Nu Tos Ningal Ieu Blog

Minggu, 03 Agustus 2014

Cuneng dan Wowow


Kuring boga alo ti lanceuk panggedena. Ngarana cuneng jeung wowow. Anak kahiji awewe sok dilanding cuneng, adina cuneng lalaki sok dilandih wowow.
Cuneng borojol tanggal 2 Juni 2005 basa kuring karek pisan kaluar SMA. Keur urus urus neangan gawe jeung kuliah. Si cuneng lahir poe kemis di Ciamis. Beuratna 3,6 kg panjang 48 cm. Buleud jeung beuneur.
Si cuneng kacida lucuna, bodas kulitna, buukna alus jeung sorana gede jadi matak gemes.
Si cuneng masih ngalaman panggih jeung bapa urang.
Si cuneng keur orokna teu full dibere ASI kusabab teu normal kaluar ASIna jadi make susu sapi. Jeung teu leupas tina empeng, nepi empengna ditalian trus dikaitkeun kana panitih nu nempel dina bajuna. Si cuneng nyaeta alo munggaran, jadi urang boga alo asli nu mimitian. Beda jeung alo2 nu lain ti lanceuk asli mah lolobana alo ti anak ua, nu malah sapantaran kuring malah alo aya nu geus 50 taunan haha.
Si cuneng geus 5 taun kasepian euweuh batur ulin, hayang boga adi, mun boga adi the hayang ngaranna dede rezer, du'a budak dikobul Alloh, 6 maret 2014 poe minggu basa kuring kadatangan babaturan ti Bekasi di warban, si wowow borojol ka dunya di RS Ciamis nu loba ucingna. Si wowow mah basa keur hamilna ge rada hese, malah keur ngalahirkeun dina kaayaan sungsang, tapi ku kersaning Alloh si wowow bisa salamet najan tisaprak borojol nepi ka samingguna koma, teu kecet2. Kulawarga geus pasrah kumaha hadena ceuk Alloh. Sakalai deui Alloh mere kaajaiban si wowow ceurik, nandakeun kaluar tina kaadaan koma. Basa lahir mah peot tapi geus saminggu diimah eta awakna siga anak buta gede kacida, matak sok dilelewe ku dulur2, "ieu mah anak buta" meureun ngarti si wowow sabulan ti eta beuratna orot jadi normal.
Ieu budak lucu, mun nyarita kokolot begog jeung buukna beureum we siga orok nepi ka ayeuna. Resepna the sagala kadaharan beuki teu pulah pilih. Ngan manehna mah sok sagala hayang nurutan batur, batur dahar ieu hayang nurutan nepi ka dahar obat ge hayang nurutan, mun geus ngamuk sok ceurik lila bari sok peupeureukeut nyiwit ka saha bae.
Cuneng jeung wowow, dua dulur nu jadi alo kuring, generasi panerus bangsa. Ieu program KB, 2 budak cukup, da ayeuna mah budak the arogo teu jiga baheula najan budak salosin leuwih ge angger bisa kaparaban.



ASK-PASUNDAN JAYA

Demonstrasi via Metromini 45


Naek metromini basa mimitian mah awal 2006, eta ge basa ngilu demo ka lembaga tinggi negara di jl veteran jakpus. Kuiring sangaja ngadeukeutan ririungan di metromini, "saf, rek kamana?" Tanya urang, "ayo ikut jalan2 keliling kota" ceuk si muhajir babaturan safri. Si safri mah ngajawab "ikut ga lo?, ditinggal ni?" Kabeneran poe eta the euweuh mata kuliah urang ka kampus ngan rek mayar semesteran. 

Panasaran keneh urang the nanya "saf, patungan berapa ni klo gw ikut? Da urang teu apal ieu the demo jeung demo the haratis naek metromini malahmah dibayar. "Ikut aja lah, liat monas sekalian" ceuk si safri. Urang the ngilu we da hayang apal. Jeung dijerona ge aya si safri nu sajurusan, manehna jadi kordinator demo, ngan dasar urang aceh, manehna ngajakan kabeh babaturanna urang aceh (solidaritas) nepi ka di jero metromini mulek ku obrolan bahasa Aceh. Nepi urang apalna eta bahasa. Maklum di kampus kuring loba urang aceh, aya saratusan mah, pedah maranehna meunang beasiswa Tsunami Aceh, jadi Rektor ngumpulkeun mahasiswa Aceh basa Tsunami keur sakola jeung kuliah di yayasan pendidikan di Jatiwaringin perbatasan bekasi-Jaktim. 
Aslina rame siah, demo perdana the, jalan2 naek metromini haratis bari kuriling jakarta, kuring mah saprak eta unggal minggu ngiluan demo. 
Kahiji kuring salaku mahasiswa, salaku agent of change (minimal kudu aspirasikeun kahayang rahayat ku cara demo). 
Kadua jalan2 sakalian refreshing, ngapalkeun jalan ibukota. 
Katilu nambah jaringan jeung babaturan anyar antar kampus jeung birokrasi pamarentahan.
Kaopat nambah elmu bahasa nusantara (aceh, minang jeung jawa geus kaserep) 
Kalima nambah panghasilan sampingan lumayan we sabulan mah ampir gope baheula tea atuh mamen, warteg ge 3 rebu masih seubeuh. 
Ka6. Bisa sakalian nebeng lalajo timnas di senayan, mun demo na didaerah BLok M siga ka kejaksaan Agung. 
Ka7 bisa kenalan jeung Agus si supir metromini 45 (pd gede-pulo gadung). Kusabab urang sok mineng demo jeung agus jadi langganan kampus urg keur demo, jadi mun urg kuliah naek 45 sok haratis malah sok disaruakeun jadwal datangna jeung urg indit kuliah. 
Nya agus, geus kolot sih 45-50 an, si safri mah nyebutna mas agus. Urang jawa nu jadi supir metromini, sakali order meunang 200-300 rebu lumayan dripada neangan sewa nu parebutan jeung mikrolet n koasi. Loba pangalaman suka duka, pernah nabrak ucing basa indit demo, eta bangkena dibawa trus diteundeun di trotoar kejagung, ditutupan koran hgkul, 3 poe ti eta demo deui, eta bangke ucing weuteuh ngan diriung ku laleur. 
Pernah diudag polisi nepi kabur mabrit kupat kepot siga di film action holywood. 
Ah pokona mah masa2 eta masa gembel yang mengharu biru, sengsara membawa berkah. 
Agent of change yang selalu membela rakyat kecil, walaupun didemo bayar, tapi kalo tidak didemo maka kasus korupsi akan semakin dilupakan dan hnya jadi arsip belaka di kejagung dan kpk.


ASK-PASUNDAN JAYA