Nu Tos Ningal Ieu Blog

Sabtu, 12 Februari 2011

Ngobrol Jeung Angin

Teu katingali tapi karasa. Ngahiliwir di tengah sawah matak ngeunah ngelap beungeut nu pinuh ku kesang. Hawa panas jadi adem. Hmm...angin...! Anjeun kukurilingan dunya. Geus loba jalma nu katiup ku anjeun. Aya nu sadar aya oge nu acuh. Hmm...angin mun anjeun bisa ngomong mah pangnitipkeun salam kuring ka manehna. Anjeun ge meureun pernah noel ka manehna. Kuring sono masih ngadagoan didieu. Teu bisa nilik ti deukeut. Angin pangjajapkeun kasono kuring ka anjeunna. Raga kuring teu bisa walakaya. Angin.......!

ASK-PASUNDAN JAYA

Tidak ada komentar: