Nu Tos Ningal Ieu Blog

Rabu, 16 November 2011

Budak Jalu Nurun Ti Bapana (Like Father Like Son)

Mun nu boga keneh bapa hususna keur budak lalaki. Ti ayeuna ilikan si Bapa, tingalikeun gerak-gerik nu jadi Bapa boh sipatna atawa kabiasaanana. Sadar teu nyadar budak lalaki pasti nurutan kalakuan bapana. Tina cara ngomongna, seurina, leumpangna, dedegna, rupana kabeh ampir sarua ngan umur nu beda. Sok sing deukeut jeung nu jadi bapa teh, anjeunna nu bakal ngawarisan ka hidep tentang kahirupan. Bapa nu boga hak pikeun mere ngaran keur budakna (warisan nu jadi ciri nu bakal dibawa nepi ka aherat). Sagala pangalaman nu jadi bapa pasti dicaritakeun ka budakna. Bapa najan teu ngajuru jeung teu nyusuan tapi ngajiwaan nu jadi budak lalaki pikeun conto ke kahareup. Nu gorengna ulah diturutan nu alusan kudu dicontoan. Nu jadi bapa pasti reueus ningali budak lalakina nu geus tumbuh jadi pamuda, ngingetkeun anjeunna basa keur ngora. Aya du'a nu jadi Bapa ka Budak lalakina sing jadi panerus katurunan nu leuwih hade tibatan nu jadi Bapa. Nu jadi budak tingali nu jadi Bapa, ke anjeun ge mun kaumuran pasti siga jadi Bapana. Naon-naon nu piambekeun nu jadi Bapa ka budakna pasti kaalaman. Bapa jeung budak lalakina nu akur jeung sauyunan siga adi lanceuk. Tong nepikeun aya kasus siga Bapa gelut jeung budakna, nepi aya nu paeh. Sagalak-galakna Bapa pasti leuwih nyaah tibatan pikiran urang, saogo-ogona budak pasti hayang dipikanyaah ku Bapana.

ASK-PASUNDAN JAYA

Tidak ada komentar: