Nu Tos Ningal Ieu Blog

Kamis, 26 Mei 2011

Jengkol VS Peuteuy

Urang Sunda geus masket jeung Jengkol & Peuteuy.
Jengkol Rasana mah pahang cangor & nyakrek mun didahar atah.Jengkol atah mah biasa didahar ku Jengkolers Profesional.Mun diasakan/goreng+uyah mah jengkol teh hipu gurih.Komo mun disemur mah asa rasa daging.
Peuteuy warnana hejo matak pikabitaeun najan sok aya hileudan tapi nambah nikmat.Peuteuy enakna didahar atah meh nyakreuk jeung karasa amisna.
Epek Jengkol&Peuteuy di WC bakal bau.Baham & heos mah komo.
Jengkol saluhureun peuteuy dina bau jeung rasa. 

ASK-PASUNDAN JAYA

Genjer VS Kangkung

 Urang Sunda moal bireuk deui kana genjer & kangkung.
Sarua tatangkalan cai nu sok dipake jang kadaharan.Cara ngolah pasakeun tina genjer jeung kangkung ge sarua.Nu ngabedakeun mah rasana.Genjer nu leuwih liat & alot teu rangu siga kangkung.Jadi Kangkung leuwih laku.Genjer dina rasa ge eleh da rada kenyal jeung hese dicapek.

ASK-PASUNDAN JAYA

Daun Gedang VS Daun Sampeu

 Daun Gedang sok nuturkeun daun sampeu dina pangolahan pasakeun.Rek disayur bisa,rek dijadi lalab bisa,rek dibuntil bisa.
Daun gedang nu leuwih kandel jeung pait rasana bisa jadi ubar diabetes.Daun sampe nu leuwih ipis jeung amis bisa jadi ubar darah tinggi.
Tapi mun dijual mah pasti leuwih laku daun sampeu.

ASK-PASUNDAN JAYA

Domba VS Embe

Domba kadang sok disebut kambing(embe) ceuk urang Jakarta mah.Dasar belegug we urang Jakarta.Geus jelas beda Domba & embe.
Domba buluna galing jeung boga tanduk nu panjang muringkel(jalu).
Embe buluna biasa,masket jeung janggotna.Ceuli embe ge panjang ngambay kahandap.
Dina ukuran domba leuwih pendek tapi keker dibanding embe.
Dina sora oge domba mah disada panjang teu pepegatan siga embe.
Dina bau embe leuwih bau.
Mun domba diadukeun jeung embe,nu meunang pasti domba.
da domba mah sok resep diadu. 

ASK-PASUNDAN JAYA

Entog VS Meri

Entog jeung meri nyaeta dulur deukeut.Entog leuwih pendek ngan badag manjang ti hareup ka tukang sedengkeun meri leuwih jangkung ngan langsing manjang ti handap ka luhur.
Entog mun keur/rek gelut,sok timbul jambul sorana siga nu bengek keur ngarenghap sedengkeun meri disada wekwek siga donal bebek.
Entog lempangna boyot ngagedod da beurat ku awak ai meri ngageboy siga model.
Entog bisa ngapung nepi ka luhur imah ai meri teu bisa.
Entog bisa nyileungleuman ai meri teu bisa.
Endog entog bodas,
endog meri biru

ASK-PASUNDAN JAYA

Londok VS Kadal

 Londok & Kadal masih keneh baraya.Bedana londok hirupna di tatangkalan ai kadal mah di taneuh.
Londok leuwih panjang jeung boga cucuk dina tonggongna.Londok bisa luluncatan jeung ngarubah warna ai kadal bisa muntungkeun buntut keur kasalametan.Mun Londok diadu jeung kadal pasti londok nu meunang da leuwih gede jeung leuwih gesit jeung sangar.

ASK-PASUNDAN JAYA

Kunti VS Pocong

Kunti nyaeta jurig nu sok sering dipanggihan.Meureun populasina panglobana di dunya jurig.Ti mimiti ti kebon awi nepi ka imah kosong eta tampat kunti.Buuk panjang rurumbayan make baju daster bodas.Seurina teh pikasebeleun da seurina teh dibuat2.
Pocong nya siga mayit nu dibedong ku boeh.Kabeh awakna dihurudung iwal beungeutna.Pocong lolobana lalaki da awewe mah ngajurus ka kunti.Pocong mah tara disada ngan aaclogan da teu bisa leumpang kusabab dibedong tea.
Mun Kunti diadu jeung pocong.Kunti pasti meunang.
ASK-PASUNDAN JAYA

Anjing VS Ucing

Anjing nu 10 kiloan ai ucing ngan 3 kiloan.Teu ngajamin ucing eleh ku anjing.Loba nu mikir yen anjing pasti meunang ti ucing padahal mah teu kitu loba ucing nu wani nepi ngelehkeun anjing.Emang anjing sok ngagogog mun pangih ucing tapi ucing ge sok ngaladenan.Anjing nu ngandelkeun huntu keur ngegel ai ucing ngegel&nyakar.Ucing leuwih gesit jadi ucing bisa ngahindar malah nyerang sakapeung ucing naek ka tangkal trus ngacleng ngorowot anjing nepi ka beungeut anjing balobor getih.Nepi ka anjing gagaikan eleh

ASK-PASUNDAN JAYA

Munding VS Sapi

Munding & Sapi masih dulur deukeut.Munding nu leuwih gendut jeung hampeg boga tanduk gede nu lengkung.Kulitna sereg pisan.Ai Sapi nu rada langsing jeung boga puduk muncuguk.Boga tanduk nu teu sagede munding nu nyungcung kaluhur.Kulitna meni logor pisan nepi dina beuheung kulitna ngagayot kahandap.
Ceunah mah kulit/baju munding jeung sapi pahili basa 2ana mandi.Sapi maling baju munding nu alus bodas,si munding make baju sapi nu hideung lagedu.Munding diadu jeung Sapi,meunang munding da munding bales dendam.
ASK-PASUNDAN JAYA

Buaya VS Hiu

 Buaya=kadal gede nu boga cucuk diluhur awakna nepi ka buntutna.Hirup di walungan,ranca jeung muara.
Hiu=lauk gede nu ngadaharan lauk deui,huntuna reuteum seukeut siga ragaji.Di tonggongna aya sirip segitiga nu heuras.Mun Buaya diadu jeung Hiu,sacara logika Buaya pasti meunang kusabab boga leungeun+suku ditambah buntut+buaya bisa hirup di cai tawar jeung cai asin.
Tapi ceuk urang Surabaya mah Buaya VS Hiu hasilna imbang.

ASK-PASUNDAN JAYA

Anggur VS Leunca

Anggur jeung leunca masih sadudulur nu beda benua.
Anggur nu rasana amis jeung semu haseum sok dipake kainuman nu matak mabok.
Sedengkeun leunca nu rasana pait tapi ngeunah mun dijieun karedok jeung diulukutek.
Mun diadukeun anggur jeung leunca pasti payuan leunca da anggur mah mahal jeung teu bisa dipake bahan pasakeun.
ASK-PASUNDAN JAYA

Anggur VS Leunca

Anggur jeung leunca masih sadudulur nu beda benua.
Anggur nu rasana amis jeung semu haseum sok dipake kainuman nu matak mabok.
Sedengkeun leunca nu rasana pait tapi ngeunah mun dijieun karedok jeung diulukutek.
Mun diadukeun anggur jeung leunca pasti payuan leunca da anggur mah mahal jeung teu bisa dipake bahan pasakeun.
ASK-PASUNDAN JAYA

Beurit VS Marmot

Beurit jeung marmot masih dulur sabrai.Hal ieu bisa ditingali tina bentuk awakna nu utamana tina bentuk huntuna.Beurit nu katelah omnivora(sagala dihakan) ti mimiti pare,asin,keju,sabun,triplek,kai,kawat,plastik nepi ka runtah2 ge dihakan.Matak loba nu keuheul,geuleuh nepi ka sieun ku beurit. Teu siga marmot nu daharna sasayuan jeung jukut matak bisa diingu.Beurit lumpatna gancang & gesit pisan teu siga marmot nu rada boyot.
Mun beurit diadukeun jeung marmot pasti meunang beurit da beurit mah jahat pisan.
ASK-PASUNDAN JAYA

Kabeh Keur Ngadagoan

Kabeh mahluk di alam dunya teh keur ngadaragoan.Tapi ngadagoanna ge bari gawe teu cindekul cineten siga ngadagoan bubuy sampeu.Nu utamana mah kabeh mahluk ngadagoan bari neang kadaharan keur ngajaga meh tetep bisa ngadagoan.Kitu deui jelema keur ngadagoan bari pada neang dahar ku cara gawe.Rek nu halal jeung nu haram nu penting bisa keneh ngadagoan.Kumaha wae jelema hayang terus ngadagoan.Najan ngadagoan teh hal nu pikabosenen tapi mending keneh ngadagoan daripada geus dijemput ku AJAL mah.
ASK-PASUNDAN JAYA

Inspirasi Lagu Sunda

 Urang bisa nyimpulkeun yen tema lagu basa indo ngan mmoal jauh tina "cinta".Paling ge jatuh cinta,putus cinta,salingkuh,cinta bertepuk sebelah tangan.Coba bandingkeun jeung tema lagu basa Sunda:Mimiti ti Cinta,siga bobogohan,hayang kawin,nepi ka geus cere(ulah ceurik),"mitoha" ge aya laguna.
Tema pagawean:Ojeg,Surabi+Bandros
Tema Alam:Pangandaran,Curug Cinulang,jsb
Tema Sapopoe:Wayahna
Tema Kiasan:Bajing Luncat,Bubuy Bulan
Tema Olahraga:Badminton,Persib
Tema religi:Dina amparan sajadah
Tema sosial:Jurig
jsb

ASK-PASUNDAN JAYA

Melon VS Samangka

Melon jeung samangka bubuahan nu sarupaning jeung sabangsaning.
Melon nu buleud nu leuwih leutik ti samangka kulitna kandel warna hejo ngora.Dagingna nu warna koneng ngora leuwih padet&legit tibatan samangka terus ditengahna aya rohang keur siki.Samangka nu kulitna hejo ngagedod loreng.Dagingna pinuh ku cai warna beureum nu dipinuhan ku siki.
Mun Melon diadukeun jeung samangka pasti samngka nu bencar.Dina rasana ge melon leuwih ngeunah.
ASK-PASUNDAN JAYA