Nu Tos Ningal Ieu Blog

Rabu, 16 November 2011

Carita di Jero Elf

Basa rek ka Tasik ti warban geus ngadago-dago Primajasa Bekasi-Tasik tapi lila pisan datangna. Padahal mah Elf geus sababaraha kali ngaliwat bari jeung nawaran. Sorry elf, lainna embung naek da ngeunahan naek beus, leuwih lega jeung leuwih murah deuih. Tapi basa aya elf hideung kosong lain elf nu Grupna geus maju ngaliwat jeung eureun nawaran kuring, kuring teu pikir panjang deui langsung naek dihareup nu kabeneran kosong. Lumayan yeuh posisi favorit. Pas ngalieuk ka gigir aya supir elf nu kacida sepuhna (bener-bener aki-aki /pakiraan mah 65-70 taun). Buukna cepak bodas pinuh ku huis. Raray mah nya raray model aki aki pada umumna. make kameja biru siga kaos pagawe mayasari bakti tapi ieu mah ipis. Ningali katukang ngan aya opatan kaasup kenek nu keur nundutan bari nyekelan teralis panto. Kenekna mah dijeket jeung dikupluk teu poho make kumis nu teu disisran. Panumpangna 2 ibu-ibu jeung bapa-bapa sorangan. Ti warban panumpangna teu nambah jeung ngurangan (meureun eureunna di Kawali). Laju elf nya sedeng wae teu siga elf lain nu ngarebut (40 km/jam). Sora mesin siga sora treuk matak sok tunduh ngadengena. Si supir baceo sorangan, tadina mah rek ngobrol jeung kenekna padahal mah kenekna keur peureum. "Ah silaing mah molor wae, lain neangan sewa, kehed" ceuk si supir (bari ngagorowok) meh ngahudangkeun kenek. Si kenek ngorejat (reuwas saeutik). "tunduh euy" tembal kenek. Si kenek langsung ngagulantung gigir lawang bari ngagorowokeun "sik, sik, sik,...". Tapi teu hasil. Si kenek diuk deui bari panonna meletet sarua jeung panumpang nu ditukangna ge karitu malah mah panumpang nu Bapa-bapa bari kerek sarena. Kuring mah cenghar ngan mideo kajadian di jero elf, lumayan kadadian langka siga kieu kudu didokumentasikeun. Ah kagok tadina rek eureun di simpang lima teh kagok we teruskeun deui ka cikoneng bari rek nempo dulur. "Kiri mang payun" ceuk kuring basa geus nepi di Kujang sebrangeun Pool Merdeka. Elf hideung ge langsung indit neruskeun pajalanan nepi Kawali.

ASK-PASUNDAN JAYA

Tidak ada komentar: