Mangsa ayeuna geus aya dina tungtung waktu. dunya jeung alam samesta ieu tereh beak waktuna. Balik deui ka gusti. Kabehna tina euweuh balik deui kana euweuh. Nepi dihudangkeun deui ku gusti. Hirup dina waktu dunya, tereh pisan. Ngaranna ge ngan tempat sindang. Lain panetepan.
Kumaha nu geus dijangjikeun ku gusti liwat utusanna, dunya ieu ngan jadi tempat bebekel keur kahirupan nu abadi sanggeus kahirupan pana ieu beak. Sakeudeung deui kahirupan pana ieu bakal enggeusan. Kabeh ciptaan gusti bakal ancur beak mangsana. Ku gusti diancurkeun, nandakeun yen kabeh ieu the nu boga anjeunna.
Ngarana tungtung waktu, buana geus kolot, samesta geus sepuh, manusa geus linglung. Sato2 jeung tutuwuhan corencang beak ku manusa. Sato beak, manusa nurutan tingkah sato. Mikirna lain deui ku akal jeung hate tapi geus make napsu. Geus euweuh rasa jujur, adil, silih asah, asih, asuh. Kahirupan geus parah pisan. Teu nyaho nu bener jeung salah. Hukum geus lolong, nu kuat makin jaya, nu sangsara leuwih menderita. Memeh ancurna ieu samesta, rek datang hiji utusan nu ngarobah tata laku manusa balik deui ka asalna. Manehna moal lila di buana, lantaran sakeudeung deui kiamat. Jalma nu iman moal ningali kiamat. Nu ngarasakeun kiamat nyaeta manusa sesa nu geus ditinggalkeun ku jalma iman.
Ayeuna the tungtung waktu. Memeh panon poe moncorong ti kulon, gusti masih ngahampura laku lampah nu salah ti manusa salaku mahluk nu diciptakeun pikeun ngurus samesta ieu.
ASK-PASUNDAN JAYA