kapangkukan ku siya, sugan siya kanyahoan ku ti Galuh. Leumpang siya husir Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang Pandawa ring Kuningan, deung anak saha tu siya?" Carék Rakéyan Jambri, "Aing anak Rahiyang Sang Séna. Dijungkat, diintarkeun ku Rahiyang Purbasora." "Lamun kitu, mawa boga kami ngasuhan. Ngan mulah mo sambut samaya aing. Moga ulah meunang prangan; lamun siya ngalaga prang ka kami. Ngan siya leumpang maratkeun, husir Tohaan di Sunda." Sadatang ka Tohaan di Sunda, tuluy dipulung minantu ku Tohaan di Sunda. Ti inya ditinggalkeun, ngahusir Rabuyut Sawal. Carék Rabuyut Sawal, "Saha siya?" "Aing pun seuweu Sang Séna. Aing nanyakeun pustaka bawa Rabuyut Sawal. Eusina ma ratuning bala sariwu; pakeun séda, pakeun sakti, paméré Sang Resi Guru." Dibikeun ku Rabuyut Sawal. Ti inya pulang ka Galuh Rakéyan Jambri. Tuluy diprang deung Rahiyang Purbasora. Paéh Rahiyang Purbasora. Lawasniya ratu tujuh tahun. Disilihan ku Rakéyan Jambri, inya Rahiyang Sanjaya.

IX
Carék Rahiyang Sanjaya, "Sang Apatih, leumpang siya, nanya ka Batara Dangiyang Guru ku piparintaheun urang inih!" Sadatang sang apatih ka Galunggung, carék Batara Dangiyang Guru, "Na naha béja siya, Sang Apatih?" "Pun, kami dititah ku Rahiyang Sanjaya ménta piparintaheun, adi Rahiyang Purbasora." Hanteu dibikeun ku Batara Dangiyang Guru. Carék Batara Dangiyang Guru, "Rahiyang Sanjaya, leumpang nyandogé manéh. Éléhkeun Guruhaji Pagerwesi, éléhkeun Guruhaji Mananggul, éléhkeun Guruhaji Tepus, éléhkeun Guruhaji Balitar. Lunga Rahiyang Sanjaya ; éléhkeun Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang Pandawa ring Kuningan. Nyandogé na kasaktian, kénana ta Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang Pandawa ring Kuningan, hanteu kawisésa Dangiyang Guru. Mana ingéléhkeun, inya sakti." Rahiyang Sanjaya ka Kuningan, tuluy diprang. Éléh Rahiyang Sanjaya. Digérékan, teka ring loh Kuningan, undur Rahiyang Sanjaya. "Dara aing para dinih, digérékan. Éléh pun kami." Ti inya pulang deui ka Galuh, Rahiyang Sanjaya. Sang Wulan, Sang Tumanggal pulang deui ka Arilé. Rahiyang Sanjaya tuluy marék ka Batara Dangiyang Guru. Carék Batara Dangiyang Guru, "Rahiyang Sanjaya, naha béja siya datang ka dinih?" "Aya pun béja kami, pun kami dipiwarang, éléh pun kami, supén pun kami. Kami meunang ku jadi, pun gumanti diboroan ku Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang Pandawa ring Kuningan." Pulang deui Rahiyang Sanjaya ka Galuh.

X
Carék Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang pandawa ring Kuningan, "Mawa pisajieun leumpang ka Galunggung, widihan sajugala ma, palangka wulung, munding satempahan, bras sapadangan." Sateka siya ka Galunggung, mandeg ring Pakembangan. Kasondong ku Pakembangan, majar ka Batara Dangiyang Guru. Carék Dangiyang Guru, "Naha béja siya ?" "Pun Batara Dangiyang Guru! Aya Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang Pandawa di Kuningan." "Bagéa amat, siya datang ka dinih. Leumpang siya ka Galuh. Ala Rahiyang Sanjaya, mangka mawa pisajieun; widihan sajugala ma, saha palangka wulung, munding satémpahan, kawali wesi, bras sapadangan." Sadatang siya ka Galuh, carék Rahiyang Sanjaya, "Naha béja siya, Pakembangan?" "Kami pun disuruh ku Dangiyang Guru. Rahiyang Sanjaya mangka nu sangkep mawa pisajieun. Aya Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang Pandawa ring Kuningan." Lunga Rahiyang Sanjaya. Téka ri hareupeun Dangiyang Guru, carék Batara Dangiyang Guru, "Rahiyang Sanjaya! Lamun kawisésa ku siya Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang Pandawa ring Kuningan, aing nurut carék siya. Ja beunang ku aing kawisésa, turut carékéng! Ja aing wenang nuduh tan katuduh. Ja aing anak déwata." Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang Pandawa ring Kuningan kawisésa ku Batara Dangiyang Guru. Sang Wulan dijieun Guruhaji Kajaron. Sang Tumanggal dijieun Guruhaji Kalanggara di Balamoha. Sang Puki jadi Guruhaji Pagerwesi. Sang Manisri dijieun Buyuthadén Rahaséa, di Puntang. Buyuthadén Tunjungputih di Kahuripan. Buyuthadén Sumajajah di Pagajahan. Buyuthadén Pasugihan di Batur. Buyuthadén Padurungan di Lembuhuyu. Buyuthadén Darongdong di Balaraja. Buyuthadén Pager gunung di Muntur. Buyuthadén Muladarma di Parahiyangan. Buyuthadén Batutihang di Kuningan.

XI
Rahiyang Sanjaya kawekasan ring Medang. Ratu ring Galuh, Sang Seuweukarma. Ikang ari ratu Galuh, mananem sarwijagih Dadalem gawey puja, lilir désa, séwabakti ring Batara Upati. Rahiyangtang Wéréh, maka siya dingaran Rahiyangtang Wéréh, masa siya tinggal anak sapilanceukan. Rahiyangtang Kedul wurung ngadeg haji, kena rohang, ja mangka ngaran Rahiyang Sempakwaja. Rahiyangtang Kedul wurung ngadeg ratu kena kemir, ngaran mangadeg Wikuraja. Siya jadi Tohaan di Kuningan, anakna ditapa, tu siya seuweu Rahiyang Sempakwaja. Ujar Rahiyang Sanjaya, "Sama sanak ring aing aki! Lamun kitu ma karah. Ulah anggeus narahan aing aki, sang apatih!" Ujar sang apatih, "Mangka dapet deui urang nyayangan Sanghiyang Darmasiksa, mulah mo déngé!" Carékna patih kalih ka Rahiyang Sanjaya, "Lamun dék jaya prangrang, mangkat ti Galuh!" Prangrang ka Mananggul, éléh sang ratu Mananggul, Pwanala panulak sanjata. Tuluy ka Kahuripan, diprangrang, éléh Kahuripan, na Rahiyangtang Wulukapeu nungkul. Tuluy ka Kadul, diprangrang, éléh Rahiyang Supena, nungkul. Tuluy ka Balitar, diprang, éléh sang ratu Bima. Ti inya Rahiyang Sanjaya nyabrang ka désa Malayu. Diprang di Kemir, éléh Rahiyangtang Gana. Diprang deui ka Keling, éléh Sang Sriwijaya. Diprangrang ka Barus, éléh Ratu Jayadana. Diprang ka Cina, éléh Patih Sarikaladarma. Pulang Rahiyang Sanjaya ka Galuh ti sabrang. Ndéh humeneng.

XII
Rahiyangtang Kuku, Sang Seuweukarma diArile, diheueumdeungna para patih; gusti winekasan pangajaran kaparamartan. "Nam urang marek, mawa tanggung ka Rahiyang Sanjaya. Mupu omas sakati, gangsal (buhniya), bawaeun urang ka Rahiyang Sanjaya." Ti inya diheueum deui di Galuh deu(ng) para patih kali(h). "Nam, urang nyieun labur di jalan gedé pakeun nyungsung Sang Seuweukarma, ja turut Rahiyangtang Kuku." Sateka ka sisi(m)pang(an) ka Galuh deung ka Galunggung, disungsung, disocaan. Ujar Rahiyangtang Kuku, "Sang apatih, bawa kami marék ka Rahiyang Sanjaya. Ornas sakati, gangsal boéhniya." Ujar sang apatih, "Pun Tohaan! Hanteu dipilarang na omas na beusi ku Rahiyang Sanjaya, hengan huripna urang réa dipilarang." Andéh kahimengan Rabiyangtang Kuku, pulang deui ka Arile. Diheueum deungna para patih kalih. Ujar Rahiyangtang Kuku, "Na naha pakeun urang bakti ka Rahiyang Sanjaya?"

XIII
Sakitu ménakna, ini tangtu Rahiyang Sempakwaja. Ndéh nihan ta ujar Rahiyangtang Kuku, lunga ka Arile, ngababakan na Kuningan. Kareungeu ku Rahiyangtang Kuku, inya Sang Seuweukarma ngadeg di Kuningan, seuweu Rahiyang Sempakwaja; ramarénana pamarta ngawong rat kabéh. Dayeuh paradayeuh, désa paradésa, nusa paranusa. Ti KeIing bakti ka Rahiyangtang Kuku: Rahiyangtang Luda di Puntang. Rahiyangtang Wulukapeu di Kahuripan. Rahiyangtang Supremana di Wiru. Rahiyang Isora di Jawa. Sang ratu Bima di Bali. Di kulon di Tungtung Sunda nyabrang ka désa Malayu: Rahiyangtang Gana ratu di Kemir. Sang Sriwijaya di Malayu. Sang Wisnujaya di Barus. Sang Brahmasidi di Keling. Patihnira Sang Kandarma di Berawan. Sang Mawuluasu di Cimara-upatah. Sang Pancadana ratu Cina. Pahi kawisésa, kena inya ku Rahiyangtang Kuku. Pahingadegkeun haji sang manitih Saunggalah. Pahi ku Sang Seuweukarma kawisésa, kena mikukuh tapak Dangiyang Kuning. Sangucap ta Rahiyang Sanjaya di Galuh, "Kumaha sang apatih, piparéntaheun urang ?. Hanteu di urang dipikulakadang ku Rahiyangtang Kuku. Sang apatih, leumpang, dugaan ku kita ka Kuningan. Sugan urang dipajar koyo ilu dina kariya, ja urang hanteu dibéré nyahoan, daék lunga." Sang patih teka maring Kuningan, marék ka kadaton, umun bakti ka Rahiyangtang Kuku. Ujar Rahiyangtang Kuku, "Deuh sang apatih, na naha na béja kita, mana kita datang ka dinih?" Ujar sang apatih, "Kami pun dititahan Rahiyangtang Sanjaya. Disuruh ngadugaan ka dinih. Saha nu diwastu dijieun ratu?" Carék Rahiyangtang Kuku, "U sang apatih, yogya aing diwastu dijieun ratu ku na urang réa. Ngan ti Rahiyang Sanjaya ma hanteu nitah ku dék kulakadang deung hamo ka kami, ja bogoh maéhan kulakadang baraya. Ja aing ogé disalahkeun ka Kuningan ku Rahiyang Sempakwaja. Aing beunang Rahiyang Sempakwaja nyalahkeun ka Kuningan ini. Mana aing mo dijaheutan ku Rahiyang Sanjaya." Pulang deui sang apatih ka Galuh. Ditanya ku Rahiyang Sanjaya, "Aki, kumaha carék Rahiyangtang Kuku ka urang?" "Pun Rahiyang Sanjaya! Rahiyangtang Kuku teu meunang tapana. Mikukuh Sanghiyang Darma kalawan Sanghiyang Siksa. Nurut talatah Sang Rumuhun, gawayangkeun awak carita. Boh kéh ku urang turut tanpa tingtimanana. Biyaktakeun ku urang, ja urang sarwa kaputraan, urang deung Tohaan pahi anak déwata. Ndéh inalap pustaka ku Rahiyang Sanjaya. Sadatang inungkab ikang pustaka. Sabdana tangkarah, "Ong awignam astu krétayugi balem raja kretayem rawanem sang tata dosamem, sewa ca kali cab pratesora sang aparanya ratuning déwata sang adata adininig ratu déwata sang sapta ratu na caturyuga." "Dah umangen-angen ta Sang Resi Guru sidem magawéy Sang Kandiawan lawan Sang Kandiawati. Mangkana manak Rahiyangtang Kulikuli, Rahiyangtang Surawulan, Rahiyangtang Pelesawi. Rahiyangtang Rawunglangit, kamiadi Sang Wretikandayun. Sang Wretikandayun mangka manak Rahiyangtang Sempakwaja, Rahiyangtang Mandiminyak. Rahitangtang Mandiminyak mangka manak Sang Séna, Rahiyang Sang Séna mangka manak Rahiyang Sanjaya." Bo geulisan Dobana bawa bahetra piting deupa, bukana bwatan sarwo sanjata. "Urang ka nusa Demba!" Data sira lunga balayar. Kareungeu ku Sang Siwiragati. Dek mwatkeun Pwah Sang kari Pucanghaji Tunjunghaji ditumpakkeun dina liman putih. Dék ngajangjang turut buruan; momogana teka Rahiyangtang Kuku, Sang Seuweukarma ka nusa Demba, tuluy ka kadatwan, calik tukangeun Sang Siwiragati. Rahiyangtang Kuku dihusir ku liman putih, lumpat ka buruan mawa Pwah Sangkari. Hanteu aya pulang deui ka kadatwan liman putih ta, bakti ka Rahiyangtang Kuku. Pulang deui Rahiyangtang Kuku ka Arile, dibawa na liman putih deung Pwah Sangkari. Manguni : "Naha hanteu omas saguri, sapetong, sapaha sapata-payan?" Tuluy ka Galuh ka Rahiyang Sanjaya, hanteu sindang ka Arile. Dibawa na liman putih, dirungkup ku lungsir putih tujuh kayu diwatang ku premata mas mirah komara hinten. Datang siya ti désa Demba, tuluy ka kadatwan. Sateka Rahiyangtang Kuku ring kadaton, mojar ka Rahiyang Sanjaya. naha suka mireungeuh liman putih. Tanyana: "Mana?" "Tuluy dipitutunggangan, diaseukeun Pwah Sangkari ka Rahiyang Sanjaya. Sateka ring dalem hanteu pulang deui. Dah Rahiyang Sanjaya: "Naha tu karémpan? Aing ayeuna kreta, aing deung bapangku, Rahiyangtang Kuku, Sang Seuweukarma. Hanteu ngalancan aing ayeuna. Ajeuna nu tangkarah : "Alas Dangiyang Guru di tengah, alas Rahiyang Isora di wétan paralor Paraga deung Cilotiran, ti kulon Tarum, ka kulon alas Tohaan di Sunda." Dah sedeng pulang Rahiyangtang Kuku ka Arile, sadatang ka Arile panteg hanca di bwana, ya ta sapalayaga dirgadisi lodah. Mojar Rahiyang Sanjaya, ngawarah anaknira Rakéan Panaraban, inya Rahiyang Tamperan: "Haywa dék nurutan agama aing, kena aing mretakutna urang réya." Lawasniya ratu salapan tahun, disiliban ku Rahiyang Tamperan.

XV
Tembey Sang Resi Guru ngayuga taraju Jawadipa, taraju ma inya Gulunggung, Jawa ma ti wétan. Di pamana Sunda hana pandita sakti, ngaraniya Bagawat Sajalajala, pinejahan tanpa dosa. Mangjanma inya Sang Manarah, anak Rahiyang Tamperan, dwa sapilanceukan denung Rahiyang Banga. Sang Manarah males hutang; Rahiyang Tamperan sinikep deneng anaknira. Ku Sang Manarah dipanjara wesi na Rahiyang Tamperan. Datang Rahiyang Banga, ceurik, teher mawakeun sekul kana panjara wesi, kanyahoan ku Sang Manarah. Tuluy diprangrang deung Rahiyang Banga. Keuna mukana Rahiyang Banga ku Sang Manarah. Ti inya Sang Manarah adeg ratu di Jawa pawwatan. Carék Jawana, Rahiyang Tamperan lawasniya adeg ratu tujuh tahun, kena twah siya bogoh ngarusak nu ditapa, mana siya hanteu heubeul adeg ratu. Sang Manarah, lawasniya adeg ratu dalapanpuluh tahun, kena rampés na agama. Sang Manisri lawas adeg ratu geneppuluh tahun, kena isis di Sanghiyang Siksa. Sang Tariwulan lawasniya ratu tujuh tahun. Sang Welengan lawasniya ratu tujuh tahun.

XVI
Ndéh nihan tembey Sang Resi Guru miseuweukeun Sang Haliwungan, inya Sang Susuktunggal nu munar na Pakwan reujeung Sanghiyang Haluwesi, nu nyaeuran Sanghiyang Rancamaya. Mijilna ti [42] Sanghiyang Rancamaya : "Ngaran kula ta Sang Udubasu, Sang Pulunggana, Sang Surugana, ratu hiyang banaspati." Sang Susuktunggal inyana nu nyieunna palangka Sriman Sriwacana Sri Baduga Maharajadiraja, ratu haji di Pakwan Pajajaran. Nu mikadatwan Sri – bima -untarayanamadura - suradipati, inyana pakwan Sanghiyang Sri Ratudéwata. Kawekasan Sang Susuktunggal, pawwatanna lemah suksi, lemah hadi, mangka premana raja utama. Lawasniya ratu saratus tahun.

XVII
Rahiyang Banga lawasnia ratu tujuh tahun, kena twah siya, mo makéyan agama bener. Rakéyanta ri Medang lawasniya adeg ratu tujuh tahun. Rakéyanta Diwus lawasniya ratu opatlikur tahun. Rakéyanta Wuwus lawasniya ratu tujuhpuluhdua tahun. Sang lumahing Hujung Cariang, lawasniya ratu telu tahun, kaopatna panteg kena salah twah, daék ngala éwé sama éwé. Rakéyan Gendang lawaniya ratu telulikur tahun. Déwa Sanghiyang lawasniya ratu tujuh tahun. Prebu Sanghiyang lawasniya ratu sawelas tahun. Prebu Ditiya Maharaja lawasniya ratu tujuh tahun. Sang lumahing Winduraja lawasniya ratu telulikur tahun. Sang lumahing Kreta lawasniya ratu salapanpuluhdua tahun, kena mikukuh na twah rampés, turun na kretayuga. Disiliban deui ku Sang lumahing Winduruja, teu heubeul adeg, lawasniya ratu dalapanwelas tahun. Disilihan deui ku Sang Rakéyan Darmasiksa, pangupatiyan Sanghiyang Wisnu, inya nu nyieun sanghiyang binayapanti, nu ngajadikeun para kabuyutan ti sang rama, ti sang resi, ti sang disri, ti sang tarahan, tina parahiyangan. Ti naha bagina? Ti sang wiku nu ngawakan jati Sunda, mikukuh Sanghiyang Darma ngawakan Sanghiyang Siksa. Lawasniya ratu saratuslimapuluh tahun. Manak Sang lumahing Taman lawasniya ratu genep tahun. Manak deui Sang lumahing Tanjung, lawasnija ratu dalapan tahun. Manak Sang lumahing Kikis, lawasniya ratu dwalikur tahun. Sang lumahing Kiding, lawasniya ratu sapuluh tahun. Manak Aki Kolot, lawasniya ratu sapuluh tahun.

XVIII
Manak deui Prebu Maharaja, lawasniya ratu tujuh tahun, kena kabawa ku kalawisaya, kabancana ku seuweu dimanten, ngaran Tohaan. Mundut agung dipipanumbasna. Urang réya sangkan nu angkat ka Jawa, mumul nu lakian di Sunda. Pan prangrang di Majapahit. Aya na seuweu Prebu, wangi ngaranna, inyana Prebu Niskalawastu Kancana nu surup di Nusalarang ring giri Wanakusuma. Lawasniya ratu saratusopat tahun, kena rampés na agama, kretajuga. Tandang pa ompong jwa pon, kenana ratu élé h ku satmata. Nurut nu ngasuh Hiyang Bunisora, nu surup ka Gegeromas. Batara Guru di Jampang. Sakitu nu diturut ku nu mawa lemahcai. Batara Guru di Jampang ma, inya nu nyieun ruku Sanghiyang Pak é, basa nu wastu dijieun ratu. Beunang nu pakabrata séwaka ka d éwata. Nu di tiru ogé paké Sanghiyang Indra, ruku ta. Sakitu, sugan aya nu d ék nurutan inya twah nu surup ka Nusalarang. Daé k él éh ku satmata. Mana na kretajuga, él éh ku nu ngasuh. Nya mana sang rama énak mangan, sang resi é nak ngaresisasana, ngawakan na purbatisti, purbajati. Sang disri énak masini ngawakan na manusasasana, ngaduman alas pari-alas. Ku b éét hamo diukih, ku gedé hamo diukih. Nya mana sang Tarahan énak lalayaran ngawakan manu-rajasasana. Sanghiyang apah, teja, bayu, akasa, sangbu énak-énak,ngalungguh di sanghiyang Jagatpalaka. Ngawakan sanghiyang rajasasana, angadeg wiku énak di Sanghiyang Linggawesi, brata siya puja tanpa lum. Sang wiku énak ngadéwasasana ngawakan Sanghiyang Watang Ageung, énak ngadeg manu-rajasuniya. Tohaan di Galuh, inya nu surup di Gunungtiga. Lawasniya ratu tujuh tahun, kena salah twah bogoh ka é stri larangan ti kaluaran.

XIX
Disilihan ku Prebu, naléndraputra premana, inya Ratu Jayadéwata, sang mwakta ring Rancamaya, lawasniya ratu telu puluh salapan tahun. Purbatisti, purbajati, mana mo kadatangan ku musuh ganal, musuh alit. Suka kreta tang lor, kidul, kulon, wétan, kena kreta rasa. Tan kreta ja lakibi dina urang réya, ja loba di Sanghiyang Siksa.

XX
Disilihan inya ku Prebu Surawisésa, inya nu surup ka Padaré n, kasuran, kadiran, kuwamén. Prangrang limawelas kali hanteu éléh, ngalakukeun bala sariwu. Prangrang ka Kalapa deung Aria Burah. Prangrang ka Tanjung. Prangrang ka Ancol kiyi. Prangrang ka Wahanten girang. Prangrang ka Simpang. Prangrang ka Gunungbatu. Prangrang ka Saungagung. Prangrang ka Rumbut. Prangrang ka Gunung. Prangrang ka Gunung Banjar. Prangrang ka Padang. Prangrang ka Panggoakan. Prangrang ka Muntur. Prang rang ka Hanum. Prangrang ka Pagerwesi. Prangrang ka Medangkahiyangan. Ti inya nu pulang ka Pakwan deui. hanteu nu nahunan deui, panteg hanca di bwana. Lawasniya ratu opatwelas tahun.

XXI
Prebu Ratudé wata, inya nu surup ka Sawah-tampian-dalem. Lumaku ngarajaresi. Tapa Pwah Susu. Sumbé lé han niat tinja bresih suci wasah. Disunat ka tukangna, jati Sunda teka. Datang na bancana musuh ganal, tambuh sangkané. Prangrang di burwan ageung. Pejah Tohaan Saréndét deung Tohaan Ratu Sanghiyang. Hana pandita sakti diruksak, pandita di Sumedeng. Sang panadita di Ciranjang pinejahan tanpa dosa, katiban ku tapak kikir. Sang pandita di Jayagiri Iinabuhaken ring sagara. Hana sang pandita sakti hanteu dosana. Munding Rahiyang ngaraniya linabuhaken ring sagara tan keneng pati, hurip muwah, moksa tanpa tinggal raga teka ring duniya. Sinaguhniya ngaraniya Hiyang Kalingan. Nya iyatnajatna sang kawuri, haywa ta sira kabalik pupuasaan. Samangkana ta précinta. Prebu Ratudé wata, lawasniya ratu dalapan tahun, kasalapan panteg hanca dina bwana.

XXII
Disilihan ku Sang Ratu Saksi Sang Mangabatan ring Tasik, inya nu surup ka Péngpéléngan. Lawasniya ratu dalapan tahun, kenana ratu twahna kabancana ku estri larangan ti kaluaran deung kana ambutéré. Mati-mati wong tanpa dosa, ngarampas tanpa prégé, tan bakti ring wong-atuha, asampé ring sang pandita. Aja tinut dé sang kawuri, polah sang nata. Mangkana Sang Prebu Ratu, carita inya.

XXIII
Tohaan di Majaya alah prangrang, mangka tan nitih ring kadatwan. Nu ngibuda Sanghiyang Panji, mahayu na kadatwan, dibalay manelah taman mihapitkeun dora larangan. Nu migawe bale-bobot pituweJas jajar, tinulis pinarada warnana cacaritaan.

XXIV
Hanteu ta yuga dopara kasiksa tikang wong sajagat, kreta ngaraniya. Hanteu nu ngayuga sanghara, kreta, kreta. Dopara luha gumenti tang kali. Sang Nilak éndra wwat ika sangké lamaniya manggirang, lumekas madumdum cereng. Manga nugraha weka, hatina nunda wisayaniya, manurunaken pretapa, putu ri patiriyan. Cai tiningkalan nidra wisaya ning baksa kilang. Wong huma darpa mamangan, tan igar yan tan pepelakan. Lawasniya ratu kampa kalayan pangan, ta tan agama gayan kewaliya mamangan sadirasa nu surup ka sangkan beunghar. Lawasniya ratu genepwelas tahun.

XXV
Disilihan ku Nusiya Mulia. Lawasniya ratu sadewidasa, tembey datang na prebeda. Bwana alit sumurup ring ganal, metu sanghara ti Selam. Prang ka Rajagaluh, élé h na Rajagaluh. Prang ka Kalapa, él éh na Kalapa. Prang ka Pakwan, prang ka Galuh, prang ka Datar, prang ka Madiri, prang ka Paté gé, prang ka Jawakapala, él éh na JawakapaJa. Prang ka Galé lang. Nyabrang, prang ka Salajo, pahi éléh ku Selam. Kitu, kawisésa ku Demak deung ti Cirebon, pun.
***

Taken from : Blog Balagantrang Disadur Dari :
Carita Parahiyangan: Naskah Titilar Karuhun Urang Sunda. Atja, Jajasan Kebudajaan Nusalarang, Bandung – 1968.

Carita Parahyangan (Tale of Parahyangan or Tale of Pasundan / Sunda Land)


Carita Parahiyangan merupakan nama suatu naskah Sunda kuna yang dibuat pada akhir abad ke-16, yang menceritakan sejarah Tanah Sunda, utamanya mengenai kekuasaan di dua ibukota Kerajaan Sunda yaitu Keraton Galuh dan keraton Pakuan. Naskah ini merupakan bagian dari naskah yang ada pada koleksi Museum Nasional Jakarta dengan nomor register Kropak 406. Naskah ini terdiri dari 47 lembar daun lontar ukuran 21 x 3 cm, yang dalam tiap lembarna diisi tulisan 4 baris. Aksara yang digunakan dalam penulisan naskah ini adalahaksara Sunda.[1]

Untuk pertama kalinya naskah ini diteliti oleh K.F. Holle, kemudian diteruskan oleh C.M. Pleyte. KEmudian naskah ini dialihbahasakan oleh Purbacaraka, sebagai tambahan terhadap laporan mengenai Batu Tulis di Bogor. Upaya ini diteruskan oleh H. ten Dam (tahun 1957) dan J. Noorduyn (laporan penelitiannya dalam tahun 1962 dan 1965). Selanjutnya naskah ini juga diteliti oleh beberapa sarjana Sunda, diantaranya Ma'mun Atmamiharja, Amir Sutaarga, Aca, Ayatrohaédi, serta Édi S. Ékajati dan Undang A. Darsa.

Naskah Carita Parahiyangan menceritakan sejarah Sunda, dari awal kerajaan Galuh pada zaman Wretikandayun sampai runtuhnya Pakuan Pajajaran (ibukota Kerajaan Sunda akibat serangan Kesultanan Banten, Cirebon dan Demak.
Sempakwaja & Mandiminyak
Rahiyang Sanjaya
Perang Bubat
Dalam menceritakan Prabu Maharaja, anaknya Aki Kolot, disebutkan sebagai berikut:
Manak deui Prebu Maharaja, lawasniya ratu tujuh tahun, kena kabawa ku kalawisaya, kabancana ku seuweu dimanten, ngaran Tohaan. Mundut agung dipipanumbasna. Urang réya sangkan nu angkat ka Jawa, mumul nu lakian di Sunda. Pan prangrang di Majapahit.
yang artinya sebagai berikut:
Karena anak, Prabu Maharaja yang menjadi raja selama tujuh tahun, kena bencana, terbawa celaka oleh anaknya, karena Putri meminta terlalu banyak. Awalnya mereka pergi ke Jawa, sebab putri tidak mau bersuami orang Sunda. Maka terjadilah perang di Majapahit.
Prabu Surawisesa
Prabu Surawisesa, putranya Ratu Jayadewata, mewarisi kekuasaan Kerajaan Sunda dalam masa yang tidak menguntungkan sebab ada pemberontakan di bebberapa wilayah (Banten,Sunda Kalapa dan Cirebon). Dalam masa kekuasaannya, yang selama 14 tahun, Prabu Surawisesa memimpin seribu prajurit dalam 15 kali perang.
Disilihan inya ku Prebu Surawisésa, inya nu surup ka Padarén, kasuran, kadiran, kuwamén. Prangrang limawelas kali hanteu éléh, ngalakukeun bala sariwu. Prangrang ka Kalapa deung Aria Burah. Prangrang ka Tanjung. Prangrang ka Ancol kiyi. Prangrang ka Wahanten girang. Prangrang ka Simpang. Prangrang ka Gunungbatu. Prangrang ka Saungagung. Prangrang ka Rumbut. Prangrang ka Gunung. Prangrang ka Gunung Banjar. Prangrang ka Padang. Prangrang ka Panggoakan. Prangrang ka Muntur. Prangrang ka Hanum. Prangrang ka Pagerwesi. Prangrang ka Medangkahiyangan. Ti inya nu pulang ka Pakwan deui. hanteu nu nahunan deui, panteg hanca di bwana. Lawasniya ratu opatwelas tahun.
Dalam tradisi lisan, Prabu Surawisesa terkenal dengan nama Mundinglaya Dikusumah.
Nama Tempat yang disebut dalam naskah
Naskah Carita Parahiyangan benyak menyebut nama tempat / wilayah yang termasuk dalam kekuasaan Sunda dan juga tempat-tempat lain di pulau Jawa dan pulau Sumatra. Sebagian dari nama-nama tempat tersebut masih ada sampai sekarang. Nama-nama tempat tersebut diantaranya adalah:
§ Ancol: Ancol, Jakarta Utara
§ Arile, di Kuningan
§ Balamoha
§ Balaraja
§ Balitar
§ Barus
§ Batur
§ Berawan
§ Cilotiran
§ Cimara-upatah
§ Cina
§ Ciranjang
§ Cirebon: Cirebon
§ Datar
§ Demak: Demak
§ Demba, nusa
§ Denuh: wewengkon pakidulan
§ Galuh: Kerajaan Galuh, salah satu pusat pemerintahan Kerajaan Sunda
§ Galunggung; gunung Galunggung
§ Gegelang
§ Gegeromas
§ Gunung
§ Gunung Banjar
§ Gunungbatu
§ Gunung Merapi
§ Hanum
§ Hujung Cariang
§ Huluwesi, Sanghiyang
§ Jampang
§ Jawa: wilayah orang Jawa (bagian barat pulau Jawa)
§ Jawakapala
§ Jayagiri
§ Kahuripan
§ Kajaron
§ Kalapa: pelabuhan utama Sunda, disebut juga Sunda Kalapa
§ Keling
§ Kemir
§ Kendan: kerajaan yang berada di sekitar gunung Kendan di wilayah Nagreg, tempat ditemukannya banyak batu obsidian yang disebut batu kendan.
§ Kiding
§ Kikis
§ Kreta
§ Kuningan: pusat kabupaten Kuningan
§ Lembuhuyu
§ Majapahit: kerajaan Majapahit
§ Majaya
§ Malayu: kerajaan Malayu di Sumatra
§ Mananggul
§ Mandiri
§ Medang
§ Medangjati
§ Medang Kahiangan
§ Menir
§ Muntur
§ Nusalarang
§ Padang
§ Padarén
§ Pagajahan
§ Pagerwesi
§ Pagoakan
§ Pajajaran: Pakuan Pajajaran, pusat pemerintahan Kerajaan Sunda, yang berlokasi di kota Bogor sekarang
§ Pakuan: Pakuan Pajajaran
§ Pangpelengan
§ Paraga
§ Parahiyangan
§ Patégé
§ Puntang: gunung Puntang
§ Rajagaluh: Rajagaluh, Majalengka
§ Rancamaya, Sanghiyang: wilayah sebelah barat Ciawi, Bogor, sekarang dijadikan permahan mewah
§ Rumbut
§ Salajo
§ Saung Agung
§ Saunggalah
§ Simpang
§ Sumedeng
§ Sunda: kerajaan Sunda yang pusatnya di Pakuan Pajajaran, Bogor, dan pernah juga berpusat di Galuh, Ciamis.
§ Taman
§ Tanjung
§ Tarum: Citarum
§ Tasik
§ Tiga, gunung
§ Wahanten-girang: Banten Girang
§ Wanakusuma, gunung
§ Winduraja
§ Wiru

#English Version#
Carita Parahyangan (English: Tale of Parahyangan) is a text contained in a single manuscript, registered as kropak 406 from the former collection of the Bataviaasch Genootschap voor Kunsten en Wetenschappen (Batavian Society of Arts and Sciences), now in the Perpustakaan National (National Library) in Jakarta. It was identified as early as 1882 by Holle as the Carita Parahyangan and ever since that time it has received much scholarly attention. In fact this manuscript consists of two parts. The larges part, the Carita Parahyangan proper, is a text on Sundanese kings and kingdoms from the pre-Islamic period. After earlier publication by Holle (1882a) and Pleyte (1914a) it was Poerbatjaraka /91919-21) who gave a complete transliteration of the manuscript; later on Noorduyn (1962a, 1962b) devoted two important papers to this texts; in the first he managed to restore the order of the folio of the manuscript which were in disarray; in the second he gave an annotated transliteration and translation of the first part of the text. In a third paper Noorduyn (1966) published a number of additions and corrections to the earlier text edition, which were based on a careful rereading of the original manuscript. Based on Noorduyn’s restoration of the order of the leaves in the major part of the manuscript, a new transliteration, with a translation in Indonesian and notes, was published by Atja and Danasasmita (1981c). in 1995 Darsa and Ekadjati presented a new edition and translation of the manuscript. In this work the other part of the manuscript, called by the editors Fragmen Carita Parahyangan, was published for the first time. This is a text found on 13 leaves (lempir) or 25 “pages”; graphically the two texts are different insofar as the Fragmen has an irregular number of lines (3-6) per page, unlike the Carita Parahyangan proper which consistently has four lines writing per page. Moreover, there are minor scriptural differences between the two parts of the manuscript. The Fragment contains “three main stories of rulers of Sunda kingdom with capital city of Pakuan Pajajaran”. Especially its second, largest part is quite interesting from the viewpoint of social and economic history (Darsa and Ekadjati 1995:6). In a more recent paper Darsa (1999) has discussed in some more detail the relation between the two text in kropak 406; it is clear that at an early stage the two text must have been brought together in a single manuscript.

ASK-PASUNDAN JAYA

Sabtu, 16 Oktober 2010

Gol Spektakuler Nyeck Nyobe (Persib Vs PSMS)



ASK-PASUNDAN JAYA

Persib Vs Persela ( 5 - 2 )



ASK-PASUNDAN JAYA

Persib Vs Persebaya ( 4 - 2 )



Bonek Jadi Berita

ASK-PASUNDAN JAYA

Persib Vs Persik ( 6 - 1 )



Perpisahan Suchao

ASK-PASUNDAN JAYA

Persib Vs Persema ( 4 -0 )



gol Balik Bandung (Salto) Hilton...

ASK-PASUNDAN JAYA

Persib Vs Deltras ( 6 - 1 )



ASK-PASUNDAN JAYA

Kid Eat Leg of Chicken

ASK-PASUNDAN JAYA

Masih Je2lemaan


"Jang geura gede, geura jadi jelema." eta du"a kolot ka kuring. Kuring memang can jadi jelema nu dimaksud ku kolot, kuring masih jadi jejelemaan keneh. Ngarumasakeun da kuring masih "nyusu" ka kolot, masih jauh tina bisa ngabagjakeun kolot.
Batur mah geus bisa meuli motor , kuring mah ngan bisa meuli mo2toran.
Batur mah geus bisa meuli mobil, kuring mah ngan bisa meuli mo2bilan.
Tapi urang narimakeun da kudu jadi jelema (sukses) teh butuh proses nu teu sakeudeung.
Tapi aya ngeunahna oge kuring masih jadi jejelemaan teh, batur mah karek bisa dahar di McD, kuring mah geus bisa ngasaan di McD-an nu leuwih ngeunah jeung gurih,...?

ASK-PASUNDAN JAYA

Buligir


buligir nyaeta kaayaan awak nu polos teu ditutupan ku panghalang nanaon. buligir/bulucun, basa urang borojol ka dunya.buligir basa urang keur mandi.buligir basa urang duaan jeung pamajikan.buligir basa urang keur geuring ripuh.buligir basa urang dimandian.buligir basa urang dihudangkeun.buligir urang teu boga naon naon.

ASK-PASUNDAN JAYA

Kamis, 14 Oktober 2010

Beus nu Pangmahalna



ASK-PASUNDAN JAYA

Video Viking Nyerbu The Jak Di Jakarta

ASK-PASUNDAN JAYA

Kunaon?


Di Jatim aya 38 kota/kabupaten di Jateng aya 35 kota/kabupaten nu wilayahna mah sarua bahkan leuwih gede dibanding Pasundan (Jabar+Banten) nu ukur dieusi 32 kota/kabupaten. Komo deui rahayatna Pasundan pangreana. Kunaon bisa kitu??? Pasundan mah hese rek mekarkeun diri ku cara otonomi daerah tea. Teu cara nu di wetan Jawa. Mun diitung sakota/kabupaten minimal meunang APBN 1 triliun di Wetan Jawa meunang (Jateng=35 T, Jatim=38T, total 73 T) bandingkeun jeung Pasundan (Jabar=26T, Banten=6T, total 32 T). Jadi teu aneh mun di wetan jawa loba jalan tur hade deuih beda jeung diurang nu masih eta-eta keneh jeung garinjul. Nyieun tol cipularang ge kalakah ngancurkeun alam hungkul. Perguruan Tinggi lolobana di wetan Jawa. Dana pendidikan ti APBN ge loba nu kadinya. Di Pasundan mah rek nyieun kampus negeri ge hese, euweuh patulungna tingali Unsil nagen bae. Padahal rahayat (usia pelajar + mahasiswa loba di Pasundan) tapi kunaon kampus negeri loba di wetan?. Ti jalan kareta ge di jawa mah pabeulit saking ku lobana. Tapi di Pasundan mah angger we teu nambahan rel teh. Ai pangwangunan teh mentingkeun lobana penduduk atawa mentingkeun kadeukeutan jeung pangawasa. Pasundan ge nu deukeut teu digugu komo nu daerah nu jauh (Su,matera,Kalimantan,Sulawesi,Maluku,Nusa Tenggara jeung Papua) pasti teu diculkeun bae. Kunaon tah masih keneh kieu? Meureun pamingpinna masih keneh ti kampung wetan keneh kitu???


ASK-PASUNDAN JAYA

Rabu, 13 Oktober 2010

@sk......Makalangan Alam Samesta

@sk......Makalangan Alam Samesta

ASK-PASUNDAN JAYA

Paguyuban Pasundan


Paguyuban Pasundan (ejaan aslinya Pagoejoeban Pasoendan) adalah organisasi budaya Sunda yang berdiri sejak tanggal 20 Juli 1913, sehingga menjadi salah satu organisasi tertua yang masih eksis sampai saat ini. Selama keberadaannya, organisasi ini telah bergerak dalam bidang pendidikan, sosial-budaya, politik, ekonomi, kepemudaan, dan pemberdayaan perempuan. Paguyuban ini berupaya untuk melestarikan budaya Sunda dengan melibatkan bukan hanya orang Sunda tapi semua yang mempunyai kepedulian terhadap budaya Sunda.
Sejarah Masa Pra Kemerdekaan
Awal Berdiri
Secara tidak langsung, kelahiran Paguyuban Pasundan dipengaruhi oleh pendirian Budi Utomo pada hari Rabu tanggal 20 Mei 1908, yang dianggap sebagai tonggak awal kebangkitan bangsa Indonesia menggapai kemerdekaan. Pada awalnya, cukup banyak orang Sunda yang bergabung. Cabang-cabang Budi Utomo juga banyak bermunculan di Jawa Barat, seperti di Bandung dan Bogor. Namun beberapa tahun kemudian, keanggotaan orang Sunda dalam Budi Utomo menurun drastis. Hal ini disebabkan karena menurut mereka, dari segi sosial-budaya, organisasi tersebut hanya memuaskan penduduk Jawa Tengah dan Jawa Timur saja.
Atas inisiatif siswa-siswa Sunda di STOVIA (School Tot Opleiding voor Indlandsche Artsen) – sekolah kedokteran zaman Belanda di Batavia (Jakarta), diupayakan pembuatan organisasi untuk orang-orang Sunda. Selanjutnya, para siswa yang berusia sekitar 22 tahun itu, berkunjung ke rumah Daeng Kandoeroean Ardiwinata, yang saat itu sudah dianggap sebagai sesepuh orang Sunda. Dalam kunjungan tersebut, dinyatakan maksud pendirian perkumpulan orang Sunda sekaligus meminta D. K. Ardiwinata untuk menjadi ketua organisasi.
Setelah D. K. Ardiwinata menyanggupi, maka di rumahnya di Gang Paseban, Salemba, Jakarta, pada hari Minggu tanggal 20 Juli 1913 diadakan rapat untuk pendirian perkumpulan. Dalam rapat itu disepakati pendirian organisasi yang kemudian dinamai “Pagoejoeban Pasoendan”. Saat itu ditetapkan D. K. Ardiwinata sebagai penasehat dan Dajat Hidajat (siswa STOVIA) sebagai ketua.
Pada tanggal 22 September 1914, pengurus paguyuban meminta izin kepada pemerintah untuk dapat melakukan kegiatannya secara sah. Dengan surat keputusan nomor 46 tanggal 9 Desember 1914, izin tersebut diberikan. Selanjutnya, sampai tahun 1918, organisasi ini lebih sebagai perkumpulan sosial-budaya.
Kiprah Politik
Seiring dengan keinginan untuk mengadakan perbaikan dalam bidang sosial dan ekonomi, Paguyuban Pasundan merasa perlu untuk turut berkecimpung dalam bidang politik untuk mencapai tujuan-tujuannya. Untuk itu, sejak tahun 1919, seiring dengan dibentuknya Volksraad, dilakukan upaya untuk mendudukkan wakilnya di lembaga tersebut. Selanjutnya dengan surat keputusan nomor 72, tanggal 13 Juni 1919, pemerintah juga mengesahkan Paguyuban Pasundan sebagai perkumpulan politik.
Sejak Desember 1927, Paguyuban Pasundan masuk menjadi anggota PPPKI (Permoefakatan Perhimpoenan-perhimpoenan Politik Kebangsaan Indonesia). Dengan bergabung dalam federasi itu, paguyuban tidak lagi menjadi perkumpulan lokal dengan perhatian hanya pada Pasundan atau Jawa Barat saja, tapi menjadi perkumpulan nasional dengan tujuan bersama yaitu untuk mencapai kemerdekaan bangsa.
Kegiatan dalam bidang politik semakin kuat saat kepemimpinan Oto Iskandar di Nata, yang dijuluki “Si Jalak Harupat”, seorang kelahiran Bojongsoang, Bandung tanggal 31 Maret 1897. Selain menjadi ketua Pengurus Besar Paguyuban Pasundan, ia juga menjadi wakil organisasi tersebut di Volksraad mulai tahun 1931 sampai 1942.
Bidang Pendidikan
Sesuai dengan yang tercantum dalam anggaran dasarnya, salah satu jalan yang ditempuh Paguyuban Pasundan dalam mencapai cita-citanya adalah melalui jalur pendidikan dan pengajaran. Upaya pendirian sekolah dimulai dengan mendirikan Hollandsch-Inlandsche School (HIS) Pasoendan di Tasikmalaya pada tahun 1922, diikuti pendirian Meer Uitgebreid Lager Onderwijs (MULO) Pasoendan, juga di Tasikmalaya, yang medapat bantuan dari pemerintah. Sekolah-sekolah lain terus didirikan, hingga tahun 1941 telah ada 51 sekolah dengan 296 orang guru. Kebanyakan ada di Bandung dan Tasikmalaya, yaitu masing-masing tujuh buah. Sisanya tersebar di 34 tempat lainnya di seantero Jawa Barat.
Untuk mengurus persekolahan tersebut, dalam Kongres Paguyuban Pasundan di Bogor tahun 1931, didirikan Bale Pamulangan Pasundan (BPP), dengan pemimpin pertamanya adalah Ahmad Atmadja. Dengan berdirinya BPP, sekolah-sekolah Pasundan semakin marak. Demikian pula guru dan muridnya semakin banyak.
Pendidikan bagi masyarakat umum, diwujudkan dengan diterbitkannya sembilan media massa selama periode 1914-1942. Salah satunya yang terbesar adalah suratkabar Sipatahoenan yang menjadi corong Paguyuban Pasundan. Semula suratkabar ini diterbitkan Paguyuban Pasundan di Tasikmalaya mulai tahun 1923. Pimpinan redaksi pertamanya adalah Soetisna Sendjaya. Awalnya suratkabar ini terbit seminggu sekali. Namun setelah kepengurusannya diambil alih oleh Pengurus Besar Paguyuban Pasundan tahun 1931, Sipatahoenan bisa terbit harian. Kantornya dipindahkan ke Bandung, tepatnya di Kaca-kaca Wetan, sebelum kemudian pindah ke Banceuy, dan akhirnya di Dalem Kaum.
Bidang Ekonomi
Dalam bidang ekonomi, Paguyuban Pasundan dalam kongresnya yang ke 19 di Tasikmalaya tahun 1934, mendirikan Centrale Bank Pasundan, yang berbentuk N. V., dengan pemimpinnya Iyos Wiriaatmadja. Pusatnya berada di Jakarta, sedang di daerah-daerah berdiri cabang-cabangnya.
Kehidupan perkoperasian di lingkungan Paguyuban Pasundan juga cukup marak. Setiap cabangnya mendirikan koperasi yang kebanyakan disebut Koperasi Pasundan. Koperasi-koperasi tersebut bergerak dalam bidang keuangan, perdagangan, ada juga yang khusus menyediakan perabotan untuk para petani. Garapan bidang ekonomi lainnya yang cukup menonjol adalah pendirian Lumbung Padi (Leuit Pare). Pemantauannya dilakukan oleh Puseur Lumbung Pasundan.
Dalam Kongres Paguyuban Pasundan ke 23 di Sukabumi, didirikan badan yang mengelola permasalahan ekonomi yang disebut Bale Ekonomi Pasundan. Pemimpin bale tersebut adalah Raden Soedarna Soeradiredja, yang juga merangkap sebagai Wakil Ketua P. B. Paguyuban Pasundan dan Direktur Centrale Bank Pasundan.
Kepemudaan dan Pemberdayaan Perempuan
Untuk mengurus masalah pemberdayaan perempuan, di dalam Paguyuban Pasundan didirikan Pasundan Istri (PASI). Sedangkan dalam kepemudaan, pada bulan Desember 1934 didirikan JOP (Jeugd Organisatie Pasoendan) dengan ketuanya yang pertama R. Adil Poeradiredja. Dalam kongresnya yang pertama tahun 1935 kepanjangan JOP diganti menjadi “Jasana Obor Pasundan”.
Saat suhu politik memanas menjelang Perang Pasifik, didirikan “JOP Brigade” untuk menangkal kejadian-kejadian yang tidak dikehendaki. Beberapa tokoh, diantaranya Jenderal A. H. Nasution turut menyokong, seperti dengan membantu latihan baris berbaris bagi JOP Brigade.
Masa Penjajahan Jepang
Dari tahun 1943 sampai dengan 1945, kegiatan politik berbagai perkumpulan di Indonesia, termasuk Paguyuban Pasundan dibekukan oleh penjajah dari Jepang. Sipatahoenan juga turut dibredel dan sebagai gantinya diterbitkan suratkabar Tjahaja yang dikendalikan Jepang. Namun demikian kegiatan paguyuban dalam bidang lainnya seperti pendidikan, kesenian, dan sosial masih diperbolehkan dan bisa terus berjalan.
Kiprah di Masa Kemerdekaan
Masa Revolusi Kemerdekaan
Setelah pendudukan Jepang berakhir, Pemerintah Republik Indonesia mengeluarkan maklumat nomor X tanggal 3 November 1945 tentang pembentukan partai-partai politik. Berdirinya partai-partai politik oleh Pemerintah Republik Indonesia dipandang sebagai partisipasi aktif dari kehidupan masyarakat dalam berbangsa dan bernegara serta dapat memperkuat perjuangan bangsa mempertahankan kemerdekaan. Keluarnya maklumat tersebut menyebabkan partai-partai di Indonesia hidup kembali seperti Partai Nasional Indonesia (PNI), Partai Islam Masyumi, Partai Buruh Indonesia, Partai Rakyat Sosialis, dan sebagainya. Paguyuban Pasundan saat itu tidak langsung aktif kembali. Hal ini terutama disebabkan karena R. Oto Iskandar di Nata, yang dianggap sebagai figur yang dapat memimpin kembali Paguyuban Pasundan, hilang secara misterius bersama beberapa tokoh kemerdekaan lainnya.
Namun kemudian muncul sebuah partai yang konon didalangi Belanda dengan nama Partai Rakyat Pasundan (PRP) yang mempunyai visi yang tidak sejalan dengan Paguyuban Pasundan. Hal tersebut memicu para anggota Paguyuban Pasundan untuk menghidupkan kembali organisasinya. Maka berdirilah kembali Paguyuban Pasundan di Bandung, Yogyakarta, dan Jakarta dalam waktu hampir bersamaan. Selanjutnya Bandung ditetapkan sebagai pusat Pengurus Besar Paguyuban Pasundan dengan ketuanya R. S. Suradiradja.
Dalam kongres Paguyuban Pasundan tanggal 29-31 Januari 1949 di Bandung, diputuskan untuk mengubah nama Paguyuban Pasundan menjadi Partai Kebangsaan Indonesia (PARKI) dengan maksud untuk memperluas perjuangan di bidang politik. Partai tersebut kemudian mengikuti pemilihan umum pertama Republik Indonesia pada tahun 1955. Namun suara yang didapat dalam pemilu tersebut sangat minim. Kekalahan tersebut menimbulkan perpecahan di tubuh PARKI. Akhirnya melalui referendum dalam kongres luar biasa PARKI tanggal 29 November 1959, partai tersebut memutuskan untuk mengubah namanya kembali menjadi Paguyuban Pasundan.
Paguyuban Pasundan Sekarang


Gedung Universitas Pasundan di Jalan Tamansari 6-8
Setelah kekalahan dalam pemilu tersebut, kegiatan Paguyuban Pasundan lebih didominasi oleh aktivitas dalam bidang pendidikan dan sosial-budaya. Salah satu tonggak perjuangannya dalam bidang pendidikan adalah dengan didirikannya Universitas Pasundan di Bandung pada hari Senin tanggal 14 November 1960.
Kini Paguyuban Pasundan memiliki 32 kantor cabang dengan 492 anak cabang. Sedikitnya 12.300 orang terlibat dalam paguyuban ini. Pelestarian kebudayaan Sunda di era globalisasi kini menjadi prioritas utamanya.
Sekolah-sekolah Pasundan dalam jenjang pendidikan dasar dan menengah bertebaran di wilayah Jawa Barat dan Banten. Sedang dalam jenjang pendidikan tinggi, Paguyuban Pasundan memiliki empat perguruan tinggi, yaitu:
• Universitas Pasundan, didirikan tanggal 14 November 1960 di Bandung.
• Sekolah Tinggi Hukum (STH) Pasundan, didirikan tanggal 14 Januari 1964 di Sukabumi.
• Sekolah Tinggi Keguruan dan Ilmu Pendidikan (STKIP) Pasundan, didirikan tanggal 29 Mei 1986 di Cimahi.
• Sekolah Tinggi Ilmu Ekonomi (STIE) Pasundan, didirikan tanggal 18 Januari 1988 di Bandung.

Ti Wikipedia

ASK-PASUNDAN JAYA

@sk......Makalangan Alam Samesta: Malangbong (St. Bumi Waluya) ka Kondang (St. Warung Bandrek)

@sk......Makalangan Alam Samesta: Malangbong (St. Bumi Waluya) ka Kondang (St. Warung Bandrek)

ASK-PASUNDAN JAYA

Malangbong (St. Bumi Waluya) ka Kondang (St. Warung Bandrek)



ASK-PASUNDAN JAYA

Selasa, 12 Oktober 2010

Tikotok Dilebuan


Mun aya hayam pasti aya tikotok. BAheula mah hayam teh diabur/dikencarkeun tara dikurung dikandangna, da sok hideung balik deui kandangna (kolong imah panggung) mu geus burit. Ti isuk mula hayam geus liar neang kadaharan. Ti buruan imah nepi ka lawang panto imahbari noong jero imah sugan aya beunyeur keur catrukeun. Mun geus kieu teh si ema sok ngagebah hayam "hus...hus...hus...siiiiaaaahhh!!! dasar tangkorak hayam!". Hayam mantog ngan taina tinggaleun di tehel imah. " euh.... goblog tangkorak hayam teh modol di tehel nu karek dipel,...jang geura panglebuankeun yeuh tikotok meni rarujit." Ah si ema mah teu cara hayangna, ai basa keur euweuh deungeun sangu mah hayam teh dibageuran diparaban ku beunyeur ti beas nu karek dipanen "Kerrrrr,..tititititit (3x)..." si ema ngageroan hayam sina dahar, bari sakalian ditewak jang dipeuncit keur deungeun sangu. Bosen ceunah dahar jeung asin wae. Kuring teh langsung nyokot lebu sarawu ti hawu nu masih keneh haneut urut masak cai keur nginum tadi. Langsung we diawurkeun dina tikotok nu hideung rada kahejoan nu masih keneh ngebul (haneut keneh). Teu pati lila tikotok teh geus ngaheurasan jeung gampang disapukeun alias teu nemepel kana tehel. Mujarab eta lebu....!!!

ASK-PASUNDAN JAYA

Senin, 11 Oktober 2010

Buleud Jeung Muter


Alam ieu tos kacipta buleud jeung muter. Bumi nu ditincak sabenerna teh buleud jeung muteur kanu porosna sareng ngurilingan panon poe. Kitu deui sareng panon poe, bulan jeung benda-benda langit nu sanesna. Di Bumi ge, rata-rata ngnggo palsapah buleud jeung muter. Sirah buleud bisa luak-lieuk, panon buleud bisa larak-lirik. Buleud pasti bisa muter (ngagorolong), hal ieu dipake dina ban atawa roda kanggo ngagerakeun kandaraan atawa mesin keur ngabantu gawe manusa. Mun teu buleud mah pasti paradaban manusa nagen bae moal maju-maju. Dalahan di dunya nu kadeuleu, di dunya nu leutik ge make prinsip buleud jeung muter, tingali we susunan benda nu ngabentuk lintasan nu dieusi ku elektron jeung neutron. Persis pisan jeung lintasan antar bintang (galaksi) nu bentukna buleud jeung muter. Tina pamanggih ku pamikiran jalma yen nu nyebabkeun muter teh aya gaya patarik-tarik (magnet/gravitasi). Buleud ngandung harti aya batasan, benda nu ngaliwat lintasan ieu pasti balik deui. Geus puguh alam ieu aya batesanna, moal kekal jeung salilana teratur benda-benda teh muter dina lintasanna nu buleud. Bisa muter dina buleud teh pedah aya nu ngatur nyaeta nu nyiptakeun alam ieu.

ASK-PASUNDAN JAYA

Macet Jatiwaringin

ASK-PASUNDAN JAYA

Sabtu, 09 Oktober 2010

@sk......Makalangan Alam Samesta: Film Ayat - ayat AsYafiyah

@sk......Makalangan Alam Samesta: Film Ayat - ayat AsYafiyah

ASK-PASUNDAN JAYA

Antara Ucing Jeung Maung


Di Pasundan mah ngaran ucing jeung maung geus masket pisan. Ucing jeung maung sarupa ngan beda gedena hungkul. Ieu ge jadi perlambang yen ucing keur barudak, maung keur nu dewasa. Ucing sok dipake ngaran kaulinan barudak jiga ucing lumpat, ucing sumput, ucing baledog, jsb. "Cang kacang panjang nu panjang...."Ucing"..." kitu ceunah ceuk barudak mun rek maen uucingan. Mun maung mah perlambang kakuatan jeung kaperkasaan (kapamingpinan). "Mun hidep jadi pamingpin omat sing jadi maung nu ngajaga leuweung jeung eusi-eusina" kitu papatah kolot baheula. Maung ge masket pisan jeung Pamingpin atawa Legenda Urang Sunda nyaeta Prabu Siliwangi (Sri Baduga Maharaja). Anjeunna ngahiang (leungit) di leuweung. Dina ngahiangna Prabu Siliwangi bijil Maung. Maung eta katelah Maung Siliwangi. Maung pangwujudan Prabu Siliwang.

Wallohu Alam.


ASK-PASUNDAN JAYA

Buah



Buah ngaran bubuahan nu jadi biang ngaran bubuahan. Buah nu basa latinna mango alias mangga hirup di daerah tropis. Di Pasundan loba macem buah, ti mimiti buah liar/leuweung nepi ka buah rekaan. Buah ge jadi masket urang Sunda. Buah sok disebut sebut mun aya batur ngaliwat hareupeun urang. " Punten,...!!! jawabna pasti,...Mangga...!!!

Salain loba hasiatna, buah teh jadi tangkal nu (kudu) aya di buruan imah. Tangkalna bisa keur dipake arulin barudak jiga keur maen ucing sumput. Ayeuna mah lolobana buah rekaan (hasil kawin silang) nu sok dipelak teh. Jadi tangkalna parendek jeung leutik teu bisa ditaekan ku barudak. Baheula mah sok resep ngala buah piit mun geus balik sakola teh, buahna nu leutik tapi tangkalna gede, leubeut deuih lumayan jang kadaharan barudak tibatan jajan teu puguh bari jeung nu ditaekan ge tangkal nu batur.

ASK-PASUNDAN JAYA

Milih Indung atawa Bapa???




Aya kecap majemuk nu nyatakeun papasangan siga " indung bapa" .Kunaon indung tiheula ditulisna tibatan Bapa??? Euweuh jeung teu ngeunaheun mun nulisna "Bapa Indung" mah,..??? Ieu teh mangrupakeun kahormatan keur kaum wanoja. Dek awewe dek lalaki sarua wae. Masing masing boga pungsi jeung kawajiban. Euweuh istilah ngeunah jadi awewe jeung ngeunah jadi lalaki. Mun geus borojol jadi awewe nya kudu jadi awewe, kitu deui jeung lalaki. Awewe dina ragana teu sakuat lalaki jadi lalaki kudu ngajaga awewe (pamajikanna). Kitu deui awewe nu leuwih lembut tibatan lalaki, jadi awewe bisa jadi panengtrem lalaki (salakina). Awewe jeung lalaki nu geus kawin tangtuna boga katurunan nu bakalan disebut ku anakna indung jeung bapa. Indung ti hamil nepi ka borojol nepi ka ngasuh budak, capena lain bobohongan. Bapa nu jadi kapala rumah tangga kuralang kuriling banting tulang keur ngahirupan pamajikan jeung budakna. Indung jeung Bapa sarua ngajalankeun tugas jeung kawajibanna. Hubungan antara awewe jeung lalaki. Awewe boh lalaki nu can kawain tangtu kudu ngabakti ka kolotna (indung jeung bapana). Mun awewe nu geus kawin taya deui baktina salain ka salakina. Kolot awewe geus masrahkeun budakna ka minantuna. Mun lalaki nu geus kawin tangtu manehna kudu ngabakti ka indungna. Euwueh nu mujarab du'a jelema salain ti du'a indung. Kumaha mun kulawarga cere (hal nu halal tapi dibendu ku Alloh). Budakna milih kamana??? Euweuh istilah mun mun kulawarga ngalaman cere aya istilah budak ema/indung atawa budak bapa. kabeh budakna tetep budak indung bapana. Rek budakna aya nu dibawa ku indungna tetep bae bapana kudu mere napkah ka budakna. Wali nikah tetep Bapa Kandungna lain Bapa Terena. Milih Indung atawa Bapa??? mun aya budak nu kapisah ku cere maranehna tetep ngajaga babarayaan jeung indung bapana najan indung bapana geus karawin deui. anak moal aya urutna kitu deui indung bapa moal aya istilah urut indung atawa urut bapa. Hubungan ieu aya nepi kabawa ka aherat nu bakal dipenta tanggung jawabna.

Wallohu alam

ASK-PASUNDAN JAYA

Banjir Tapi Asik (II) (Seseredetan)

ASK-PASUNDAN JAYA

Banjir Tetep Asik...!!!

ASK-PASUNDAN JAYA

Rabu, 06 Oktober 2010

Antara Garut Jeung Tasik



Ieu dua wewengkon di Pasundan nu seueur pandudukna, sareng seueur nu jadi pangumbara ka daerah sejen boh di nusantara atawa mancanagara. Dua wewengkon ieu Jadi duta/identitas Sunda di kancah nasional/internasional/ Mun disebutkeun ngaran Garut atawa Tasik pasti kapikiran urang jeung basa Sunda ku urang nu sanes Sunda. Tina sajarahna ge dua wewengkon ieu parantos ngagentos namina. Garut kapungkur namina Limbangan, ai Tasik mah Sukapura. Saparantosna jaman kamardikaan, Tasik leuwih unggul dina kaaktifan di kancah nasional. Tasik pernah jadi tempat konfrensi pembentukan koperasi Indonesia. Tasik oge ngagaduhan tokoh politik nasional nyaeta Ir. H. Djuanda. Sementawis Garut di jaman Walanda taaun 1850-1940 jadi obyek wisata para meneer sareng bule-bule eropah. Garut kakoncara ka mancanagara ku nami Switzerland van Java. Charlie Chaplin sareng PM Perancis pernah ka Garut. Mung kadieukeun na mah perkembangan Garut asa lamabat dibanding daerah sejenna (Tasik). Balik deui ka masa bada kamardikaaan, Tasik jadi pamingpin Priangan Timur. Daek teu daek urusan adminstratif nu berkaitan jeung birokrasi, urang Garut kudu ka Tasik, contona ASKES, Taspen, dll. Tasik jadi makin tenar ku ayana Rombongan Artis. R. Oma Irama jadi pamingpina, teras dilajengkeun ku Itje Tresnawati (dugi katelah masjid Itje di Jamanis), Evie Tamala, Cucu Cahyati, Vetty Vera, Alam, Indra Brugman, Aura Kasih, Dara Virgin, jns. Di Garut ge tos seueur artisna ayeuna mah ti Rieke Dyah Pitaloka, Epi Kusnanadar, Jupe (katurunan), jns. Dina Seni Sundana Tasik ngagaduhan Mang Koko, Garut ngagaduhan Nano S. Aya nu unik, Artis Tasik jadi wakil Bupati di Garut (Dicky Candra). Tasik mah ditambih ku atlet internasional jiga Susi Susanti, Lidya Djaelawijaya. Mun di Jakarta mah Urang Garut teh katelah ku Cukur ASGAR, Tukang Sol Patu, ES Campur Sinar Garut. Ai Tasik mah katelah ku tukang parabotan, tukang es kalapa, Mayasari Bakti. Dina Kakompakkan mah urang Garut leuwih padu nu katembong tina persatuan ASGAR Jaya. Gubernur BI ge ASGAR (Burhanudin Abdullah), di Depok aya Gumilar Rusmiwa Somantri (Asli Tasik). Dina soal "kagarangan" mah Garut leuwih sangar tibatan Tasik. Seueur Preman Garut berkeliaran di Jakarta. Tina Kaendahan Alamna Garut masih jawara, alamna nu endah dihias ku gunung-gunung nu luhur jeung hawana masih keneh adem, kebon teh di cikajang nu tiisna nyecep ka tulang, matak ni'mat keur dahar liliwetan, Lautna nu masih parawan kakonci ku Leuweung Sancang. Di Tasik mah parantos panas (ngaheab), bentang alamna nu didominasi ku pasir (Tasik kota 10000 bukit) ayeuna mah pasirna dikeukkan diala batu jeung keusikna. Laut tasik kaganngu ku panambangan mangan di Cipatujah. Terminal Tasik Tipe A di Garut masih tipe B. Stasion Tasik masih eksis , stasion Garut tinggal kenangan. Urang Garut Kaler masih jadi konsumen Beus Tasik.Tasik jadi kotamadya (kota). Garut masih Kabupaten.Ti kondisi perekonomian nu jomplang antara Garut jeung Tasik, pernah aya desakan ti Malangbong nu hoyong gabung ka Tasik pedah teu aya perhatian ti Garutna.



Najan Garut Jeung Tasik Beda. Duanana dihijikeun dina Pasundan nu hirup Ki Sunda nu jadi Jatidiri wargana. Kuring teh Asgar tapi budak Gakunggung oge. Seueur indo Garut Tasik dimamana! Asgar (Cibatu) nu aya di Tasik aya di Lengkong-Tasik, jsb. Warga Tasik nu di Garut seueur di Garut Kaler (Malngbong, Limbangan, Cibatu jsb.).

Tetep Rukun Garut-Tasik (Jaya Sunda)

ASK-PASUNDAN JAYA

The Pussycat Dolls Feat AR Rahman - Jai ho

ASK-PASUNDAN JAYA

Selasa, 05 Oktober 2010

Marimar versi Pilipina

ASK-PASUNDAN JAYA

Surabi Bandros Raos Pisan

Mangga geyra disetel !!!

ASK-PASUNDAN JAYA

Kapal Jet nu Ngaguruh


Paringatan poe jadina ABRI (balik deui ka TNI),...nu nincak dina tanggal 5 oktober. Sok direuah reuah ku atraksi kapal jet,....tina sorana mah tarik ngaguruh jiga angin puyuh gede,...tapi mun disidik-sidik mah geuningan kapal jetna teh tos sarepuh,...seuseurna masih F-5,..ditambih F-16,..eta ge mung sababarah skuadron,...najan aya sa skuadron kapal jet anyar (Sukhoi) tapi teu sabanding jeung gedena wilayah nusantara,...Wajar we kapal jet nagara deungeun sok ngaliwat solonong boy ka nusantara. Pernah jet amerika diudag ku jet AU tapi jet urang geus kakonci tinggal sakali pencet tombol ancur,..sedih euy,..tuan rumah elah jeung dieera ku semah,...??? mun dina motor mah batur mah geus make Tiger urang mah masih ngoleksi motor antik CB. Kumaha rek ngajaga wilayah nusantara ari kieu mah??? nagara urang mah masih keneh ngimpor jet atuh,..bandingkeun jeung cina, sanajan sok ngahasilkeun nu imitasi tapi kreatip jeung mandiri,...Berdayakeun BUMN teknologi, pesawat, perkapalan, senjata jeung bahan peledak (LIPI, LAPAN, PT DI, PT PAL, PINDAND, PT Dahana). Eta BUMN sina kumpul riung nyieun proyek teknologi pertahanan (alustista), kajeun masih dibawah standar ge nu penting mah bisa nyieun sorangan da ke ge bisa ngalusan sorangan da di ajar (kreatip tea),..Percayakeun ka putra bangsa da loba nu pinter,..(ayeuna mah nu pinter teh digarawe di nagara deungeun),..Batur mah geus bisa nyieun jet nu euweuh soraan ai urang mah masih keneh ngandelkeun sora nu badag bari jeung nembak mah teu bisa da pelorna diembargo ku amerika,..(euleuh2),...Jadi intina mah Jatiwaringin masih gandeng ku jet, mun teh sorana merdu ieu mah ngaberekbek (teuing make mesin RX king meureun da mesinna geus kolot, jabaning spare partna teu dikirim ku amerika),...potensi Nusantara sakitu gedena, tinggal aya kahayang,..rek jadi nagara Superior ge bisa Nusantara mah,...ngan ceunah mah negara yang suka damai (rek dikukumaha ku batur ge cicing bae???) ,..Prihatin ka Indonesia,....!!!!

ASK-PASUNDAN JAYA

Sabtu, 02 Oktober 2010

Pancasila teh Sakti (ceunah mah)?????


1 Juni 1945 , ceunah mah Pancasila borojol (duka saha indung bapana???). tanggal 18 Agustus 1945 , Pancasila jadi dasar nagara (Indonesia???) nu nyempil dina UUD 1945 (Undang-undang Dasar lain Ujung-ujungna Duit). Pancasila kaombang ambing ku kaayan politik nu can stabil (agresi Belanda I & II), Nagara geus rubah jadi RIS (Repoeblik Indonesia Serikat) nu parlementer, otomatis Pancasila nu aya di UUD karubah deui, Taun 1950-an, nagara ieu kacau balau,..??? Pemberontakan dimana-mana,...wakil rahayat nu kapilih taun 1955 masih bae can nyieun UU nu ngagantikeun UUD 1945. Kabinet geus sababaraha kali gunta-ganti. Harga marahal, kamiskinan geus teu aneh deui, Taun 1959, Presiden mas Karno ngabubarkeun dewan konstituante jeung ngabalikeun deui UUD 1945 nu ay Pancasilaan,...Saprak eta rada mending tapi tetep bae masih keneh pabalatak. Taun 1960-an malah leuwih balangsak,..PKI ngaraja ngintil ngintil sang raja,...RI- Cina jadi masket.Ieu jadi kasempetan keur ngaruntuhkeun kakuasaan,..taun 1965 (G30S/ duka PKI duka saha) 7 jendral pati disiksa di lubang buaya. Kudeta nu satengah hate??? Ujug-ujug Mas Harto jadi juru penyelamat,...Jendral handap nu can ngajabat nu luhur. Ceunah mah PKI rek ngaganti Pancasila ku Palu jeung Arit meh rahayat getol gawe. Ieu ceunah mah nu disebut Kasaktian Pancasila??? Suharto jadi seleb nu langsung ngaluhuran mas karno. asa jiga ngaleuwihan Presiden. Ti dinya rahayat teu percaya deui mas Karno nu kanyahoan deuheus jeung PKI/Cina??? tungtung 1965 jeung awal mimitian 1966 nagara ngabasmi PKI nepi ka ledis. 11 Marert 1966 borojol Super Semar nu leuwih sakti ti Superman. Suharto jadi Ratu Indonesia. Suharto bajoang atas nama "Pancasila",..rahayat nu ngomong aneh-aneh ditewak jeung dibui nepi aya nu leungit teuing kamana (ceunah mah hal ieu teh keur ngajaga Pancasila bisi aya nu ngaganti). Jaman mas Harto, Pancasila bener-bener sakti,..kabeh kudu apal pancasila nepikeun aya P4 ( jang rahayat nu rek/masih gawe jeung PMP keur barudak sakola. Pancasila dewa anyar di Indonesia, padahal mah nu nyieunna mah (ceunah mah mas karno) teu ngadewakeun Pancasila siga suharto. 32 taun Indonesia aya dina jaman katenangan (ceunah???). Ngan mas harto jeung saderekna sibuk kukumpul jeung babanda (meumpeung2an). Nyieun sababraha Yayasan nu ceunahna mah keur rahayat Indonesia kabeh pausahaan kudu setor ka ieu yayasan. Taun 1998, Suharto jadi rahayat biasa deui (Reformasi ceunah mah). Pancasila masih jadi dasar nagara tapi diamandemen di UUDna,..PMP jeung P4 leungit. Cina teu nyumput deui tina ngaran palsuna. Pancasila geus dirobah saeutik tapi tetep bae Indonesia teu jiga nu aya di tulisan Pancasila.

Pancasila teh saestuna barang tong dianggap karamat atawa jadi moral/jiwa da eta mah jieunan jalma. Baheula nyieun Pancasila teh nya garis besar keur nyieun UUD, jadi mun Pancasila diterapkeun kana moral/jiwa bangsa nu ngaleuwihan tina nilai agama,..ieu ngarana salah kaprah??? Hukum nu geus pasti bener mah nya nu datang langsung ti nu Maha Kawasa. Ieu kuduna nu dipajoangkeun!!! Paeh majoangkeun ieu mah moal sia-sia,..tibatan paeh mamawa Pancasila nu euweuh nu ngajamin di aheratna.

ASK-PASUNDAN JAYA

Ubar Stress

Mojang Bandung Iigelan

ASK-PASUNDAN JAYA