Nu Tos Ningal Ieu Blog

Senin, 04 Agustus 2014

Rungsing


Nyokot, tina lirik lagu "rungsing" ti Evi Tamala, nu ngeuna kana manah.
"Poe deui, minggu deui, bulan deui" waktu teu karasa nyerelekna. Sedengkeun kahirupan angger2 wae kieu. Euweuh kamajuan malah nu aya turun.
Lain takdir, mun can dilakonan, eta kabeh bisa dirubah jadi leuwih hade kahareupna, koncina usaha jeung usaha.
Moal teu percuma usaha, najan beak tanaga harta nepi naruhkeun jiwa. Keun we di dunya masih kieu, eta kesang gawe dihargaan di aherat. Lantaran Alloh nu ngitungna.
Rungsing moal aya deui mun geus kuat kaimanan, iman geus kuat pasti mareng kana katakwaan, antukna jadi jalma hade nu kualitas hirupna unggal poe makin leuwih hade tibatan kamari.
Keun wae rungsing, asal rungsingna dina lagu evi tamala, nu halimpu dina sorana nu padu jeung musikna, matak ngeuna kana manah, kalenyepan eta lirik lagu.
Saestuna jalma pada keur rungsing, sabab langka pisan jalma nu teu rungsing.
Akibat rungsing, sok gulang-guling di kamar nyorangan.
Diri geuring mikiran nu didagoan.
Nu didagoan lain saukur kabogoh, salaki/pamajikan, dulur jeung batur tapi ngadagoan nu geus pasti bakal datang ka unggal jalma. Ngadagoan paeh. Iraha waktu paeh? Jeung kumaha cara paehna? Alus paehna? Atawa goreng paehna? Jalma pasti rungsing ngadagoan hal ieu.
Rungsing perlu pikeun ngeunteung hal nu keur didago tea, ku cara ngalobaan bekel, mun hayang hade nya kudu ngalobaan bekel hade pikeun ngadagoan nu nyabut nyawa, kitu sabalikna. Pilihan aya di jalma sewang-sewangan.
Takdir kumaha dirina masing-masing. Tangtukeun sorangan.



ASK-PASUNDAN JAYA

Tidak ada komentar: