Nu Tos Ningal Ieu Blog

Sabtu, 28 Januari 2012

SMAN 1 CIBATU ( SMAN 3 GARUT)



ASK-PASUNDAN JAYA

Ayam Goreng Legendaris KASTIA Dari Ciamis aya di Tasik.



ASK-PASUNDAN JAYA

Kawasan Padat (Lengkong Tasik) RW 01/RT 04



ASK-PASUNDAN JAYA

Manuk Anis (dISADANA mENI bACEO)



ASK-PASUNDAN JAYA

AKI & NINI

Hampura aki, hampura nini.
Najan geus ilang di dunya. Ieu incu masih inget jeung pasti terus kaiket ku tali getih.
Aki nu nurunkeun sipat ka Bapa nu teges tur wibawa, Nini nu nurunkeun sipat nyaah jeung someah ka pun indung.
Nalika, jaman geus pinuh parobahan. Dimana anak geus teu nurut ka indung Bapa. Ieu sanes kasalahan aki&nini, tapi diri pribadi nu teu mawas diri kana pangeling. Mugi aki&nini tiasa ngahampura.
Taya Bakti nu leuwih hade di dunya iwal ngabakti ka indung bapa siga papatah aki&baheula.


ASK-PASUNDAN JAYA

TONGGERET

Duh...Gusti nu maha suci...
Najan tongeret teh sok nandakeun kasepian jeung tiiseun tapi mun tongeret ilang di bumi malah bakal leuwih sepi...
euweuh deui nu mikawaas, euweuh deui nu dinineung...
tongeret teh hiji tanda yen eta tempat masih keneh alus can ruksak dibabad ku manusa sarakah...


ASK-PASUNDAN JAYA

LEKKER

Basa lebaran di awal aun 2000an. Dulur kabeh pada datang ka imah kaasup dulur kapinini nu langsung datang ti Holan mawa salakina nu bule. Eta aki2 bule teu bisa ngomong Indonesia jeung Sunda, basa Inggris ge teu begug. Geus asup ka ruang tamu maneh teu isin-isin nyandak suuk goreng has lebaran diantara puluhan keler nu eusina kueh,dapros jeung raginang. Belewek,suuk teh didahar,meni kukurawukan disada basa ngagayem suuk, manehna lngsung ngangkat jmpol jeung ngmong LEKKER,sugan th artina keler pdhal ngeunah.

ASK-PASUNDAN JAYA

GOGOROLONGAN

Gogorolongan di nagara ieu geus jadi pakuduan, daek teu daek kudu gogorolongan.Jalan geus manjangan jeung ngalegaan,tinggal dipake gogorolongan.Gogorolongan nu make ban leuwih ti dua mah ngeunah, asup kana logak oge moal matak labuh, ai gogorolongan nu make bn dua mah karunya,kasieuh ku gogorolongan ban 6 ge geus oyag,komo kasipat ku ban 26?aya logak ge bisa geubis,aspal ngajeding ge maak aaclogan jeung teu saimbang. sleuheung mun labuhna teh keur sepi jalanna. ieu mah nya ditukang&dihareup siap ngagariles.

ASK-PASUNDAN JAYA

nGEUNTEUNG dIRI

Panon ngan bis ningali ka diri batur teu bisa ningali ka diri sorangan. Ku kituna, manusa nyiptakeun alat keur ningali diri sorangan nyaeta eunteung. Memeh aya eunteung, manusa lolobana ningalikeun batur, rek alus rek goreng pasti batur diomongkeun. Ngan geus jdi sipat manusa nu ngomongkeun mah lain nu hadena tapi go2rengna. Teu nyadar yen manehna sorangan sarua malah leuwih goreng tibatan nu diomongkeun.Bisa dimaklum we da baheula mh euweuh eunteung pikeun ngaca diri.Era nya mun ayeuna teu bisa ngeunteung

ASK-PASUNDAN JAYA

GENGSI

Era ngalakonan lantaran gengsi. Loba conto2 gengsi teh diantarana gengsi gawe rendahan, gengsi make pakean sederhana, gengsi ka sakola teu mawa kandaraan nepi gengsi dina soal perasaan. Husus dina gengsi ngungkapkeun rasa hate ka jalma nu dipikaresep, sok hayang seuri oge. Asa jadi munapik eta jelema, geus disered2 ku babaturanna sina balaka tapi ai geus deukeu mah diacuhkeun siga nu eu butuh padahalmah unggal poe unggal peuting ngan mikir manehna.Kusabab gengsi nu dipikaresep kburu karebut batur.Karunya!

ASK-PASUNDAN JAYA

Tandang Ka Sakola

7 taun can pernah nincak sakola SMA, ahirna bisa nincak oge. Ngan hanjakal keur euweuh sasaha da keur pere lebaran cina, ngan aya sobat baheula nyaeta sang kuncen, Pa Tatang tea.
Lumayanlah bisa kawakilan kasono. Untung pa Tatang masih inget keneh. Teu inget kumaha da baheula nu sok ngabsen ka kelas teh pa Tatang, urang nu bagean ngabejaan saha wae nu teu sakola. Jeung pernah kuring nginjem pentungan keur kaperluan properi drama di 2-1.Loba nu robah,ngaran sakola ganti,gedong kelasna nambahan.Sok lah lanjut

ASK-PASUNDAN JAYA

Panjalu

Panjalu ngaran lembur nu kasohor kamamana boh di nusantara nepi ka mancanagara.Loba warga Panjalu nu mencar boh sapelosok Nusantara nepi ka mancanagara.Biasana urang Panjalu katelah kana tukang ngelas beusi.Mun alamna katelah ku situ Lengkong.Angkutanna katelah ku BP (Bandung-Panjalu).Panjalu,kacamatan pangkalerna di Ciamis nu belah wetanna tatanggaan jeung Kawali,kalerna Majalengka.
Panjalu ge ninggalkeun sajarah Sunda, nyaeta Karajaan Panjalu nu dipingpin ku Prabu Borosngora nu jadi panyebar agama Islam.

ASK-PASUNDAN JAYA

Manusa Jadi Hina

Manusa geus ditakdirkeun jadi mahluk nu pangsampurnana. Manusa dibere akal,nurani jeung napsu. 3 unsur ieu ngan aya dina manusa. Manusa bisa leuwih taat tibatan malaikat, tapi manusa oge bisa leuwih doraka tibatan setan jeung manusa ge bisa leuwih bejat tibatan sato. Manusa bisa hina mun nuranina geus dikawasaan ku napsu. Mun geus kieu, manusa teh ngan ragana tapi jiwana mah teu leuwih siga sato jeung leuwih bejat ti setan.

ASK-PASUNDAN JAYA

Kamis, 12 Januari 2012

Mobil Tijeblos Kana Got



ASK-PASUNDAN JAYA

Tukang TO di Cikoneng - Ciamis.



ASK-PASUNDAN JAYA

Penumpang Terlantar (Bis Merdeka MOgok di Cianjur)



ASK-PASUNDAN JAYA

Pengamen di Bis Doa Ibu di Cileunyi. (Sanggeus Ngamen Langsung Ditewak P...



ASK-PASUNDAN JAYA

Ngintip di Gudang & Kamar Mandi



ASK-PASUNDAN JAYA

Masjid Basis PERSIS Tasikmalaya



ASK-PASUNDAN JAYA

Kondisi Beus Bahagia Utama (Merdek Group)



ASK-PASUNDAN JAYA

Apotek Kimia Farma Tasikmalaya (Depan BI)



ASK-PASUNDAN JAYA

Jembatan RAJAMANDALA (Jembatan Terpanjang dan Tertinggi di Jawa Barat)



ASK-PASUNDAN JAYA

Toko Komputer Abang JALAL di Jatiwaringin deket kampus UI cabang A



ASK-PASUNDAN JAYA

EPM Tasikmalaya tbk.



ASK-PASUNDAN JAYA

Perjalanan Elf di Malangbong Garut



ASK-PASUNDAN JAYA

Di Dalam Bis Doa Ibu (Tasik-Jakarta) via Cainjur - Puncak



ASK-PASUNDAN JAYA

Bus Merdeka Pangandaran - Sukabumi ( Bisnis AC) = Si Biru



ASK-PASUNDAN JAYA

Bus Bahagia Utama Vs KRD Cianjur (Menegangkan)



ASK-PASUNDAN JAYA

Bis Mios(Bandung-Sukabumi)@Cianjur (Beus Butut Oge Bisa Jalan)



ASK-PASUNDAN JAYA