Panineungan nu sabenerna aya dina
surgana Alloh. Tempat nu dimana urang diogo jeung ngarasakeun kabeh kabungahan,
kabeh kabagjaan, kabeh kasenangan, taya duka lara, euweuh nu manyun jamedud,
euweuh nu pasirik-pasirik, kosong nu lapar jeung nu haus. Kabeh warga Surga
ngan pasti dihiasan ku imut jeung seuri. Euweuh nu pendek euweuh nu jangkung
kabeh sapalantar. Euweuh nu kolot, euweuh aki-aki, euweuh nini-nini, ngan aya
pamuda jeung pamudi nu hade rupa alus dedeg. Damey, aman, tengtrem katut endah
pisan geus pasti iuh mah, pinuh ku tatangkalan gede tur buahan nu bisa diala
jeung didahar jeung rasana teh ngeunah sangeunah-ngeunahna buah. Cai ting
ngalocor herang saherang-herangna. Langitna lenglang biru-sabiru-biruna. Nu pikangeunahaeun di Bumi pasti aya di Surga ditambah hal hal anu moal mungkin aya di Bumi
pasti bakal aya di Surga, jeung ieu teh moal beak-beak najan hayoh didaharan,
hayoh diinuman jeung hayoh dipakean. Di Surga ngan bobogohan jeung pamajikan ditambah bidadari (nu geus kawin),
nu acan disadiakeun bidadari pilhan nu didam-idamkeun ku manehna. Surga pinuh
ku asmara, lain asmara nu palsu nu bisa kahapus ku umur jeung harta. Ieu
pasangan langgeng abadi. Loba nu ngabageakeun di Surga, aya orok atawa anak nu
tos maot di Dunya jadi ngabdi ka kolotna ditambah dilayanan ku
Malaikat-malaikat surga nu siap sadia teu perlu diparentah da geus hideng
sorangan. Nu pangpentingna mah warga Surga bakal papendak jeung pamimpin umat
manusa nyaeta Nabi Muhammad SAW tur kabeh nabi Alloh. Leuwih penting eta aya
deui nyaeta bisa ningal ALLOH SWT nu nyiptakeun urang sadayana tur alam samesta
kaasup surga nu pada dipikaarep ku kabeh mahluk. Jeung masih loba
kanikmatan-kanikmatan nu dipaparin di surgana Alloh, moal bisa disebutan
hiji-hiji saking teu bisa kaitungna bakat ku loba jeung terus-terusan euweuh
tungtungna. Naon deui nu kurang? Ieu teh lain sakejap tapi saenengna nu moal
aya tungtungna?
Manusa mah ngan mahluk lemah nu teu
walakaya, mahluk nu asalna euweuh teu mangrupa tapi diayakeun jadi rupaan. Jadi naon deui iwal nurut kanu nyiptakeun
sareng ngayakeun urang sadayana nu asalna euweuh tea. Manusa mah ngan
bisa ngabayangkeun teu bisa ngukur kana kakuasaan Alloh. Jeung mah
manusa teh kurang bisa nganuhunkeun sagala nu geus dipaparin ku Gusti Alloh,
ngan ngeluh jeung ngeluh nepi ka ibadahna poho sarua jeung sumanget hirupna. Entong
nepi kaitu urang sakabehna!
ASK-PASUNDAN JAYA
Tidak ada komentar:
Posting Komentar