Wilujeng Sumping di Blog Simkuring ASK Gartaz !! Jaya di Buwana, Bagja di Aherat silih Asah, Silih Asih, Asuh
Nu Tos Ningal Ieu Blog
Kamis, 11 November 2010
Uyut Oma Karuhun Ti Limbangan - Garut
ASK-PASUNDAN JAYA
DI Limbangan aya makam. Urang dinya nyebutna Makam Uyut Oma. Dina waktu-waktu nu tangtu sok pada ngadeugdeug, utamana ku para turunanana. Uyut Oma teh sanajan awewe kaasup jalma bedas. Jago maenpo sabab boga Kitab Simandang Bantrang Pati. Mangsa jumenengna lian ti jago maenpo oge jago dina ngubaran.
UYUT Oma teh hiji awewe. Di Limbangan, geureuhana hiji ulama beken, katelahna Uyut Abas. Tapi ari bekenna Uyut Oma mah, lain dina urusan agama. “Uyut Oma mah, harita sohorna teh bisaan ngubaran nu katarajang rupa-rupa panyakit,” ceuk Dadang (45) urang Cibiuk anu kungsi jarah ka makam Uyut Oma.
Uyut Oma, lahir di Limbangan taun 1599, tilar taun 1726. Meureun umurna kurang-leuwih 127 taunan.
Jaman harita di Limbangan kaasup sohor sabab wacis dina ngubaran nu gering. Nu datangna ti mana-mana jeung ti rupa-rupa pangkat. Aya pangagung ti bangsa Belanda katelahna P’tierre van Warhsten. Pangagung ti bangsa pribumi mah anu kungsi cageur teh Patih Limbangan ngaranna Pandiwa Jaya.
Uyut Oma boga pangabisa ngubaran teh, ladang pamere ti nini-akina. Sacara turun-tumurun karuhunna bisa ngubaran. Inyana mah nampa pangabisana teh ti bapana, Ki Dadag Pahang. Ka handapna diturunkeun ka incuna nu awewe katelahna Nyimas Wangi Atrima. Anakna mah, nyaeta Raden Jaya Bangbang teu katurunkeun elmu. Saterusna, anu nampa pangaweruh bab ubar-ubaran teh nyebar ka mana-mana, di antarana ka Ajengan Teten, jeung H.Dudung, turunanana, mangkuk di Limbangan, Garut.
“Mung abdi mah, teu katurunkeun elmu ngubaran,” ceuk Den Ubus, nu mangrupa turunan kagenep.
Elmu ngubaran anu dipiboga ku Uyut Oma, lain elmu kabatinan. Tapi ngarupakeun elmu anu ngamangpaatkeun pangaweruh dina widang tutuwuhan. Sakur tutuwuhan naon bae anu aya di sabudeureun urang, ku Uyut Oma bisa dimangpaatkeun keur piubareun. Boh keur ngubaran panyakit beurat boh keur panyakit hampang, sagalana dicokot tina tutuwuhan.
Uyut Oma nyatetkeun rupa-rupa tutuwuhan anu bisa dipake ubar. Eta catetan mangrupa buku. Disebutna Kitab Pandu Panyawat. Ngan teu kapaluruh, naha eta buku kiwari masih keneh aya di turunanana atawa geus leungit. Tapi ari tim ekspedisi Ujung Galuh mah saeutik-saeutik diwanohkeun kana gaya pangobatan Uyut Oma teh. ***
Sawatara Ubar
Titinggal Uyut Oma
Panyakit Pehong/koropos tulang
CEUK basa harita, koropos tulang katelahna panyakit paeh tulang. Jang ngubaranana ku sarupa kieu:
Saban isuk-isuk jeung saban rek sare, babagian anu karasa, dikeueum ku cai panas anu meunang nyampuran laladu (uyah). Ngeueumna tepika caina tiis. Geus kitu, balur babagian awak anu karasa teh ku jawer-kotok anu meunang ngarieus. Tapi ari dibalur ku jawer-kotok mah cuku saminggu sakali we. Sanggeus ngeueum, kudu loba digerakkeun atawa leuleumpangan. Nu paling utama tong loba pikiran.
Ubar bengek
Mun ayeuna mah disebutna asma. Nu boga panyakit bengek, saban isuk kudu nginum cai bari herang (lain cai enteh). Cara nyieun cibari bisa ditreundeun dina kendi, ibunkeun ti peuting tepika subuh. Geus kitu, kakara inum.
Ubar botak
Nu buukna hese jadi, saban rek mandi, sirah dianggir ku lidah buaya, nu dicampur ku jeroan awi gombong ( nu ngeprul koneng). Ke geus garing, kakara dikuramas.
Ubar kebluk
Sok aya anu kebluk hese hudang. Ubarna, neangan daun beunyeur, samodel daun balakatuprak, jenisna jiga kembang cacauan. Disayur, didahar saban isuk-isuk jeung rek sare. Ka hareupna bakal dimuat ubar-ubar kampung ti Uyut Oma, karamat Limbangan.
Panyakit Ateul
Aya anu sok boga panyakit ateul susah ubarna. Uyut Oma mah dina abad 17 harita sok neangan roay. Direndos make cai, dibalurkeun ka babagian awak nu ateul.
Tikoro Cingkeuleuk (Amandel)
Jaman Uyut Oma, can dipiwanoh, naon amandel teh. Ngan bae ari panyakit bareuh elak-elakan mah jaman harita ge geus aya, disebutna cingkeuleuk. Ubarna sarupa kieu: cau ambon dibuburkeun, dihijikeun jeung cipati. Teus diinu unggal isuk-isuk tepikeun ka elak-elakan nu bareuh ngempesan.
Panyakit Singgeureu (maag)
Panyakit maag oge can dipiwanoh. Ngan ari nu kitu mah disebutna nyeri angen ti gigir atawa singgeureu. Ubarna, sing loba nginum cai herang.Leuwih alus cai meunang ngibunkeun. Tapi anu teu kurang-kurang pentingna, dahar sing aya waktuna jeung ulah loba pikiran juwet.
Nyeri Tulang
Panyakit nyeri tulang ceuk jaman harita, meureun dina jaman kiwari mah disebutna rematik. Ubarna, sing mayeng nginum susu sapi meunang ngagodog. ***
Lieur atawa Nyeri Sirah (Migrain)
Tong loba emutan, kabendu tinu hate, teureupkeun.
Panyakit Kuris atawa Cacar
Ayeuna disebut panyakit cacar. Jaman Uyut Oma mah, katelahna panyakit kuris. Ubarna ku endog bangkong atawa endog lauk emas. Carana, endog dibalurkeun kana sakujur awak. Ngan samemehna bakal karasa ateul heula. Saterusna bakal baritu terus garing. ***
sumber ti Majalah Ujung Galuh
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar