Nu Tos Ningal Ieu Blog

Selasa, 22 November 2011

BOBOTOH UNTUK SEPAKBOLA INDONESIA

Taya nu aneh geus asup SUGBK tibaheula oge, iwal ayana barudak leutik make kaos koneng gedang nu ngaranna the jak. SUGBK geus lain hal aneh deui keur bobotoh mah, baheula mah pangseringna bobotoh nu ngeusian Senayan, can aya budak leutik nu make kaos koneng gedang. Can aya nu pulantang polontong di stadion, can aya nu nongton ngan nu hayangna gratisan. Siga budak jalanan, ngan ngabajak we kabisana. Karunya leutik keneh geus diarahkeun jadi brandalan. Padahal mah naon the jak teh? Ngan sakumpulan suporter Persija nu saeutik terus ngarekrut budak jalanan ti taun 1997. Ketua The Jak nu mimiti Fery Indra Syarief nyaeta urut Komandan the KOmando suporter Pelita Jaya basa markasna di Jakarta di GALATAMA. Tangtu manehna jadi kapercayaan Bakrie Group keur neangan suporter. Sanggeus Pelita pindah ti Jakarta , si Indra Syarief dipercaya ku Sutiyoso nu munggaran jadi Gubernur DKI pikeun ngabangkitkeun deui Persija di kancah nasiona. MAklum baheula Persija euweuh pendukungna teu siga PERSIB, trus manehna ngontak deui anak buahna keur ganti baju jadi the Jak nu karek dibentuk. Jumlahna kurang ti saratus jadi manehna ngarekrut deui budak jalanan, sina ngilu nongton Persija gratis jeung dibere kaos. Tah tidinya aya kamajuan oge  da Liga Indonesia ge beuki rame. The Jak nu anyar jadi muridna Viking pikeun diajar organisasi Suporter mengbal. Ngan hanjakalna, ayeuna the jak teh loba nu polontong teu nilik ka waktu harita basa keur anyar ngajadi. Maklum we da the Jak mah budakAbabil hungkul da nu kolotna mah eks suporter bayaran ti Bakrie Group (Komando). The Jak maju pesat , maklum mamawa ngaran ibukota. Geus ngarasa loba the Jak balaga. Basa aya kuis Siapa Berani milik Helmy Yahya di Indosiar edisi Suporter Sepakbola. Didinya aya Viking jeung The Jak. Viking jadi jawara meunang duit loba. Teuing hayang duit ngan era menta meureun, The Jak nyegat viking di jalan trus ngarampog duitna. Tah tidinya we Viking ijid bin ngewa ka the Jak. Asa nulungan anjing nu kacepet buntuna. Beda bobotoh jeung the jak ngan tina akar budayana. Bobotoh mah geus bisa kasebut Budaya. Siga halna wayang golek. Nu kudu dilestarikeun jeung ngakar dina hate urang Sunda lain di Bandung hungkul. Jaman kiwari, memang teu jiga baheula, mun di Senayan teh pasti pinuh ku bobotoh mun Persib maen. Ayeuna ge angger we kitu pedah ayeuna mah ngan ngadukung timnas hungkul. Bobotoh sajati mah datang teh keur nongton mun aya nu ngajak ribut mah nya hayu wae, teu isin ngagaplok budak alit nu bedegong jeung bangkar warah mah. Bobotoh teu salawasna Viking, tapi Viking geus pasti bobotoh, kuring mah Bobotoh nu hayang nongton Persib laga jeung jaya nu bisa ngangkat darajat Indonesia. Aya kasasuaian antara Indonesia jeung mengbal. Indonesia loba jelemana, matakan cocok jeung mengbal da ngabutuhkeun loba pamaen meh kabeh kabagean olahraga. Pasti aya kamajuan dina Sepakbola Indonesia najan masih siga setrikaan bulak balik prestasina. Sok nongton jeung ngadukung tim mengbal mana wae asal tartib jeung bisa ngajaga duduluran jeung aturan maen. Ngan sakitu, Indonesia pasti jaya dina sepakbola. Modal utama urang Nusantara dina mengbal mah ngan resep kana mengbal. Tina resep mah pasti bisa, da bakal ngajiwaan. Soal jawara mah tinggal nunggu waktu.

ASK-PASUNDAN JAYA

Tidak ada komentar: