Nu Tos Ningal Ieu Blog

Sabtu, 10 November 2012

Mudik Lebaran Haji 1433 H

Sugan teh moal pinuh jeung padet ai balik malem takbir lebaran haji? Dikira mah kosong komo keur peuting mah. Kamari peuting, balik gawe jam 6an langsung indit. Langit geus poek jadi ngan 50 kman, asup Cihaurbeuti jalanan jadi rada rame, komo ka wetankeun, beus2 parinuh,asup rajapolah beuki rame kacepatan motor ngan 40 kman nepi ka ciawina ngan pas rek asup ciawi pisan hujan badag, sempet eureun heula, rek make jas hujan, tadina rek make calana tapi logor jadi make kaluhurna hungkul. Geus make langsung indit deui, jalanan sakitar pasar ciawi loba cileuncang jadi nimbulkeun ceret mun ngaliwat asup ka pamoyanan hujan ngaleutikan ngan beuki padet jadi 30 kman.komo geus asup Gentong ngan 20 kman. Aya toronton teu kuat nanjak nepi ka nagenna di tanjakan akhir gentong, tungtungna jalan gentong dibuka tutup. Nya keur teh keur rame aya buka tutup katambah hujan girimis, mana becek, nya geus ©ªέ#:-s #:-sdë©♓ gawe wah pokonamah geus lalungse asa ngalayang numpak motor teh tapi untungna aya sora takbir nu ngagema jadi kasadarkeun, najan bari seseleket sumpal sempil nyelap kana mobil2 gede,rem suku jeung rem hareup siaga mana dipudunan malangbong nu nyungseb pisan nu rawan kacilakaan.Jalan kapudunakeun ngan kabagean jalan taneuh da jalan aspal dipakeu ku keur nanjak jadi nu bisa mudun ngan motor hungkul bari jeung ngantri eta ge.Nepi malangbong ahirna macet beres oge, euweuh tapak hujan ka kulonkeun. tinggal 13 km dei ka bandrekkeun, ah moal dikebutkeun nya ©ªέ#:-s #:-sdë©♓ poek deui, kalem we ahirna nepi oge jam 8. Alhamdulillah.

ASK-PASUNDAN JAYA

Nu Nyieun Gawe Lue

Jalma nu hade nyaeta jalma nu mere mangpaat ka batur, geus puguh ka diri soranganna mah. Dina widang ekonomi mah nu usaha sorangan nu nyieun lapangan gawe keur batur leuwih mulia tibatan nu jadi pagawe hungkul. Sok bae mun ayeuna masih jadi pagawe tapi kudu boga kahayang boga usaha sorangan nu bisa nyieun lapangan gawe batur. Buka wawasan nu bisa dijieun peluang usaha. Leuleutikan tapi ngeureuyeuh, lila-lila ngagedean. Usaha barokah da nu gawena ge ngiluan mantuan ngadu'a pikeun usahana terus maju keur ngalangsungkeun kahirupan pagawe.

ASK-PASUNDAN JAYA

(Terehna) Waktu

Waktu bisa ngalambatan atawa ngagancangan. Ieu hal nu bisa dialaman kabeh jalma, padahal mah waktu mah tetep 24 jam sapoe, 7 poe saminggu. Bisa tereh lamun urang embung atawa hoream ngamimitian poe isuk nu pinuh pagawean, siga poe minggu ka senen keun, poe minggu ni nyerelek. Isuk gawe, isuk sakola geus hoream ngadenge poe isuk, ditingalian jam teh asa muter gancang komo mun keur nempo tv.

Mun waktu karasa lambat/lila, biasana urang keur dina mangsa ngadagoan komo mun ngadagoan hal2 nu dipikaresep, siga ngadagoan lalajo persib, ngadagoan isukna kawin, ngadagoan isukna study tour. Waktu sapoe teh asa lila pisan, ni geregetan jadina "̮ ƗƗɐƗƗɐƗƗɐ "̮ 

ASK-PASUNDAN JAYA

Gusti,....Hampura Sim Abdi,....!!!

Gusti,...!!!

Kula teu bisa matuh kana ajaran, masih oyag, hampura sim abdi Gusti.

Astagpirulloh.

Hoyong tetep aya dina jalur, kuat pamadegan, sing dijadikeun palindung nu dibarokahan kanggo pribadi sareng saderek lianna. Amin!

Alhamdulillah.

ASK-PASUNDAN JAYA

Peuting Ngan Bisa Narawang

Peuting najan poek tapi sok caang pikiran, da awak mah teu daya mun geus peuting, panon teu bisa nempo, awak geus laleuleus ngan pikiran nu cenghar narawang ka sakuliah buana jeung alam samesta bahkan nembus kana alam gaib. Eta kakuatan pikiran, alam pikiran datangna keur suasana na hening jempling siga dina peuting. Matak loba patapa nu ngungsi ka guha meh meunang kanyamanan bisa narawang nyumputkeun diri dina karamean dunya. Ngadayakeun pikiran matak deukeut kanu sang panguasa alam samesta antukna hate jadi tenang. Bisa ngeunteung diri nu geus dipikalampah saba katukang, antukna ngan diri bisa pupujian ka Gusti. Taya daya taya upaya Alloh nu nyiptakeun kabeh alam jeung eusi2na, manusa mah ngan bagean leutikna nu bisa ngalawan ka nu nyieunna. Perlu nginget diri, mun keur jaya bae osok tanggah wae oge, tingali langit! Saha nu nyieun langit?

ASK-PASUNDAN JAYA

Bohong Bareng-Bareng (Palsapah Basa Inggris)

Mahluk sosial, siga manusa nu mentingkeun kapentingan rame2. Rek salah rek bener ai geus didukung rame2 mah lanjut terus. Matak nu korupsi tara sorangan tapi sok berjamaah dipimpin ku imamna saurang make niat korupsi. Kusabab rame2 nu salah ge bisa jadi bener. Tah ieu siga dina basa inggris, sok tingali basa inggris abjadna a nepi z tapi dibacana beda jeung hurupna, a dibaca ey, e di baca i , i dibaca ay, w dibaca dabel yu, y dibaca way. Tapi maaranehna mun ngagabungkeun hurup2 tadi dibacana teu nurut kana aturan ejaanana, siga "eye" mun dibaca nurut ejaan inggris dibacana kudu.i way i, tapi dibacana ay. Jeung aranehna deui maranehna bisa maca kata2 basa indonesia nu make aturan ejaan non inggris siga "mereka" manehna bisa maca "mereka". Tapi panganeh2na geus nyaho ejaan basa inggris geus salah tapi angger we dipake nepi jadi basa nu sok dipake ka sakumna kabeh bangsa. Nu bisa dicokot kasimpulan, urang inggris mikaheman budayana sorangan najan salah, ngamumule jeung teu era ngawanohkeun budayana ka batur. Ahirna batur ge kapangaruhan ku sabab getolna urang inggris ngajual basana ka bangsa deungeun.

Kuduna basa Sunda nu adiluhung ge bisa malah leuwih kasohor saalam dunya tibatan basa inggris nu asal2an. Nu penting urang kudu cinta ka basa sorangan siga Inggris nu teu era kana basana najan basana munapik.

ASK-PASUNDAN JAYA

Sarung Ipis

 Kamar geus dipoekan, ngan kaciri sorot layar hape da keur nyieun catetan dina fb bari ngadangukeun lagu d arso nu kabeneran keur nyetel lagu "kabogoh jauh". Awak ngahunjar nangkarak dijeket jeung disarung ipis, suku ngeunaheun tiis pedah tina sarung bakal pingeunaheun sare ieu mah. Ngan kadenge sora mobil, kadang motor nu ngebut atawa treu nu beurateun ku muatanana. nu ngaliwat di hareupeun imah. Tumben bancet teu disada ngan hawar2 aya sora jangkrik. Tadi magrib mah langit katempo ceudeum pinuh ku mega mendung. Sugan we peuting turun hujan meh tambah ngeunah sare "̮ ƗƗɐƗƗɐƗƗɐ "̮ . Masih ngeunah keneh ku tiisna sarung ipis, pedo katambah ayeuna Darso keur nyanyikeun lagu hitsna "Mega Sutra di Langit Pantey Carita".

Wilujeng wengi ka sadayana. Mangga geura barobo.!

ASK-PASUNDAN JAYA

Hayang Balik Deui Ka SMP

Asup smp, tapi awak masih keneh leutik sora ge masih cempreng, indit sakola jadi ngajauhan jaba sok bagean kabeurang komo mun sorena balik sok hese mobil, nepi kudu ka leumpangna bari nyegat mobil dijalan, tapi dijieun rame we da raramean ieuh jeung barudak. Kelas 2 sora geus robah, cinta monyet ge kaalaman, endah sing sumpahna, ngan bisa nempoan we nu dipikahayang bari curi2 pandang basa guru keur nerangkeun pelajaran. Smp nu sok riweuh siga sd, euweuh guru garandeng, aya nu tatalu, aya nu jajan ka kantin, aya nu ngarobrol, aya nu keur curi2 pandang, =)) ♓ªª ♓ªª ♓ªª =)). Cinta najan geus pada2 apal tapi teu bisa kaungkapkeun sacara langsung tapi liwat parantara babaturan kusabab era jeung euweuh nu inisiatif cinta monyet teh ngan jadi kenangan hungkul teu manggih istanana, karunya. Padahal ayeuna urang siap mun dipanggihkeun deui mah "̮ ƗƗɐƗƗɐƗƗɐ "̮ 

ASK-PASUNDAN JAYA

Rasana Boga Adi

Keur leutik keneh keur meujeuhna bangor2na. Lulumpatan we kamamana teh nepi ka labuh, tapi labuh teh teu sakali dua kali tapi asa unggal poe, nepi ka huntu teh beak =)) ♓ªª ♓ªª ♓ªª =)) . Emang keur meneran bareng jeung Pun Biang keur hami adi kuring. Sok sakapeung mun tara dibere jajan, kuring sok neunggeul beuteung pun biang nu keur meujeuhna keur gede2na, geus neunggeul langsung lumpat "̮ ƗƗɐƗƗɐƗƗɐ "̮ , pun biang geus karasa langsung wae dibawa ka rumah sakit da ka bidan mah teu sanggupan pedah orokna sungsang, Pun biang ngan tetela ka kuring basa rek indit kade ulah bangor tong sok gelut jeung jajan wae, wayahna sing hideng ulah nyusahkeun nini. "Enya" jawab kuring, teu leuwih 3 poe, pun biang geus mulang ka imah bari ngais orok. Kuring asa ngimpi boga adi, eta adi kuring, kuring teu weleh neuteup raray orok nu jadi adi. Najan teu persis jeung kuring tapi kuring ayeuna jadi lanceuk lain bungsu deui. Emang kolot pasti leuwih perhatian ka budak anyar, tapi kuring teu paduli da boga batur ulin nyaeta adi urang.

Poe ieu 2 dasawarsa katukang, pun adi borojol ka dunya.

Wilujeng milangkala Rai!

ASK-PASUNDAN JAYA

Bandung, Juli 2005

UMPTN taun eta, testingna di Bandung. Dimana Bandungna masih seger tatangkalan masih loba keneh. Mampang meungpeun aya ua rek ulin ka bandung. Poe minggu isuk2, kuring ngilu, hape can boga ngan nginjeum heula nu lanceuk merk samsung nu aya lampu burinyay2an. Kuring geus jangjian Kang Relip Al Parisi, jangjian di jalan cemara deukeut kantor BMKG Bandung. Asup kana gang sempit, nu boga kontrakan urang Garut. Kuring ngan mawa beas sakeresek keur nyumbang dahar. Sorena kuring neangan tempat testing di jl.merdeka deukeut balekota nyaeta sakola kristen. Indit babarengan jeung Dikdik babaturan relif sarua nu rek testing. Maranehna 2an mah testingna di ITB. Ngan basa keur poe eta teh keur aya pertandingan Persib vs Persikota, kacida ramena. Mun teu salah mah Persikota keur jago2na basa aya kiper Tema Mursadat, isnan ali jeung rea deui pamaen hadena. Persib ngagolkeun dibales deui ku Persikota, persib ngagolkeun deui, dibales deui, persikota ngagolkeun persib tinggaleun, untungna, Persib ngagolkeun deui nepi ka skor teh 3-3. Kuring ngan ngadenge sora tv di imah sabeulah, rame ku cocorowokan, babaturan kuring mah teu pati resep kana mengbal jadi hare2. Basa keur neangan tempat testingan sorena panggih jeung bobotoh nu siap2 rek ka stadion Siliwangi, hate mah hayang nonton ngan urang kudu neangan tempatna heula. Katambah sore eta kuring ngadangukeun lagu Persib kompilasi nu kabeneran Band Chery Bombshel-Biru di hatiku. Eta melodina ngeunaheun katambah suasana Bandung nu seger jadi sok kainget terus nepi ka ayeuna jadi waas mun nginget kajadian eta.

ASK-PASUNDAN JAYA