Wilujeng Sumping di Blog Simkuring ASK Gartaz !! Jaya di Buwana, Bagja di Aherat silih Asah, Silih Asih, Asuh
Nu Tos Ningal Ieu Blog
Kamis, 24 November 2011
Upah Minimum Kota/Kabupaten di Jawa Barat tahun 2012
• Kota Bandung Rp 1.271.625,-
• Kota Cimahi Rp. 1.209.442
• Kab. Bandung Rp 1.223.800
• Kab. Bandung Barat Rp 1.236.991
• Kota Tasikmalaya Rp 950.000,
• Kab. Bekasi Rp 1.491.866,
• Kota Bekasi Rp 1.422.252,
• Kab.Bogor Rp 1.269.320,
• Kab. Sukabumi Rp 885.000,
• Kota Sukabumi Rp. 890.000,
• Kab. Cianjur Rp 876.500,
• Kab. Cirebon Rp 956.650,
• Kab. Indramayu Rp 994.864.
• Kota Depok Rp 1.424.797 (98% KHL),
• Kota Banjar Rp 780.000 (86,25% KHL),
• Kab. Sumedang Rp 1.007.500 (81,3% KHL),
• Kab. Garut Rp 880.000 (92,04% KHL),
• Kab. Ciamis Rp 793.750 (86,90% KHL),
• Kab. Subang Rp 862.500 (78,88% KHL),
• Kab. Purwakarta Rp 1.047.500 (84,17% KHL),
• Kab. Karawang Rp 1.269.227 (91,50% KHL),
• Kota Bogor Rp 1.174.200 (99,20% KHL),
• Kab. Majalengka Rp 800.000 (88,59% KHL),
• Kota Cirebon Rp 980.000 (99,95% KHL),
• Kab. Tasikmalaya Rp 946.000 (96,55% KHL) dan
• Kab. Kuningan Rp 805.000 (93,70% KHL).
UMK Jawa Barat Tertinggi/Terendah
Kabupaten Bekasi memiliki upah tertinggi dengan nilai Rp 1.491.866 dan terendah Kota Banjar dengan Rp 780.000.
sumber : Kemnakertrans
ASK-PASUNDAN JAYA
• Kota Cimahi Rp. 1.209.442
• Kab. Bandung Rp 1.223.800
• Kab. Bandung Barat Rp 1.236.991
• Kota Tasikmalaya Rp 950.000,
• Kab. Bekasi Rp 1.491.866,
• Kota Bekasi Rp 1.422.252,
• Kab.Bogor Rp 1.269.320,
• Kab. Sukabumi Rp 885.000,
• Kota Sukabumi Rp. 890.000,
• Kab. Cianjur Rp 876.500,
• Kab. Cirebon Rp 956.650,
• Kab. Indramayu Rp 994.864.
• Kota Depok Rp 1.424.797 (98% KHL),
• Kota Banjar Rp 780.000 (86,25% KHL),
• Kab. Sumedang Rp 1.007.500 (81,3% KHL),
• Kab. Garut Rp 880.000 (92,04% KHL),
• Kab. Ciamis Rp 793.750 (86,90% KHL),
• Kab. Subang Rp 862.500 (78,88% KHL),
• Kab. Purwakarta Rp 1.047.500 (84,17% KHL),
• Kab. Karawang Rp 1.269.227 (91,50% KHL),
• Kota Bogor Rp 1.174.200 (99,20% KHL),
• Kab. Majalengka Rp 800.000 (88,59% KHL),
• Kota Cirebon Rp 980.000 (99,95% KHL),
• Kab. Tasikmalaya Rp 946.000 (96,55% KHL) dan
• Kab. Kuningan Rp 805.000 (93,70% KHL).
Kabupaten Bekasi memiliki upah tertinggi dengan nilai Rp 1.491.866 dan terendah Kota Banjar dengan Rp 780.000.
sumber : Kemnakertrans
ASK-PASUNDAN JAYA
Selasa, 22 November 2011
BOBOTOH UNTUK SEPAKBOLA INDONESIA
Taya nu aneh geus asup SUGBK tibaheula oge, iwal ayana barudak leutik
make kaos koneng gedang nu ngaranna the jak. SUGBK geus lain hal aneh
deui keur bobotoh mah, baheula mah pangseringna bobotoh nu ngeusian
Senayan, can aya budak leutik nu make kaos koneng gedang. Can aya nu
pulantang polontong di stadion, can aya nu nongton ngan nu hayangna
gratisan. Siga budak jalanan, ngan ngabajak we kabisana. Karunya leutik
keneh geus diarahkeun jadi brandalan. Padahal mah naon the jak teh?
Ngan sakumpulan suporter Persija nu saeutik terus ngarekrut budak jalanan
ti taun 1997. Ketua The Jak nu mimiti Fery Indra Syarief nyaeta urut
Komandan the KOmando suporter Pelita Jaya basa markasna di Jakarta di
GALATAMA. Tangtu manehna jadi kapercayaan Bakrie Group keur neangan
suporter. Sanggeus Pelita pindah ti Jakarta , si Indra Syarief dipercaya
ku Sutiyoso nu munggaran jadi Gubernur DKI pikeun ngabangkitkeun deui
Persija di kancah nasiona. MAklum baheula Persija euweuh pendukungna teu
siga PERSIB, trus manehna ngontak deui anak buahna keur ganti baju jadi
the Jak nu karek dibentuk. Jumlahna kurang ti saratus jadi manehna
ngarekrut deui budak jalanan, sina ngilu nongton Persija gratis jeung
dibere kaos. Tah tidinya aya kamajuan oge da Liga Indonesia ge beuki
rame. The Jak nu anyar jadi muridna Viking pikeun diajar organisasi
Suporter mengbal. Ngan hanjakalna, ayeuna the jak teh loba nu polontong
teu nilik ka waktu harita basa keur anyar ngajadi. Maklum we da the Jak
mah budakAbabil hungkul da nu kolotna mah eks suporter bayaran ti Bakrie
Group (Komando). The Jak maju pesat , maklum mamawa ngaran ibukota.
Geus ngarasa loba the Jak balaga. Basa aya kuis Siapa Berani milik Helmy
Yahya di Indosiar edisi Suporter Sepakbola. Didinya aya Viking jeung
The Jak. Viking jadi jawara meunang duit loba. Teuing hayang duit ngan
era menta meureun, The Jak nyegat viking di jalan trus ngarampog duitna.
Tah tidinya we Viking ijid bin ngewa ka the Jak. Asa nulungan anjing nu
kacepet buntuna. Beda bobotoh jeung the jak ngan tina akar budayana.
Bobotoh mah geus bisa kasebut Budaya. Siga halna wayang golek. Nu kudu
dilestarikeun jeung ngakar dina hate urang Sunda lain di Bandung
hungkul. Jaman kiwari, memang teu jiga baheula, mun di Senayan teh pasti
pinuh ku bobotoh mun Persib maen. Ayeuna ge angger we kitu pedah ayeuna
mah ngan ngadukung timnas hungkul. Bobotoh sajati mah datang teh keur
nongton mun aya nu ngajak ribut mah nya hayu wae, teu isin ngagaplok
budak alit nu bedegong jeung bangkar warah mah. Bobotoh teu salawasna
Viking, tapi Viking geus pasti bobotoh, kuring mah Bobotoh nu hayang
nongton Persib laga jeung jaya nu bisa ngangkat darajat Indonesia. Aya
kasasuaian antara Indonesia jeung mengbal. Indonesia loba jelemana,
matakan cocok jeung mengbal da ngabutuhkeun loba pamaen meh kabeh
kabagean olahraga. Pasti aya kamajuan dina Sepakbola Indonesia najan
masih siga setrikaan bulak balik prestasina. Sok nongton jeung ngadukung
tim mengbal mana wae asal tartib jeung bisa ngajaga duduluran jeung
aturan maen. Ngan sakitu, Indonesia pasti jaya dina sepakbola. Modal
utama urang Nusantara dina mengbal mah ngan resep kana mengbal. Tina
resep mah pasti bisa, da bakal ngajiwaan. Soal jawara mah tinggal nunggu
waktu.
Belum Masuk Stadion, Sudah Mati Duluan.
Teu kapikir saeutik acan ku kuring, yen nu ditukangeun antrian urang teh
bakal aya nu paeh. Ngantri asup stadion nu jumlahna rebuan ngan
dilayanan ku hiji panto 2x1 meter. Emang di SUGBK teh aya 24 sektor, berarti
aya 24 lawang. Tapi nu asup lain sarebu dua rebu tapi ampir saratus
rebu, bahkan leuwih da nu teu kabagean tiket maksa hayang asup ka jero.
Sabener tina unggal sektor aya 2 lawang, ngan dibuka salawang teuing
kunaon tah (meureun sieun nu teu boga tiket asup) padahal dina antrian
geus siga fakir miskin ngantri sembako, teu paduli deui kana nyawana.
Padorong-dorong, paheuyeuk-heuyeuk, pating jorowok, pating ngajerit,
siga disiksa ku tantara Jepang basa ngumpukeun warga keur dipaehan. Nu
awewe geus laleuleu, loba nu pingsan, budak leutik loba nu ceurik,
pulisi, ngan bisa ngaluarkeun awewe jeung budak leutik. Sedengkeun
sesana diantep sina beak tanagan. Rek kaluar hese rek asup komo deui.
Geus teu bisa mikir ngeunah, ai keur siga kieu mah. Dihareupeun urang ge
awewe geulis tapi da teu ngeunah atuh ai padesek siga kieu mah moal
bisa dihayati. Panitiana malah kabur nu aya pulis nu geus ha he hoh,
cape ngangkatan awewe jeung budak leutik nu pingsan, ampir 45 menit
kuing karek bisa asup bari jeung kudu parea rea omong jeung polisi nu
dijero pedah tiketna lain keur sektor ieu. Dasar Polisi gebleg, kuring
langsung wae kaluhur asup ka bangku stadion sanggeus ngadorong pulisi
belegug eta, rek asup gerbang ditanya ku pulisi deui:"mana tiketna?" ku
kuring dijawab "tuh ku balad sia dicokot tiketna" kuring teh bari
nyolonong asup ka bangku stadion. Geus nyaho riweuh, eh diriweuh riweuh
deui ku pulisi. Sumanget keur nongton teh asa kabeakeun ku emosi ku
panitia jeung pulisi. Maranehna ngan mentingkeun kauntungan teu
mikirkeun kana kondisi panongton, nepi ka 2 urang nu ngantri paeh. Mun
kuring teu boga kareureus ka nagara ieu mah, moal cape-cape nongton siga
kieu. Mangkarunyakeun kanu leungit nyawana lantaran ku hayang
nembongkeun kareureus (nasionalisme), sedengkeun nu ngancurkeun bangsa
nu teu boga kareureus /nasionalisme siga Koruptor jeung baladna)
perlakuan husus ti pulisi. Masih kacau nagara ieu mah, Birokrasi jeung
alat nagara teh ngan tunduk ka nu boga duit, sedengkeun nu ngagajih
birokrat jeung alat nagara teh ti rahayat leutik. Teu Tau diri jeung
kandel kulit beungeut pisan.
ASK-PASUNDAN JAYA
Rabu, 16 November 2011
Carita di Jero Elf
Basa rek ka Tasik ti warban geus ngadago-dago Primajasa Bekasi-Tasik
tapi lila pisan datangna. Padahal mah Elf geus sababaraha kali ngaliwat
bari jeung nawaran. Sorry elf, lainna embung naek da ngeunahan naek
beus, leuwih lega jeung leuwih murah deuih. Tapi basa aya elf hideung
kosong lain elf nu Grupna geus maju ngaliwat jeung eureun nawaran
kuring, kuring teu pikir panjang deui langsung naek dihareup nu
kabeneran kosong. Lumayan yeuh posisi favorit. Pas ngalieuk ka gigir aya
supir elf nu kacida sepuhna (bener-bener aki-aki /pakiraan mah 65-70
taun). Buukna cepak bodas pinuh ku huis. Raray mah nya raray model aki
aki pada umumna. make kameja biru siga kaos pagawe mayasari bakti tapi
ieu mah ipis. Ningali katukang ngan aya opatan kaasup kenek nu keur
nundutan bari nyekelan teralis panto. Kenekna mah dijeket jeung dikupluk
teu poho make kumis nu teu disisran. Panumpangna 2 ibu-ibu jeung
bapa-bapa sorangan. Ti warban panumpangna teu nambah jeung ngurangan
(meureun eureunna di Kawali). Laju elf nya sedeng wae teu siga elf lain
nu ngarebut (40 km/jam). Sora mesin siga sora treuk matak sok tunduh
ngadengena. Si supir baceo sorangan, tadina mah rek ngobrol jeung
kenekna padahal mah kenekna keur peureum. "Ah silaing mah molor wae,
lain neangan sewa, kehed" ceuk si supir (bari ngagorowok) meh
ngahudangkeun kenek. Si kenek ngorejat (reuwas saeutik). "tunduh euy"
tembal kenek. Si kenek langsung ngagulantung gigir lawang bari
ngagorowokeun "sik, sik, sik,...". Tapi teu hasil. Si kenek diuk deui
bari panonna meletet sarua jeung panumpang nu ditukangna ge karitu malah
mah panumpang nu Bapa-bapa bari kerek sarena. Kuring mah cenghar ngan
mideo kajadian di jero elf, lumayan kadadian langka siga kieu kudu
didokumentasikeun. Ah kagok tadina rek eureun di simpang lima teh kagok
we teruskeun deui ka cikoneng bari rek nempo dulur. "Kiri mang payun"
ceuk kuring basa geus nepi di Kujang sebrangeun Pool Merdeka. Elf
hideung ge langsung indit neruskeun pajalanan nepi Kawali.
Emam
Emam nyaeta kawajiban nu jadi kagemaran. Wajib emam pedah keur ngajaga
nyawa. Jadi karesep pedah ngeunah,nepikeun kadeudeuieun. Tos emam,
langsung tuang, tos tuang langsung dahar tos dahar langsung barang
hakan,tos barang hakan langsung nyatu tos nyatu langsung lolodok. Emam
mah cukup 3 kali. Emam enjing enjing, tuang siang sareng dahar sore. Mun
kaleuleuwihan mah matak numpuk gajihna saleuheung mun gajihna
dosodakohkeun kanu pareot jeung nu baregeng. Emam kudu sasuai jadwal.
Matakan alusan bulan puasa bisa kaatur emamna. Nu ayeuna tacan emam
mangga geura tuang.
ASK-PASUNDAN JAYA
Budak Jalu Nurun Ti Bapana (Like Father Like Son)
Mun nu boga keneh bapa hususna keur budak lalaki. Ti ayeuna ilikan si
Bapa, tingalikeun gerak-gerik nu jadi Bapa boh sipatna atawa
kabiasaanana. Sadar teu nyadar budak lalaki pasti nurutan kalakuan
bapana. Tina cara ngomongna, seurina, leumpangna, dedegna, rupana kabeh
ampir sarua ngan umur nu beda. Sok sing deukeut jeung nu jadi bapa teh,
anjeunna nu bakal ngawarisan ka hidep tentang kahirupan. Bapa nu boga
hak pikeun mere ngaran keur budakna (warisan nu jadi ciri nu bakal
dibawa nepi ka aherat). Sagala pangalaman nu jadi bapa pasti
dicaritakeun ka budakna. Bapa najan teu ngajuru jeung teu nyusuan tapi
ngajiwaan nu jadi budak lalaki pikeun conto ke kahareup. Nu gorengna
ulah diturutan nu alusan kudu dicontoan. Nu jadi bapa pasti reueus
ningali budak lalakina nu geus tumbuh jadi pamuda, ngingetkeun anjeunna
basa keur ngora. Aya du'a nu jadi Bapa ka Budak lalakina sing jadi
panerus katurunan nu leuwih hade tibatan nu jadi Bapa. Nu jadi budak
tingali nu jadi Bapa, ke anjeun ge mun kaumuran pasti siga jadi Bapana.
Naon-naon nu piambekeun nu jadi Bapa ka budakna pasti kaalaman. Bapa
jeung budak lalakina nu akur jeung sauyunan siga adi lanceuk. Tong
nepikeun aya kasus siga Bapa gelut jeung budakna, nepi aya nu paeh.
Sagalak-galakna Bapa pasti leuwih nyaah tibatan pikiran urang,
saogo-ogona budak pasti hayang dipikanyaah ku Bapana.
ASK-PASUNDAN JAYA
Langganan:
Postingan (Atom)





