Nu Tos Ningal Ieu Blog

Jumat, 25 Februari 2011

Hurup W = Jiwa Sunda

Hurup W di abjad laten aya di nomer ka 23. W nu ceuk basa arabna mah "wau" kacida pentingna ku bangsa Sunda. Hurup we nyangkut dina kalestarian bangsa Sunda. Naha bet bisa? Loba nu teu kapikiran ku urang yen hurup W teh pohara kudu aya di bangsa Sunda mun euweuh mah moal aya bangsa Sunda. 
W teh teu lian ti Aw- "W" 
lalaki mun taya awewe mah gersang, moal aya kahirupan, Baheula ge Nabi Adam kacida sangsaran jeung betena ai can aya Hawa mah.
tos aya Aw-"W" dilajengkeun ku nge..."W" (sanes bade nyarios togmol jeung jorang da ieu mah karya tulis).
Lalaki sapasang jeung awewe, mun geus ngajodo sok wae digancangkeun kawinna meh bisa nge.."W" meh manjangkeun panerus umat manusa husuna Bangsa Sunda.


Inka Christie Cinta Kita



ASK-PASUNDAN JAYA

Nu Nilang Aing Polisi Bego (Polsek Sindangkasih-Ciamis)



ASK-PASUNDAN JAYA

Sabtu, 12 Februari 2011

Mun Pajajaran Masih Ngadeg

Bangsana lain Indonesia tapi bangsa Sunda.

Basana lain basa Indonesia tapi Basa Sunda.
Lambangna lain Garuda tapi Maung Siliwangi.
Banderana lain beureum bodas tapi Hejo gambar kujang.
Ibukota lain di Jakarta tapi di Bogor.
Undang-undang lain KUHP buatan Walanda.
Dasar nagara lain Pancasila nu Bhineka Tunggal Ika, Tapi Silih Asah, Silih Asih, Silih Asuh, jeung Sili(h)wangi.


ASK-PASUNDAN JAYA

Mapay Jalan Paeh

Alhamdulilah kuring ditakdirkeun jadi manusa.Alhamdulilah deui dilahirkeun jadi lalaki.Alhamdulilah muslim deuih.Borojol bulan Rayagung nu keur meujeuh2na rame ku Hajat.Alhamdulilah kuring aya di Lingkungan Sunda di Tasikmalaya.Gede & sakola di Garut.Kuliah & ngajar di Bekasi.Ulin di Jakarta & Bogor.Balik deui ka Tasik aya gawe.Ulin deui ka Garut.Keukeuleyengan ka Ciamis & Banjar.Kahareupna kuring teu apal aya dimana?Nu pastina mah ke mun paeh pasti balik deui ka taneuh.Ngan teu apal taneuh di daerah mana?

ASK-PASUNDAN JAYA

Peuting Nu Nyunda

Keur peuting jempling, matak waas pisan mun ngadangukeun lagu Sunda boh kacapi suling boh lagu pop Sunda klasik atawa nu anyar. Komo hits Nano S by Nining Meida. Ti lagu populer nu ngalegenda siga Kalangkang, Es Lilin. Borondong Garing, Dilanjut ku Evi Tamala ku lagu Tunggara jeung Asihna dilanjut ku Doel Sumbang ku Pangandaran jeung Kumaha dilanjut deui ku Mister Master King of Sundanese Pop "Darso" ku Duriat,Mega Sutra Pantai Carita jeung Dadali Manting terakhir Kacapi Suling Cianjur, musik pamungkas....!

ASK-PASUNDAN JAYA

Engke Nu Pasti

Hirup di dunya sakeudeung tapi kabeh jalma teu kaliwat loba nu teu sadar.Hayang aya di dunya salilana najan di dunya ge teu sapinuhna bagja malah mah peurih.Mikiran hirup kuduna mah kudu mikiran paeh oge. Mun urang paeh? Kahayang mah loba nu nyeungceurikan, loba nu ngarasa kaleungitan. Paeh nu teu nyusahkeun batur jeung malaikat. Paeh nu mulia jadi tamu VIP di aherat. Pendak sareng sang Pangcipta. Ah, ngarana ge jalma. Kahayang gede tapi plin plan. Kadang iman kuat kadang sok ngabalad jeung setan.

ASK-PASUNDAN JAYA

Ngobrol Jeung Angin

Teu katingali tapi karasa. Ngahiliwir di tengah sawah matak ngeunah ngelap beungeut nu pinuh ku kesang. Hawa panas jadi adem. Hmm...angin...! Anjeun kukurilingan dunya. Geus loba jalma nu katiup ku anjeun. Aya nu sadar aya oge nu acuh. Hmm...angin mun anjeun bisa ngomong mah pangnitipkeun salam kuring ka manehna. Anjeun ge meureun pernah noel ka manehna. Kuring sono masih ngadagoan didieu. Teu bisa nilik ti deukeut. Angin pangjajapkeun kasono kuring ka anjeunna. Raga kuring teu bisa walakaya. Angin.......!

ASK-PASUNDAN JAYA

Rasa Manusa

Jalma, mikaboga rasa. Rasa bagja nu gumbira kaselang ku rasa duka nu lara. Teu jauh tina seuri jeung ceurik. Aya seuri nu sajatina aya oge seuri nu balukar tina ceurik. Kitu oge jeung ceurik balukar tina seuri. Wajarna mun keur rame kudu seuri lain ceurik. Kitu deui mun sepi wajarna kudu ceurik lain seuri.Bagja ku gawe jeung awewe.Duka oge bisa tina gawe jeung awewe.Hirup pasti aya rasa.Ngan moal rasa eta2 keneh da hirup mah pasti aya robahna.Kadang bagja kadang duka.Mun keur bagja sing inget duka jsblikn.

ASK-PASUNDAN JAYA

Luar Biasa

Teu biasa, teu wajar, teu sederhana,...eta baru luar biasa.

Nyiptakeun nu leuwih ti biasa, nu can aya, nu aneh. Tah kitu hirup jaman ayeuna mun ngan ukur hirup biasa biasa wae bakal paeh kasered jeung kainjek-injek ku batur. Hirup kudu motekar nu mikir kana hal nu teu biasa. Najan hirup teu leuwih tapi kudu sing hirup ku pla pikir nu motekar alias kreatip tea. hirup teh kudu leuwih alus tibatan kamari kusabab mun sarua jeung nu kamari manehna rugi komo mun leuwih butut mah manehna bakal cilaka.
Luar Biasa!


ASK-PASUNDAN JAYA

Asal Mula Facebook

Facebook (FB) emang lain social network perintis.Memehna aya heula friendster,hi5,jrd.Tapi facebook social network nu dijeun mahasiswa Amerika turunan Yahudi Mark Z. pangkakoncarana.Satengah milyar jelema make FB.Ti budak SD nepi ka aki2 jeung nini2 oge geus teu bireuk kana FB.Basa Mark nyieun tugas kuliah manehna nyieun network jang kontak2an jeung babaturan.Tina lingkup kampus nepi ngadunya.Facebook nyaeta beungeut & buku.Basa si Mark maca buku manehna kasarean nepi beungeutna nempel kana buku.Tah kitu.!!

ASK-PASUNDAN JAYA

Kawalu - Sukaraja

Geus lila can ngaliwat jalan eta. Jalan nu matak ngageuingkeun rasa waas kuring basa harita. Pinuh pisan kenangan jeung kanyaah jeung nu dipikanyaah. Bareto masih araya keneh. Unggal poe teh matak gumbira kacida, karumpul bareng sabondoroyot, seuri ngabaratak. Kawalu-Sukaraja nu nembus ka Pamijahan - Cipatujah. Jalanna mulus najan leutik tapi endah alamna. Loba tangkal gede nu ngiuhan jalan. Nanjak mudun matak teu bikin bosen.Hmm meni nyeredet kana hate.Masih aya alam nu can ruksak.Moga sing terus lestari.

ASK-PASUNDAN JAYA

Dunya Kaleungitan Warna

Beuki kiwari teh dunya jeung eusina nu dicicingan ku manusa beuki kaleungitan warnana. Kusaha deui atuh lain ku manusa mah? Ti mimiti langit jeung laut nu luntur warna biruna ayeuna mah biru kaabu-abuan, mega kaleungitan warna sucina ayeuna kelabu, cai walungan nu herang ngagenclang ayeuna mah rubah jadi bajigur kiruh coklat teu paruguh bauna komo nepi ka aya nu robah jadi hideungna. Daun kaleungitan hejona ayeuna mah hejo kusem.Tetempoan teh matak jadi ngurangan endahna ku lantaran dunya kaleungitan warna

ASK-PASUNDAN JAYA

Naon?

Naon? kecap nu nandakeun kahayang apal kana hiji hal. Naon lain nandakeun kabodoan, justru ku sering nanya naon urang bakal nambah kanyaho. Geus loba kanyaho pasti moal bisa dibobodo. Sok geura tanya naon ieu? naon itu? Mun geus ti nanya make naon sok mapay kana nanya kunaon? kusaha? kumaha? iraha? dimana?
hiji kecap naon matak bisa nambah loba elmu. Ngan barudak ayeuna mah sok make kecap naon, teh dina kalimah "naon melong?" ieu mah lain mangpaat tapi sipat angkuh nu matak keuheul batur. Hayu urang tatanya


ASK-PASUNDAN JAYA

Gunung Ciremai

Gunung Cireme nu aya di Kuningan nyaeta gunung nu jangkungna 3000 meter jadi kaasup gunung anu gede. Teu kabayang mun eta gunung bitu? Mun bituna ge pasti gede pisan, bakal aya 9 liang nu jadi mariam keur bituna. Gunung cireme mun bitu bakal ngageuingkeun gunung lainna nu keur sare. Masih untung eta kajadian ngan aya dina impenan. Mudah2an mah teu bener2 bakal bitu da sieun pisan mun bitu mah kabeh gunung di nusantara bakal ngarebul siga pabriik di cikarang.Hirup pasti moal tenang.
Pasrahkeun ka Gusti Alloh

ASK-PASUNDAN JAYA

Beus P43 (Cililitan - Tanjung Priuk)

Beus kota nu nyentrik beda jeung nu sejen, karoseri asli pabrikan Jepang ti Mitsubishi Fuso. Beus ieu dihibahkeun ku pamarentah Jepang ka RI, biasa lah RI mah mulungan sesa mantan pangjajah siga mulung KRL. Beus ieu geus didesain jang beus kota nu padet penduduk, tempat diukna ge saeutik ngan digedekeun tempat keur narangtung panumpang. Beus Jepang katelahna.Trayek nu dicekel salahsahijina P43 jur. Cililitan-Tjg Priok.Ngan Rp 2 rbu bisa nepi.Ayeuna aya Busway nu sajalur jeung P43.Beus P43 rek ditumbalkeun!

ASK-PASUNDAN JAYA

SPG NUTRIFOOD Yogya Garut



ASK-PASUNDAN JAYA

Kena razia ku Polisi Banjar



ASK-PASUNDAN JAYA

Pelayanan SIM POLRESTA TASIKMALAYA.



ASK-PASUNDAN JAYA

Nutrifood di Gramedia Asia Plaza Tasikmalaya



ASK-PASUNDAN JAYA

Ibu-ibu Muda



ASK-PASUNDAN JAYA

Kaum MUda Tasik lagi nongkrong (Online)



ASK-PASUNDAN JAYA

Kaum MUda Tasik lagi nongkrong (Online)



ASK-PASUNDAN JAYA

Dibonceng AWW



ASK-PASUNDAN JAYA

Si Emang Dahar Bubur Tasik Meni Kalem



ASK-PASUNDAN JAYA

Dadaha 1



ASK-PASUNDAN JAYA

Cipaganti Tasik - Bandung (Rp 75.000)



ASK-PASUNDAN JAYA

Bule Asup Ka Yogya Garut



ASK-PASUNDAN JAYA

Beus 3/4 Budiman Tasik-Cirebon



ASK-PASUNDAN JAYA

Baso Kurdi - Gunung Sabeulah - Tasikmalaya



ASK-PASUNDAN JAYA