Nu Tos Ningal Ieu Blog

Senin, 13 Desember 2010

Curhatan Nini-Nini


Harita poe Minggu basa keur palere budak sakola,............
Ma Irah ngelek karung pare 50 kilo rek heleran. Najan geus 70 taunan, si Ema masih bedas. Di heleran si Ema panggih jeung babaturan saperjuanganana nyaeta Ma Itih. Di heleran teh maranehna ngobrol kadieu kaditu bari gogorowokan da gandeng ku mesin heler.
Ma Irah: Tih, ngaheler oge?
Ma Itih : Nya yeuh.
Ma Irah : Lainna di imah loba budak jalu,incu maneh kamarana? naha masih wae ku maneh atuh mawa pare teh?
Ma Itih :Ah,..barudak ayeuna mah laletoy jeung karedul. Maenya teu kuat nanggung pare sakieu. Ah,.maneh ge pan loba incu nu karek datang ti dayeuh?
Ma Irah : Ah koplok incu teh malah nyusahkeun dewek. Bisana ngabalatakeun imah. Di imah teh kalahka nongton TV jeung maen pes stesieun bari gogoleran. Nyirkeun pangedulanna teh.
Ma Itih : Heueh nya sarua,..barudak ayeuna mah arogoan,..teu siga jaman urang prihatin. Ke geus gedena eta budak bakal jadi naon nya,..ayeuna ge geus kaciri ngedul jeung ogona.
Ma Irah : Nya, lieur ah ngabandungan budak ayeuna mah,...leutik keneh geus baleger. bujur ditembongkeun kamana-mana. Mending ge nguruskeun urang we, keudeung deui urang pan rek ka taneuh. lobaan istigpar we,...
Ma Itih : Nya, teu karasa arurang teh geus karolot, tinggal ngadagoan.
Ma Irah : Yu, ah tiheula, da geus rengse ngahelerna ge.
Ma Itih : Nya jung,..kade ati ati loba mobil di jalan.

Tidak ada komentar: