Nu Tos Ningal Ieu Blog

Selasa, 22 November 2011

Belum Masuk Stadion, Sudah Mati Duluan.

Teu kapikir saeutik acan ku kuring, yen nu ditukangeun antrian urang teh bakal aya nu paeh. Ngantri asup stadion nu jumlahna rebuan ngan dilayanan ku hiji panto 2x1 meter. Emang di SUGBK teh aya 24 sektor, berarti aya 24 lawang. Tapi nu asup lain sarebu dua rebu tapi ampir saratus rebu, bahkan leuwih da nu teu kabagean tiket maksa hayang asup ka jero. Sabener tina unggal sektor aya 2 lawang, ngan dibuka salawang teuing kunaon tah (meureun sieun nu teu boga tiket asup) padahal dina antrian geus siga fakir miskin ngantri sembako, teu paduli deui kana nyawana. Padorong-dorong, paheuyeuk-heuyeuk, pating jorowok, pating ngajerit, siga disiksa ku tantara Jepang basa ngumpukeun warga keur dipaehan. Nu awewe geus laleuleu, loba nu pingsan, budak leutik loba nu ceurik, pulisi, ngan bisa ngaluarkeun awewe jeung budak leutik. Sedengkeun sesana diantep sina beak tanagan. Rek kaluar hese rek asup komo deui. Geus teu bisa mikir ngeunah, ai keur siga kieu mah. Dihareupeun urang ge awewe geulis tapi da teu ngeunah atuh ai padesek siga  kieu mah moal bisa dihayati. Panitiana malah kabur nu aya pulis nu geus ha he hoh, cape ngangkatan awewe jeung budak leutik nu pingsan, ampir 45 menit kuing karek bisa asup bari jeung kudu parea rea omong jeung polisi nu dijero pedah tiketna lain keur sektor ieu. Dasar Polisi gebleg,  kuring langsung wae kaluhur asup ka bangku stadion sanggeus ngadorong pulisi belegug eta, rek asup gerbang ditanya ku pulisi deui:"mana tiketna?" ku kuring dijawab "tuh ku balad sia dicokot tiketna" kuring teh bari nyolonong asup ka bangku stadion. Geus nyaho riweuh, eh diriweuh riweuh deui ku pulisi. Sumanget keur nongton teh asa kabeakeun ku emosi ku panitia jeung pulisi. Maranehna ngan mentingkeun kauntungan teu mikirkeun kana kondisi panongton, nepi ka 2 urang nu ngantri paeh. Mun kuring teu boga kareureus ka nagara ieu mah, moal cape-cape nongton siga kieu. Mangkarunyakeun kanu leungit nyawana lantaran ku hayang nembongkeun kareureus (nasionalisme), sedengkeun nu ngancurkeun bangsa nu teu boga kareureus /nasionalisme siga Koruptor jeung baladna) perlakuan husus ti pulisi. Masih kacau nagara ieu mah, Birokrasi jeung alat nagara teh ngan tunduk ka nu boga duit, sedengkeun nu ngagajih birokrat jeung alat nagara teh ti rahayat leutik. Teu Tau diri jeung kandel kulit beungeut pisan.

ASK-PASUNDAN JAYA

Tidak ada komentar: