Sagala harepan kuring, tangtuna insaAlloh kana kahadean mah mugi
sing teh jadi. Kawula siap ngalaksanakeun amanah eta. Amin Ɣªäªä Robbal
alamin
Wilujeng Sumping di Blog Simkuring ASK Gartaz !! Jaya di Buwana, Bagja di Aherat silih Asah, Silih Asih, Asuh
Nu Tos Ningal Ieu Blog
Jumat, 22 Maret 2013
Selasa, 25 Desember 2012
Bohong Rame2 (Palsapah Basa Inggris)
Mahluk sosial, siga manusa nu mentingkeun kapentingan rame2. Rek
salah rek bener ai geus didukung rame2 mah lanjut terus. Matak nu
korupsi tara sorangan tapi sok berjamaah dipimpin ku imamna saurang make
niat korupsi. Kusabab rame2 nu salah ge bisa jadi bener. Tah ieu siga
dina basa inggris, sok tingali basa inggris abjadna a nepi z tapi
dibacana beda jeung hurupna, a dibaca ey, e di baca i , i dibaca ay, w
dibaca dabel yu, y dibaca way. Tapi maaranehna mun ngagabungkeun hurup2
tadi dibacana teu nurut kana aturan ejaanana, siga "eye" mun dibaca
nurut ejaan inggris dibacana kudu.i way i, tapi dibacana ay. Jeung
aranehna deui maranehna bisa maca kata2 basa indonesia nu make aturan
ejaan non inggris siga "mereka" manehna bisa maca "mereka". Tapi
panganeh2na geus nyaho ejaan basa inggris geus salah tapi angger we
dipake nepi jadi basa nu sok dipake ka sakumna kabeh bangsa. Nu bisa
dicokot kasimpulan, urang inggris mikaheman budayana sorangan najan
salah, ngamumule jeung teu era ngawanohkeun budayana ka batur. Ahirna
batur ge kapangaruhan ku sabab getolna urang inggris ngajual basana ka
bangsa deungeun.
Kuduna basa Sunda nu adiluhung ge bisa malah leuwih kasohor saalam dunya tibatan basa inggris nu asal2an. Nu penting urang kudu cinta ka basa sorangan siga Inggris nu teu era kana basana najan basana munapik.

ASK-PASUNDAN JAYA
Sarung Ipis
Kamar geus dipoekan, ngan kaciri sorot layar hape da keur nyieun
catetan dina fb bari ngadangukeun lagu d arso nu kabeneran keur nyetel
lagu "kabogoh jauh". Awak ngahunjar nangkarak dijeket jeung disarung
ipis, suku ngeunaheun tiis pedah tina sarung bakal pingeunaheun sare ieu
mah. Ngan kadenge sora mobil, kadang motor nu ngebut atawa treu nu
beurateun ku muatanana. nu ngaliwat di hareupeun imah. Tumben bancet teu
disada ngan hawar2 aya sora jangkrik. Tadi magrib mah langit katempo
ceudeum pinuh ku mega mendung. Sugan we peuting turun hujan meh tambah
ngeunah sare "̮ ƗƗɐƗƗɐƗƗɐ "̮ . Masih ngeunah keneh ku tiisna sarung
ipis, pedo katambah ayeuna Darso keur nyanyikeun lagu hitsna "Mega Sutra
di Langit Pantey Carita".
Wilujeng wengi ka sadayana. Mangga geura barobo.!
Wilujeng wengi ka sadayana. Mangga geura barobo.!
ASK-PASUNDAN JAYA
Hayang Balik Deui Ka SMP
Asup smp, tapi awak masih keneh leutik sora ge masih cempreng,
indit sakola jadi ngajauhan jaba sok bagean kabeurang komo mun sorena
balik sok hese mobil, nepi kudu ka leumpangna bari nyegat mobil dijalan,
tapi dijieun rame we da raramean ieuh jeung barudak. Kelas 2 sora geus
robah, cinta monyet ge kaalaman, endah sing sumpahna, ngan bisa nempoan
we nu dipikahayang bari curi2 pandang basa guru keur nerangkeun
pelajaran. Smp nu sok riweuh siga sd, euweuh guru garandeng, aya nu
tatalu, aya nu jajan ka kantin, aya nu ngarobrol, aya nu keur curi2
pandang, =)) ♓ªª ♓ªª ♓ªª =)). Cinta najan geus pada2 apal tapi teu bisa
kaungkapkeun sacara langsung tapi liwat parantara babaturan kusabab era
jeung euweuh nu inisiatif cinta monyet teh ngan jadi kenangan hungkul
teu manggih istanana, karunya. Padahal ayeuna urang siap mun
dipanggihkeun deui mah "̮ ƗƗɐƗƗɐƗƗɐ "̮
Gusti, Hampura Sim Abdi
Gusti,...!!!
Kula teu bisa matuh kana ajaran, masih oyag, hampura sim abdi Gusti.
Astagpirulloh.
Hoyong tetep aya dina jalur, kuat pamadegan, sing dijadikeun palindung nu dibarokahan kanggo pribadi sareng saderek lianna. Amin!
Alhamdulillah.

Rasana Boga Adi
Keur leutik keneh keur meujeuhna bangor2na. Lulumpatan we kamamana
teh nepi ka labuh, tapi labuh teh teu sakali dua kali tapi asa unggal
poe, nepi ka huntu teh beak =)) ♓ªª ♓ªª ♓ªª =)) . Emang keur meneran
bareng jeung Pun Biang keur hami adi kuring. Sok sakapeung mun tara
dibere jajan, kuring sok neunggeul beuteung pun biang nu keur meujeuhna
keur gede2na, geus neunggeul langsung lumpat "̮ ƗƗɐƗƗɐƗƗɐ "̮ , pun biang
geus karasa langsung wae dibawa ka rumah sakit da ka bidan mah teu
sanggupan pedah orokna sungsang, Pun biang ngan tetela ka kuring basa
rek indit kade ulah bangor tong sok gelut jeung jajan wae, wayahna sing
hideng ulah nyusahkeun nini. "Enya" jawab kuring, teu leuwih 3 poe, pun
biang geus mulang ka imah bari ngais orok. Kuring asa ngimpi boga adi,
eta adi kuring, kuring teu weleh neuteup raray orok nu jadi adi. Najan
teu persis jeung kuring tapi kuring ayeuna jadi lanceuk lain bungsu
deui. Emang kolot pasti leuwih perhatian ka budak anyar, tapi kuring teu
paduli da boga batur ulin nyaeta adi urang.
Poe ieu 2 dasawarsa katukang, pun adi borojol ka dunya.
Wilujeng milangkala Rai!
Poe ieu 2 dasawarsa katukang, pun adi borojol ka dunya.
Wilujeng milangkala Rai!
Bandung , Juli 2005
UMPTN taun eta, testingna di Bandung. Dimana Bandungna masih seger tatangkalan masih loba keneh.
Mampang meungpeun aya ua rek ulin ka bandung. Poe minggu isuk2, kuring ngilu, hape can boga ngan nginjeum heula nu lanceuk merk samsung nu aya lampu burinyay2an. Kuring geus jangjian Kang Relip Al Parisi, jangjian di jalan cemara deukeut kantor BMKG Bandung. Asup kana gang sempit, nu boga kontrakan urang Garut. Kuring ngan mawa beas sakeresek keur nyumbang dahar. Sorena kuring neangan tempat testing di jl.merdeka deukeut balekota nyaeta sakola kristen. Indit babarengan jeung Dikdik babaturan relif sarua nu rek testing. Maranehna 2an mah testingna di ITB. Ngan basa keur poe eta teh keur aya pertandingan Persib vs Persikota, kacida ramena. Mun teu salah mah Persikota keur jago2na basa aya kiper Tema Mursadat, isnan ali jeung rea deui pamaen hadena. Persib ngagolkeun dibales deui ku Persikota, persib ngagolkeun deui, dibales deui, persikota ngagolkeun persib tinggaleun, untungna, Persib ngagolkeun deui nepi ka skor teh 3-3. Kuring ngan ngadenge sora tv di imah sabeulah, rame ku cocorowokan, babaturan kuring mah teu pati resep kana mengbal jadi hare2. Basa keur neangan tempat testingan sorena panggih jeung bobotoh nu siap2 rek ka stadion Siliwangi, hate mah hayang nonton ngan urang kudu neangan tempatna heula. Katambah sore eta kuring ngadangukeun lagu Persib kompilasi nu kabeneran Band Chery Bombshel-Biru di hatiku. Eta melodina ngeunaheun katambah suasana Bandung nu seger jadi sok kainget terus nepi ka ayeuna jadi waas mun nginget kajadian eta.

Langganan:
Postingan (Atom)