Nu Tos Ningal Ieu Blog

Kamis, 23 Februari 2012

Ngenang Balad Nu Geus Miheulaan (Tributte to Adi Saputra)

Balad saFakultas di kampus ngan beda jurusan.Mnehna urang Meulaboh(Aceh tapi basana Minang/Baiko).Jadi ngomongna sagala bisa basa.Nepi hayang diajar basa Sunda ka kuring,lantaran kabogohna urg Garut.Manehna geus ngarti bsa Sunda,tpi kuring bisa ngarti basa Aceh+Minang.Manehna ka jakrta pedah aya beasiswa Tsunami.4 taun teu karasa,mnehna penelitian orang utan keur skripsi di Aceh.Ngan hanjakal,basa keur ngaliwat walungan di leuweung manehna tisoledat nepi palid nepi ka maotna.Kapanggih 3 poe ti kajadian.

ASK-PASUNDAN JAYA

Ngenang Balad Nu Geus Miheulaan (Tributte to Mang Andi/Uing)

Babaturan sakampus tapi beda angkatan,da kalahiran 60an awal.Maklum beda jurusan,kuring di Statistik,manehna di Kebersihan.Kusabab kuring sok ngendong di kmpus,jdi sok mineng ngobrol ngaler ngidul.Kadang diajak ngopi di BEM atawa maen PS, tapi jwabna "Uing mah teu bisa".Jadi katelah we Mang Andi teh si Uing,maklum pituin Jatiluhur.Basa geus lulus,kuring dkk bancakan,itung2 perpisahan rek balik k lmbur.Mang Andi+Aki Ucu ge ngariung.Kuring geus dilembur.Teu lila ti eta,Mg Andi katabrak nepi koma trus maot.

ASK-PASUNDAN JAYA

Asmara Salokasi

Saminggu babarengan ge geus langsung akrab nu asalna teu wawuh2 acan komo panggih. Saminggu ngan 5an (3+2). Kuring sapasang jeung manehna. Biasa kenalan, biasa sharing pagawean nu ke rek dijalankeun. Ngeunahna survey, asa lain gawe tapi rekreasi di lembur batur.Gawena mah ngan nepi Lohor. Bada lohor nepi tengah peuting mah ulin.Kbeh empa wisata alam,restoran,mall, kraoke dipapayan hiji2.Nepi poho balik.Nu ahirna tiket hangus.Meuli deui pada beak duitna.Naek Beus 25 jam jdina.Bae lah meh bisa 2an sakorsi.

ASK-PASUNDAN JAYA

Karasa Asma Ra

Asma pasti nyesek pisan,hese renghap,sa rek paeh harita keneh.Kitu deui Asma Ra, mun geus katarajang ieu,jantung jadi dagdigdug,renghap jadi ranjug,pikiran ngalayang siga nu teler.Ngan bisana ngalamun mikiran manehna nu dicinta.Diulak ilik potretna,ditingalian status fbna.Ngan hayangna geura papanggih.Tah kitu ngarana asmara munggaran.Ngan leuwih nyesek mah asmara nu dikekeb dina jero ati.Eta duriat teu bisa dihontlkeun kana ati nu dipuja.Ngn kokosehan dina jero ati da teu dikaluarkeun asmarana ka nu dituju

ASK-PASUNDAN JAYA

Kampus Awal 2008

Peuting nu sepi, batur teu ngarendong deui di BEM, meureun sieun malem juma'ah. Ah,kuring mah geus biasa ieuh,meh teu jempling winamp disadakeun poll lagu Persib.Diuk dihareup BEM bari nempo skurilingeun jeung kapal nu hilir mudik.Kadang ningali beurit got nu sagede kelenci remaja lulumpatan jeung garelut, angin peuting ngagubragkeun dadaunan ka handap.Langit teu siga langit di lembur nu pok hideung tapi langit nu arek ka isukeun.meureun lob teuing lampu di kota mah.bari ngopi ABC,kuring ngan bisa ngarenung

ASK-PASUNDAN JAYA

Puncak (Cisarua-Bogor)

Puncak (Cipanas/Cianjur - Cisarua/Bogor) nu mangrupakeun suku Gunung Gede-Pangrango.Hawana tiis nu nyecep,matak tiis hate,tiis pikiran.Matak Betah tamu nepi kompeni nyarieun villa nepi ayeuna villa beuki minuhan Puncak.Parapatan Pasar Cisarua (nu ayeuna heboh ku kacilakaan Karunia Bakti) nu sering ku kuring didatangan unggal taun keur kagiatan LDKM.Jadi Cisarua asa lembur kagenep.Rek jalan2 isuk,beurang aawa peuting sarua ngeunahna teu panas jiga di daerah batur.Jadi tong heran mun urg Arab parindh k Puncak

ASK-PASUNDAN JAYA

Calon Bapa

Tiap lalaki pasti calon Bapa. Najan ajal nu ngagugurkeun jabatan Bapa di dunya. Memeh jadi Bapa, pasti kudu aya conto piBapaeun, nu paling deukeut mah pasti Bapa sorangan. Mun, nu kaleungitan Bapana, anggap we Kanjeng Nabi jadi Bapa, conto pikeun ngarungan rumah tangga, ngayom istri ngurus kulawarga, ngahirupan budak jeung gaul jeung tatangga nepo kana urusan ibadahna. Jadi Bapa,emang teu gampang, najan ngan nitipkrun binih ka pamajikan tapi boga hak ngahirupan budak jeung dpenta tanggung jawb dunya aherat


ASK-PASUNDAN JAYA

Tanjakan Gentong

Dina tanjakan,gigirn lamping nu jero.Geus pada ngajajar budak jeung pamuda nu ngagrupayan,pikeun ngatur kalu lintas nepi ngabantuan ngaganjel fuso jeung toronton nu eleh ku Gentong.Pasti aya we nu membleh,boh fuso,toronton,beus nepi ka kandaraan leutik ge bobrok siga minibeus nepi ka notor oge.Mun geus kieu matak ngabuntut kahandapna.Jalan ku sering diliwatan mobil gede nu pepereke nnjak,nepi jlan teh ngalogak tapak ban muter api teu bisa maju.kiu deui nu mudun,pepereket ngeren tapi hese ngalaunan.Bahaya...

ASK-PASUNDAN JAYA

Pameungpeuk 2003

 Tungtung kidul Garut,jauhna 5 jam ti Cibatu nimbus pagunungan liwat Garut Kota,Kebon Teh Cikajang, liwat Gunung Gelap (bener2 euweuh jelmaan).Mun bitu beak bengsin wayahna pisan dorong,mobil ge jarang liwat.Ngan kenca kauhu atangkalan gede,bener2 leuweung pisan.Nimbus ka Pameungpeuk,Kalapa ngajalajar.Sora ombak laut kidul ngajegur (kadenge ti kajauhan).Geus katempo ngan cai nu biru lega nu paantel jeung langit ti kajauhan.Panas,maklum pantey,cisumurna ge pangset.Batu karang pabalatak,nghalangan amuk ombak

ASK-PASUNDAN JAYA

Ayun Ambing

Diais dina samping nu geus belel,tapi angger nyaah mah moal belel nepi ka iraha ge.
"yun ambing, ayun ambing...geura bobo..."
tembang lawas pikeun nyarekeun budak sanggeus nyusuan atawa ngarepehkeun budak nu rewel ku kasakit.
Karasa kanyaah nu jadi indung, najan beurat ngangais.Memehna ngaregang nyawa ngaluarkeun orok,memehna dibeungbeuratan ku jabang bayi.Naon nu kurang ti nu jadi indung?
Nu aya ge nu jadi budak nu can bisa mulang tarima,can bisa nyenengkeun malah ngabeunbeuratan jeung nyusahkeun.

ASK-PASUNDAN JAYA

Gadis Pasantren Nu Amis Budi

Saha nu teu daek meunangkeun gadis pasantren nu solehah, sopan, santun,adab?
Jadi co-pilot dina rumah tangga.
Jadi guru barudak, Jadi pangeling salaki.
Jadi pandamping salawasna dunya aheratna.
Kahirupan rumah tangga nu harmonis jeung barokah, tentrem ati, sihat jiwa. Raga dedeg, pinuh kabagja.
Cukup eta nu hade tur sampurna. 

ASK-PASUNDAN JAYA

Lalaki dina Sakecret Waktu Dunya

Palaleungkeur kulit teh, ditingali deui geus ngendoran.
Gomplok tur hideung buuk teh, diingali deui geus maruragan jeung huisan.
Rapih huntu teh, ditingali deui geus arugleg jeung cararang.
Bengras tetempoaan teh, dibentakeun deui panon teh jadi burem.
Nyaring sora kadenge teh, pas didengekeun deui jadi samar-samar.
Jagjag awak teh, dilumpakeun deui jadi letoy.
Ngan hiji we nu masih kuat mah, najan geus kolot,sepuh ripuh, hayang kawin deui.
Nasib jadi lalaki dina sempitna waktu di dunya.

ASK-PASUNDAN JAYA

Euweuh Derita

Derita tanda kalemahan.
Manusa kabeh pasti ngalaman derita/kasusah/ujian/musibah/hal nu ti pangeunaheun. Ieu nandakeun yen manusa lemah,euweuh daya, teu bisa marengkeun harepan jeung kanyataan.
Derita pasti aya nuturkeun jeung rasa kabagja.Maklum di dunya mah sok papasangan, mun aya nu hade pasti aya nu goreng.
mun hayang ngeunah terus lain dunya tempatna tapi di Surga. Rek ka surga teh mulana di dunya nu pinuh derita.
Mun aya derita, wayahna sabar ngalakonan. Da dunya mah sakeudeung ieuh.Teu karasa.

ASK-PASUNDAN JAYA

Urang NTT & Ambon jadi Preman?

Aya kasus John Kei nu digerebek jeung ditembak ku polisi.John Kei teh saha?Nyaeta pingpinan AMKei (Angkatan Muda Kei).Kei nyaeta pulo di Maluku.Kusabab urang Maluku+NTT harideung,jeung dedeg.Jadi maranehna mangpaatkeun hal ieu keur dipaksieun ku batur padahal mah ngomongna meni hayang seuri sok make "beta" bari lagamna ee...
siga di pilem.Salian ti John Kei aya Hercules asal Timor, Aya Basri Sangaji asal Ambon.
Kabeh preman nu ti wetan emang wanina koroyokan.Sabab teu boga elmu jero teu siga Sunda+Palembang

ASK-PASUNDAN JAYA

Final Sea Games (Sepak Bola) 2011 RI vs Malaysia

Pinal Mengbal Sea Games antara RI vs Malaysia tungtung 2011 kamari.Nyesakeun carita pait.Nya geus eleh di kandang sorangan,cape2 ngantri tiket panjang 10jam.Jeung cape ngantri asup stadion bari padesek2 nepi ka aya nu pati sagala,geus asup malah debat jeung polsi ceunah mah salah asup.Dasar belegug polisi,ai geus pdesek2 kieu mah keun we sina asup,ulah pantona dibuka tutup,ngahambat laju asupna penonton.Basa geus balikna,aya copet diteunggeulan,tapi aya nu nyebut Viking?ngan korbn babak belur teuing pati?? 

ASK-PASUNDAN JAYA

Panineungan Nu Sajati

 
Panineungan nu sabenerna aya dina surgana Alloh. Tempat nu dimana urang diogo jeung ngarasakeun kabeh kabungahan, kabeh kabagjaan, kabeh kasenangan, taya duka lara, euweuh nu manyun jamedud, euweuh nu pasirik-pasirik, kosong nu lapar jeung nu haus. Kabeh warga Surga ngan pasti dihiasan ku imut jeung seuri. Euweuh nu pendek euweuh nu jangkung kabeh sapalantar. Euweuh nu kolot, euweuh aki-aki, euweuh nini-nini, ngan aya pamuda jeung pamudi nu hade rupa alus dedeg. Damey, aman, tengtrem katut endah pisan geus pasti iuh mah, pinuh ku tatangkalan gede tur buahan nu bisa diala jeung didahar jeung rasana teh ngeunah sangeunah-ngeunahna buah. Cai ting ngalocor herang saherang-herangna. Langitna lenglang biru-sabiru-biruna.  Nu pikangeunahaeun di Bumi pasti aya di Surga  ditambah hal hal anu moal mungkin aya di Bumi pasti bakal aya di Surga, jeung ieu teh moal beak-beak najan hayoh didaharan, hayoh diinuman jeung hayoh dipakean. Di Surga ngan bobogohan jeung  pamajikan ditambah bidadari (nu geus kawin), nu acan disadiakeun bidadari pilhan nu didam-idamkeun ku manehna. Surga pinuh ku asmara, lain asmara nu palsu nu bisa kahapus ku umur jeung harta. Ieu pasangan langgeng abadi. Loba nu ngabageakeun di Surga, aya orok atawa anak nu tos maot di Dunya jadi ngabdi ka kolotna ditambah dilayanan ku Malaikat-malaikat surga nu siap sadia teu perlu diparentah da geus hideng sorangan. Nu pangpentingna mah warga Surga bakal papendak jeung pamimpin umat manusa nyaeta Nabi Muhammad SAW tur kabeh nabi Alloh. Leuwih penting eta aya deui nyaeta bisa ningal ALLOH SWT nu nyiptakeun urang sadayana tur alam samesta kaasup surga nu pada dipikaarep ku kabeh mahluk. Jeung masih loba kanikmatan-kanikmatan nu dipaparin di surgana Alloh, moal bisa disebutan hiji-hiji saking teu bisa kaitungna bakat ku loba jeung terus-terusan euweuh tungtungna. Naon deui nu kurang? Ieu teh lain sakejap tapi saenengna nu moal aya tungtungna?

Manusa mah ngan mahluk lemah nu teu walakaya, mahluk nu asalna euweuh teu mangrupa tapi diayakeun jadi rupaan.  Jadi naon deui iwal nurut kanu nyiptakeun sareng ngayakeun urang sadayana nu asalna euweuh tea. Manusa mah  ngan  bisa ngabayangkeun teu bisa ngukur kana kakuasaan Alloh. Jeung mah manusa teh kurang bisa nganuhunkeun sagala nu geus dipaparin ku Gusti Alloh, ngan ngeluh jeung ngeluh nepi ka ibadahna poho sarua jeung sumanget hirupna. Entong nepi kaitu urang sakabehna! 



ASK-PASUNDAN JAYA