Nu Tos Ningal Ieu Blog

Rabu, 28 Juli 2010

AKSARA SUNDA (KAGANGA)



ASK-PASUNDAN JAYA

Paribasa Sunda

Paribasa atau pepatah yang sudah diinformasikan secara lisan turun temurun dari para leluhur (karuhun) untuk bekal menjalani kehidupan.

Hubungan Dengan Sesama Mahluk

1. Ngeduk cikur kedah mihatur nyokel jahe kedah micarek (Trust ngak boleh korupsi, maling, nilep, dlsb… kalo mo ngambil sesuatu harus seijin yg punya).
2. Sacangreud pageuh sagolek pangkek (Commitment, menepati janji & consitent).
3. Ulah lunca linci luncat mulang udar tina tali gadang, omat ulah lali tina purwadaksina (integrity harus mengikuti etika yang ada)
4. Nyaur kudu diukur nyabda kudu di unggang (communication skill, berbicara harus tepat, jelas, bermakna.. tidak asbun).
5. Kudu hade gogod hade tagog (Appearance harus dijaga agar punya performance yg okeh dan harus consitent dengan perilakunya –> John Robert Power melakukan training ini mereka punya Personality Training, dlsb).
6. Kudu silih asih, silih asah jeung silih asuh (harus saling mencintai, memberi nasihat dan mengayomi).
7. Pondok jodo panjang baraya (siapapun walopun jodo kita tetap persaudaraan harus tetap dijaga)

8. Ulah ngaliarkeun taleus ateul (jangan menyebarkan isu hoax, memfitnah, dlsb).
9. Bengkung ngariung bongok ngaronyok (team works & solidarity dalam hal menghadapi kesulitan/ problems/ masalah harus di solve bersama).
10. Bobot pangayun timbang taraju (Logic, semua yang dilakukan harus penuh pertimbangan fairness, logic, common sense, dlsb)
11. Lain palid ku cikiih lain datang ku cileuncang (Vision, Mission, Goal, Directions, dlsb… kudu ada tujuan yg jelas sebelum melangkah).
12. Kudu nepi memeh indit (Planning & Simulation… harus tiba sebelum berangkat, make sure semuanya di prepare dulu).
13. Taraje nangeuh dulang pinande (setiap tugas harus dilaksanakan dengan baik dan benar).
14. Ulah pagiri- giri calik, pagirang- girang tampian (jangan berebut kekuasaan).
15. Ulah ngukur baju sasereg awak (Objektivitas, jangan melihat dari hanya kaca mata sendiri).
16. Ulah nyaliksik ku buuk leutik (jangan memperalat yang lemah/ rakyat jelata)
17. Ulah keok memeh dipacok (Ksatria, jangan mundur sebelum berupaya keras).
18. Kudu bisa kabulu kabale (Gawul, kemana aja bisa menyesuaikan diri).
19. Mun teu ngopek moal nyapek, mun teu ngakal moal ngakeul, mun teu ngarah moal ngarih (Research & Development, Ngulik, Ngoprek, segalanya harus pakai akal dan harus terus di ulik, di teliti, kalo sudah diteliti dan dijadikan sesuatu yang bermanfaat untuk kehidupan).
20. Cai karacak ninggang batu laun laun jadi dekok (Persistent, keukeuh, semangat pantang mundur).
21. Neangan luang tipapada urang (Belajar mencari pengetahuan dari pengalaman orang lain).
22. Nu lain kudu dilainkeun nu enya kudu dienyakeun (speak the truth nothing but the truth).
23. Kudu paheuyeuk- heuyeuk leungeun paantay-antay tangan (saling bekerjasama membangun kemitraan yang kuat).
24. Ulah taluk pedah jauh tong hoream pedah anggang jauh kudu dijugjug anggang kudu diteang (maju terus pantang mundur).
25. Ka cai jadi saleuwi kadarat jadi salogak (Kompak/ team work).
dlsb

Hubungan Dengan Tuhan (Yang Maha Kuasa)

1. Mulih kajati mulang kaasal (semuanya berasal dari Yang Maha Kuasa yang maha murbeng alam, semua orang akan kembali keasalnya).
2. Dihin pinasti anyar pinanggih (semua kejadian telah ditentukan oleh Yang Maha Kuasa yang selalu menjaga hukum-hukumnya).
3. Melak cabe jadi cabe melak bonteng jadi bonteng, melak hade jadi hade melak goreng jadi goreng (Hukum Yang Maha Kuasa adalah selalu menjaga hukum-2nya, apa yang ditanam itulah yang dituai, kalau kita menanam kebaikan walaupun sekecil elektron tetep akan dibalas kebaikan pula, kalau kita menanam keburukan maka keburukan pula yg didapat…. kira-2 apa yang sudah kita tanam selama ini sampai-2 Indonesia nyungseb seeeeeb ;) )? )
4. Manuk hiber ku jangjangna jalma hirup ku akalna (Gunakan akal dalam melangkah, buat apa Yang Maha Kuasa menciptakan akal kalau tidak digunakan sebagai mestinya).
5. Nimu luang tina burang (semua kejadian pasti ada hikmah/ manfaatnya apabila kita bisa menyikapinya dengan cara yang positive).
6. Omat urang kudu bisa ngaji diri (kita harus bisa mengkaji diri sendiri jangan suka menyalahkan orang lain)
7. Urang kudu jadi ajug ulah jadi lilin (Jangan sampai kita terbakar oleh ucapan kita, misalnya kita memberikan nasihat yagn baik kepada orang lain tapi dalam kenyataan sehari- hari kita terbakar oleh nasihat-2 yang kita berikan kepada yang lain tsb, seperti layaknya lilin yang memberikan penerangan tapi ikut terbakar abis bersama api yang dihasilkan).
dlsb.

Hubungan Dengan Alam

1. Gunung teu meunang di lebur, sagara teu meunang di ruksak, buyut teu meunang di rempak (Sustainable Development ~ Gunung tidak boleh dihancurkan, laut tidak boleh dirusak dan sejarah tidak boleh dilupakan… harus serasi dengan alam.).
2. Tatangkalan dileuweung teh kudu di pupusti (Pepohonan di hutan ituh harus di hormati, harus dibedakan istilah dipupusti (dihormati) dengan dipigusti (di Tuhankan) banyak yang salah arti disini).
3. Leuweung ruksak, cai beak, manusa balangsak (hutan harus dijaga, sumber air harus dimaintain kalo tidak maka manusia akan sengsara).
dlsb.

Sumber: Papatah Kolot (Pepatah Orang Tua) beredar di kampung-2 adat Sunda, dlsb.

Nah prinsip-2 tersebut hanya akan menjadi nilai-2 yang hampa dan kosong tidak berarti apa-2 apabila tidak dilaksanakan. Negara- negara yang sudah maju tentunya mereka telah melaksanakan nilai- nilai universal tersebut di atas dan memperoleh/ menuai apa yang mereka tanam/ laksanakan.

ASK-PASUNDAN JAYA

SAKADANG KUYA JEUNG SAKADANG MONYET

Isuk-isuk sakadang kuya moyan di sisi leuwi. Keur kitu torojol sobatna nya éta Sakadang Monyét.

“Sakadang Kuya!” Sakadang Monyét ngageroan.

“Kuk!” Témbal Sakadang Kuya.

“Sakadang Kuya!”

“Kuk!”

Sakadang Monyét nyampeurkeun ka Sakadang Kuya.

“Keur naon Sakadang Kuya?”

“Ah keur kieu wé, keur moyan.”

“Ti batan cicing kitu mah mending ngala cabé, yu!”

“Di mana?”

“Di kebon Patani, mangka cabéna geus bareureum.”

“Embung, ah. Sakadang monyét mah sok gandéng.”

“Moal, moal gandéng ayeuna mah.”

“Nyaan moal gandéng?”

“Moal, nyaan moal gandéng.”

“Hayu atuh ari moal gandéng mah.”

Bring atuh Sakadang Monyét jeung Sakadang Kuya téh indit ka kebon patani. Barang tepi ka kebon, katémbong cabé pelak patani geus arasak mani bareureum euceuy. Sup duanana ka kebon. Sakadang Kuya moncor kana pager, ari Sakadang Monyét ngaluncatan pager. Terus baé ngaralaan cabé, didalahar di dinya kénéh.

Sakadang Kuya mani seuhah-seuhah baé ladaeun. Kitu deui sakadang monyét. Keur kitu, ana gorowok téh Sakadang Monyét ngagorowok.

“Seuhah lata-lata!” Maksudna mah “seuhah lada-lada”.

“Ssst, Sakadang Monyét, ulah gandéng atuh!”

Sakadang Monyét henteu ngawaro.

“Seuhah lata-lata!”

“Sakadang Monyét! Bisi kadéngéeun ku Bapa Tani.”

Tapi Sakadang Monyét api-api teu ngadéngé. Gorowok deui baé.

“Seuhah lata-lata!”

Kahariwang Sakadang Kuya kabuktian. Sora Sakadang Monyét anu tarik kadéngéeun ku Bapa Tani ti imahna, anu teu jauh ti kebonna. Bapa Tani gura-giru lumpat ka kebon. Barang nepi ka kebon, katémbong aya monyét jeung kuya keur ngaweswes bari seuhah ngadaharan cabé.

“Beunang siah nu sok malingan cabé téh!” Bapa Tani ngagorowok bari lumpat muru ka nu keur ngahakanan cabé.

Ngadéngé aya nu ngagebah, gajleng baé Sakadang Monyét ngejat, térékél kana tangkal kai.

“Sakadang Monyét, dagoan!” Sakadang Kuya ngagorowok ménta tulung. Tapi Sakadang Monyét teu maliré, teu ngalieuk-ngalieuk acan, terus lumpat gagalacangan dina tangkal kai. Ari Sakadang Kuya, puguh da teu bisa lumpat, leumpang ngadédod baé. Kerewek baé ditéwak ku Bapa Tani.

“Beunang ayeuna mah nu sok malingan cabé aing téh. Ku aing dipeuncit!” Ceuk Bapa Tani.

Kuya dibawa ka imahna, tuluy dikurungan ku kurung hayam. Angkanan Pa Tani, isukan kuya rék dipeuncit.

Peutingna, sakadang Monyét rerencepan ngadeukeutan Sakadang Kuya, nu keur cendekul dina jero kurung.

“Ssst, Sakadang Kuya, keur naon?” Sakadang Monyét nanya.

“Éh, geuning Sakadang Monyét, Puguh kuring téh keur ngararasakeun kabungah.”

“Kabungah naon Sakadang Kuya?”

“Nya éta, kuring téh rék dikawinkeun ka anak Bapa Tani.”

“Dikawinkeun ka anak Bapa Tani?”

“Enya.”

”Nu bener Sakadang Kuya?”

“Piraku atuh kuring ngabohong ka sobat.”

“Ngadéngé omongan Sakadang Kuya kitu, Sakadang Monyét ngahuleng sajongjongan.

“Kieu, Sakadang Kuya, kumaha lamun urang tukeur tempat?” ceuk Sakadang Monyét.

“Tukeur tempat kumaha?”

“Enya tukeur tempat. Sakadang kuya kaluar, kajeun kuring atuh cicing di jero kurung.”

“Ah, embung.”

“Kuring mah karunya wé ka Sakadang Kuya, sapeupeuting dikurungan.”

“Atuh meureun moal jadi dikawinkeun ka anak Bapa Tani téh.”

Sakadang monyet keukeuh maksa, supaya tukeur tempat. Antukna sakadang kuya téh éléh déét.

“Heug baé tukeur tempat, tapi aya saratna,” ceuk Sakadang Kuya.

“Naon saratna?”

“Saratna mah gampang. Saméméh anjeun asup kana kurung, kuring kudu di alungkeun heula ka leuwi.”

“Enya, énténg atuh kitu mah.”

Heunteu talangké, Sakadang Monyét ngaluarkeun Sakadang Kuya tina kurung hayam, tuluy dibawa kasisi leuwi. Lung baé Sakadang Kuya téh dialungkeun ka leuwi. Sakadang Monyét buru-buru balik deui ka imah Bapa Tani. Sup baé ngurungan manéh ku kurung hayam. Ngadedempés ngadago-dago beurang, hayang geura buru-buru dikawinkeun ka anak Bapa Tani.

Kocapkeun isukna.

“Manéhna, ka mana bedog téh? Urang asah,” ceuk Bapa Tani ka pamajikanana.

“Rék naon Bapana isuk-isuk geus ngasah bedog?”

“Itu urang meuncit kuya di pipir.”

Paguneman Bapa Tani jeung pamajikanana téh kadéngéeun ku Sakadang Monyét. Manéhna ngagebeg. Lakadalah, geuning aing téh rék dipeuncit, lain rék dikawinkeun jeung anak Bapa Tani. Rék kabur, geus kagok. Kaburu aya anak Bapa Tani nyampeurkeun. Gancang baé atuh Sakadang Monyét téh papaéhan, ngabugigag kawas bangké.

Barang srog ka dinya, anak Bapa Tani gegeroan ka bapana.

“Bapa! Bapa!”

“Aya naon, Nyai?”

“Ieu geuning nu dina kurung téh lain kuya.”

“Naon Nyai?”

“Monyét, jeung siga nu geus paéh deuih!”

Bapa Tani nu keur ngasah bedog cengkat, tuluy nyampeurkeun ka anakna. Enya baé geuning dina kurung téh aya monyét ngabugigag, lain kuya nu kamari. Kurung dibukakeun, monyét dialak-ilik.

“Naha bet jadi monyét? Jeung paéh deuih.”

“Enya, éta mani geus jeger kitu,” ceuk pamajikanana mairan.

Monyét téh dicokot ku Bapa Tani, lung baé dialungkeun jauh pisan. Barang gubrag kana taneuh, koréjat monyét téh hudang, berebet lumpat, kalacat baé naék kana tangkal kai.
ASK-PASUNDAN JAYA