Nu Tos Ningal Ieu Blog

Senin, 03 Juni 2013

Deukeut Beuki Ngadeukeutan

Tina judulna ge dibahasa inggriskeun meh rada keren padahal mah meh teu loba nu ngeuh,..yen kuring keur closer,close and closer jeung manehna. Geus loba pangalaman hirup geus loba wanoja nu dipanggihan , diwauhan jeung nepi ka deukeutna.
Ngaranna mun lalaki geus biasa patempo, padeukeut, ubral obrol , mun nu normal mah pasti bakal nimbulkeun katresna, kadeudeuh keung kanyaah. Leuwih ti kanyaah nyaeta tea timbul Love, Duriat . Ngan unggal poe teh hayang panggih jeung manehna, hayang deukeut jeung manehna, hayang diperhatikeun, jeung sagalana.
Cinta mah teu ningali beda ngan kudu pasti beda kelaminna.
Cinta teh anugerah tapi hese rek dinyatakeunana, ngan lolobana dipendem, disimpen dina ati, jang carita keur anak incu, eta ge mun kaalman kawin jeung boga budak hehe.
Btw, Najan jalma nu kasr ge mun manggih cinta nu benerna lain ku napsu geus puguh era ngungkapkeunana.
kahijina meureun sieun ditolak, sieun ngarubah perhatian manehanana ataw alesan lain?
Tibaheula ge da angger love mah mun teu diungkapkeun timbulna ka jerawat, hahaha.
geus pasti dada sesek ku kalimat cinta nu rek diungkapkeunana.
Cinta mah lir ibarat pedang.
nu teu bisa ngagunakeunana matak raheut kadirina,
mun nu busa mah matak mangpaat ka dirina.
Tapi lolobana cinta mah ngan jadi sebab setres, nyeri hate, jeung alesan bunuh diri,
ieu nu salah kaprah, da hakekatna mah cinta teh anugrah ti Gusti.Siga hawa nu ku urang direnghap kana irung asup kana bayah nu matak manusa tetep hirup ku hawa.
Cinta nyaeta elemen penting keur kahirupan pangpangna mah dina masalah ngalobaan manusa.

tong nepi kutipan Panglima Tian Feng aya dina kahirupan anjeun "Derita cinta tida berakhir"

tapi siga kutipan Rhoma Irama : "hidup tanpa Cinta bagai taman tak berbunga"

Wilujeng mencari Cinta dan Bercinta nu geus biga mah.


ASK-PASUNDAN JAYA