Nu Tos Ningal Ieu Blog

Rabu, 12 Januari 2011

PERSIB The Dream Team

*The Dream Team
Kiper : Anwar Sanusi
Bek Tengah : Dadang Hidayat, Robby Darwis
Bek Sayap : Yayan Sundana, Gilang Angga
Gelandang : Cucu Hidayat, Yusuf Bahtiar, Eka Ramdani, Atep
Striker : Yudi Guntara, Ajat Sudrajat
Pelatih : Indra Tohir 

*Cadangan
Kiper : Cecep Supriatna
Bek Tengah : Aji Nurpijal,Yadi Mulyadi
Bek Sayap : Wildansyah, Nandang Kurnaedi
Gelandang : Jejen, Yaris Riyadi, Suwita Pata, Imam Riyadi
Striker : Asep Dayat, Zaenal Arief
Pelatih : Nandar Iskandar

SD Karyamukti II Cibatu - Garut



ASK-PASUNDAN JAYA

Alun-Alun Ciamis



ASK-PASUNDAN JAYA

Stasiun Tasikmalaya (+ 349)



ASK-PASUNDAN JAYA

Rabu, 05 Januari 2011

Motto Mahasiswa Sains



ASK-PASUNDAN JAYA

Shooting di Bis



ASK-PASUNDAN JAYA

Aladin Panineungan

Basa rek mulang ka lembur kuring asup heula ka terminal meh hayang meunang tempat diuk nu ngeunah.Ti kajauhan geus kaciri beus nu seuseug alus mencrang jeung modern matak ngabibita hayang ditumpakan.BUDIMAN bisnis AC karoseri anyar.Kuring langsung naek.dijero korsina alus bisa turun naek,TV LCD,AC tiis pisan,full musik,mesin gres,staf pake saragam.Di Nagreg rehat perewis jeung Aladin.PO beus sepuh nu masih ngeureuyeuh,karoserina masih taun 90an,ekonomi pisan,panumpang na karolot nyaeta panumpang satia.
Waas pisan ningali Aladin ayeuna.

Ngeunteung Ka Orang Utan

Manusa jeung orang utan katingali mirip pisan. Najan manusa embung disebut mirip orang utan tapi da emang mirip, sarua boga 2 suku, 2 leungeun,unggal leungeun jeung suku aya lima ramo. Sarua menyusui. Sarua alat kelaminna. Orang utan teh landihan ka monyet nu siga jelema nu ayana di leuweung. Sigana mah jelema ku orang utan dilandih "monyet kota". Raga ampir mirip tapi pamikiran jauh beda. Manusa leuwih pinter tapi oge leuwih sarakah.Imah orang utan direbut & diruksak padahal orang utan mah  teu  ngarebut & ngaruksak imah manusa.
Abong geus tereh kiamat manusa teh geus loba nu teu waras,teu gableg kaera. Geuraheun  teuing ka Pangcipta geus wani komo ka manusa deui mah. Ayeuna geus kasebutna jaman dipoyok tapi dilebok nu nandakeun teu boga rasa sukur. Conto leutikna si A dibere ulen goreng ku tatanggana. Si A teu nganuhunkeun malah nyorocos ngahina yen ulenna meni tutung, teu ngeunah, heuras jeung rada bau hapeuk ngan anehna ulen teh dihakan oge nepi kabeakna. Komo deui pamere ti pangeran nu sakitu lobana,manusa ngan moyok bari jeung dilebok.

Urang Sunda Diajar Nyunda

Geus loba urang Sunda nu diajar basa deungeun. Arab jeung Inggris mah geus teu bireuk deui. Basa Arab nyaeta basa aherat, basa Inggris nyaeta basa dunya. Katambah deui ku Walanda jeung Jepang nyaeta basa pangjajah. Terus aya basa Jerman basa teknologi. Pokona mah beuki loba urang Sunda nu bisa basa deungeun. Ngan hanjakal nu geus bisa basa deungeun komo deui nu teu belul mah sok ngantep basa hate nyaeta basa Sunda. Lainna mun urang Sunda ngalamun/ngimpi make basa alam bawah sadar nyaeta basa Sunda.Yu dialajar deui

- 1/2

Polah pikir manusa geus dirancang ku Pangeran, nyaeta gabungan sipat iblis jeung malaikat.Sipat nu hade ti malaikat,sipat nu goreng ti iblis.Tapi manusa cenderung ngadeukeutan sipatna jeung iblis.Mun dikonversikeun kana angka mah malaikat +1, ai iblis -1,
sedengkeun manusa netral di 0.
Kusabab manusa cenderung sipatna ngadeukeutan sipat iblis nu sombong,bedegong,sarakah jrd. Maka nilai manusa aya di -1/2. Raga tetep manusa ngan polah pikir geus nyonto iblis.Matakan loba jalma jahat.Panjara ge geus pinuh pisan.

Kudu Nyambel

Ari mun di lembur teh harus bin kudu nyambel keur maturan sangu najan deungeunna jeung hulu peda ge,komo dibaturan peuteuy jeung jengkol mah matak sumanget keur nguras boboko.Rek sambel tarasi,sambel tomat jeung sambel goang ge nu penting aya ladaan nu kacampur haseum jeung gurih.Baheula mah sambel teh murah,cengek tinggal ngala,tomat tinggal metik,bawang tinggal rabut,uyah tinggal puruluk.Ayeuna mah komponen utama sambel nyaeta cengek jsb naek roket ka bulan,hargana nembus 100rb/kilo.Beuki lada cengek teh

Bumi Tereh Tamat

Lila tapi karasa tereh.Tah waktu ayeuna mah geus karasa tereh padahal mah tetep bae samenit 60 detik, saminggu tujuh poe, sataun 52 minggu. Teu karasa umur Bumi nu ditinceuk ku urang geus aki aki.Loba nu geus ruksak tina umur jeung polah manusa.Ieu nandakeun Bumi tereh pareum.Teuing iraha na mah tapi geus pasti Bumi tamat kitu deui jeung eusina nu laleutik siga manusa.Bumi tamat teu sorangan tapi bareng jeung kabeh benda langit sejenna nu leuwih gede tibatan Bumi.Tah ieu kiamat Gede jadiPanutup dunya pana.

Diriung Ku Mojang Priangan

Basa keur jauh mah rada hese manggihan gadis bibit unggul, saha deui atuh iwal ti mojang priangan.Sakumaha nu aya di lirik tembang "mojang priangan" nu panon hideung,irung mancung,pipi koneng,kulit bodas sok umat imut lucu.Kabeh lalaki pasti kataji ku mojang priangan.Alhamdulillah kuring ayeuna aya di markasna atawa puseur mojang priangan tea.Unggal liwat gadis teh geius pasti mojang priangan.Di kenca,katuhu,tukang,hareup aya mojang priangan meni seneng hirup di dunya teh.Kuring teh diriung mojang priangan.

Paturay Tineung Jeung Balad

Loba pisan memori nu tinggaleun di lintas Jakarta-Bekasi.Kampus Asfi nu di Jatiwaringin ngumpulkeun balad nu ngeusi kahirupan urang.Jakasampurna nu jadi markas barudak pesta PS.Galaxy nu jadi imah sohib urang.Cipinang nu jadi Lab TI.Cempaka Putiih nu jadi tempat ngaheureuyan.Lubang Buaya nu jadi tempat dahar gratis.Pulogadung nu jadi suber informasi.Tetep bae di Jatiwaringin-Pondok Gede nu paling asik da kabeh balad ngariung, ngobrol & nyieun vidio amatir.Sanusantara ngahiji matak silih ngahargaan.
See U !!

Gudbay Bekasi

5 taun teu karasa kaliwat. Loba kenangan di kota ieu. Susah seneng silih paganti. Bekasi nu jadi saksi. Tumbuh dewasa ngisep hawa bekasi. Najan panas tetep dilakonan. Bekasi nu baheulana Bagasasi, dayeuh Tarumanagara. Bekasi kota industri nu mandiri. Bekasi sesa sesa Pasundan masih katingali. Bekasi nu loba diincer ku investor luar negri. Bekasi tempat pangharepan anyar. Bekasi panto gerbang Sunda Kalapa. Bekasi nu masket jeung kalimalang. Bekasi nu kasohor kota patriot. Bekasi urut patilasan simkuring.

Ciri-ciri Nu Geulis

Nu geulis emang relatif tapi nu geulis pasti ngabogaan sipat-sipat ieu:
1.nu pastina awewe lain nu siga awewe jeung nu dirobah jadi awewe.
2.dipelong moal judes
3.ditoel moal ngambek
4.diheureuyan sok seuri
5.sok umat imut lucu.
6.amis budi
7.teu bisa diajak nu teu pararuguh
8.make pakean nu wajar teu hayang tumbang tembong awak
9.leumpang nu sawajarna teu ngagiteukeun maneh
10.mun ditanya sok ngajawab teu sombong tea
Geulis luarjero
Cik saha nu siga kitu...
geura ngacung, bade didata ku kuring

Hirup Ku Sangu

Moal kasebut dahar mun can neureuy sangu mah najan kupat tahu jeung bubur geus dihakan.Sangu nu disusun ku jat areng ibarat bengsin na mobil nambah tanaga keur gawe nu balukarna awak rada kahambat tumbuhna, hese ngajangkungan deui da kakurangan protein.Dahar teh lain mentingkeun giji tapi kaseubeuh ku sangu.Dahar nu alus kudu saimbang antara karbohidrat jeung protein ditambah mineral.Urang Sunda didominasi ku sangu matak awakna keker ngan teu jangkung,bule didominasi ku protein matak jangkung ngan leuleus

Rusiah Pasundan Padat Ku Warga

Geus jadi bukti hasil sensus penduduk taun 2010 nu nyebutkeun Jawa Barat(Pasundan) jadi provinsi panglobana penduduk sa Indonesia.Leuwih ti 40 juta jiwa netep di wilayah nu legana 30000 km2.
Tah ieu sababna:
1.Taneuhna subur,matak pikabetaheun
2.Hawana sejuk,jadi mun peuting sok lila2 di kamar duaan (nyieun budak)
3.Daharna make lalab jadi sehat kana kakandungan
4.Urang Sunda romantis, da "Urang Sun da bageur"
5.Urang Sunda harmonis jeung alam jadi jarang aya bencana
6.Urang Sunda resep heureuy.

Jaman Kancing Coplok

Ayeuna keur kasebutna jaman kancing coplok.Aya 2 maksud, nyaeta dina ucapan jeung lampah manusa nu siga kancing coplok atawa nyoplokeun kancing. Dina ucapan, basa kancing coplok geus lumrah dipake dina basa sapopoe nu teu jauh tina kecao anjing jeung goblog. Mun dinu lampahna, hususna keur awewe, mun nu make kameja sok dicoplokeu kancingna nepi ka beulahan dada katenjo.Komo androk teh sok diporosot2keun nepi ka beulahan liang tai kadeuleu, mending mun mulus, ieu mah nu hideung ge dihaja ditembong2.Hmmm...!

Siduru

Di imah panggung nu teu gede basa isuk-isuk bari naheur cai keur nginum kopi di hau.Make sarung keneh bari dahar bubuy sampeu sakalian siduru nganyideangkeun awak .Di luar masih keneh bodas pinuh ku halimun,tirisna nyecep kana tulang.Sok resep da mun ngarenghap teh sok bijil haseup tina baham.Asa ku nikmat dahar bubuy sampeu dibaturan ku cikopi ditambah goreng roay jeung jaat.Seuneu di hau geus tereh pareum, kuring nambahan suluh bari niup songsong.Kebul hau nu ngahideungan lalangit nambah has na siduru.

Pareumeun Obor

Loba dulur pasti loba kawawuhan. Ngan teu kabeh dulur nu sok ngaku jeung ngadudulur ku jarangna panggih atawa jarang silaturahim nu balukarna pareumeun obor atawa pegatna komunikasi antar dulur, nu ngajadileun dulur jadi batur.
Kade ah tong pareumeun obor! Jaga duduluran ku cara silaturahim antar dulur. Insa Alloh bisa manjangkeun umur.

Salah Nulis

Patal pisan akibatna mun urang salah nulis. Geus pasti robah arti jeung maksudna. Matak loba nu kasinggung jeung ngawiwirang batur. conto: siga salah nulis ngaran "Bondan Prakoso" jadi "Bondon Perkasa"...Jeung rea deui conto lianna.

The Bad Words

Belegug, boloho, boloon, bedegong, borokokok, balakaciprut, bangor, badeur, bangkarwarah, cileupeung, culangung, cunihin, culas, cumentil, koret, pedit, kokolot begog, sinting, gelo, miring, omes, cerewed, jrd...

Datang Bulan

Harita kuring jeung manehna diuk paduduaan dina samak salambar di pantai pangandaran.
Ningali datang bulan ni koneng caang pisan.
langit lenglang teu kahalang awan.
Beledag sora ombak teu ngaganggu kaintiman malah nambah kamesraan.
Hiliwir angin peuting, manehna ku kuring dikeukeupan.
Didinya kuring jeung manehna wakca balaka.
Kuring ka manehna, manehna ka kuring.
euweuh rusiah nu kasumputkeun.
Tidinya timbul rasa percaya.
kuring jeung manehna aya dina cinta.
Cinta nu ngagalura tisaprak mimiti panggih.

Gandeng

Beuki dieu beuki loba jalma di dunya.Jalma pasti disada teu beurang teu peuting ngocoblak bae.Komo nu ngarana awewe geus katelah boga biwir dua.Disada stereo,cerewed teu eureun-eureun,meni matak gandeng.Komo mun di pasar mah meni gandeng pisan,sok parea-rea omong, patawar tawar harga.sora Gandeng matak sok jangar kana sirah komo nu gandeng nyaritakeun batur nu can puguh benerna.Asa ku tenang mun keur peuting,sepi euweuh sora jalma nu baceo teu puguh.Boga biwir kudu dijaga tong dileuleuwihan,matak gandeng!!

Nyaah Salawasna

Bedegong, kedul, kokolot begog, can hideng, tapi indung mah masih keneh nyaah malah ngadu'akeun budakna meh jadi jalma bener, bageur, pinter tur singer. Unggal poe teu weleh perhatian jeung mikamelang ka nu jadi budakna najan rek indit ka babaturan nu di gigireun imah. Eta bentuk kanyaah indung nu moal bisa ditandingan ku saha bae.Kanyaah indung lain ukur saharitaeun, lain nyaah basa nu jadi budak keur masih lucu-lucuna tapi nyaah nepi budakna geus kolot boga budak nepi kapisah ajal.Indung nyaah salawasna

Jurig

Jurig atawa dedemit alias jin bin setan aya di Dunya ieu saalam jeung manusa ngan beda rohangan. Tangtu wae manusa jeung jurig pasti pernah paamprok,komo deui jurig bisa ningali manusa tapi teu katempoeun ku manusa.Jurig bentuk aslina boga tanduk,mangrupa kalangkang nu teu ngabenda.Kadang sok mangrupakeun jelema nu aya di wilayahna.Jadi tiap bangsa boga jurig masing2.Di urang mah jurig teh masih keneh tetep pocong,kunti,buta jsb.Pakeanana ge eta2 keneh najan jaman geus maju ge.Kitu oge jurig di bangsa batur