Nu Tos Ningal Ieu Blog

Kamis, 31 Maret 2011

Anak Terkuat se Garut



ASK-PASUNDAN JAYA

Situs Purbakala Garut



ASK-PASUNDAN JAYA

Kawasan Ciloseh Lengkong Tasik



ASK-PASUNDAN JAYA

Karakter & Dinamika Suporter Sepakbola Indonesia

1.Suporter terloba=Bobotoh Persib(Viking,Bomber)
2.Suporter terRiweuh=Bonek Persebaya
3.Suporter terWanian=Persipura Mania
4.Suporter Netral=Sriwijaya Mania
5.Suporter leutik2 polontong=The Jak Mania
6.Suporter Kokolot Begog=Aremania
7.Suporter Numpang Eksis=Pasoepati Solo
8.Suporter Bunglon=Pelita Jaya Mania
9.Match Terheboh=PERSIB vs persija(Bobotoh vs TheJak)
10.Derbi Terpanas=Persita vs Persikota(Viola vs Betmen)
11.Suporter Kanibal=TheJak(sesama TheJak tawuran)
12.Suporter Musiman=Suporter TIMNAS.

ASK-PASUNDAN JAYA

Jumat, 11 Maret 2011

Karakter Presiden (Susilo Bambang Yudhoyono/SBY)

SBY katelahna najan lain ti Surabaya tapi di Pacitan.Ieu presiden kalem pisan pamawaanna teh santey duka lengle.masih keneh sigapan Soeharto.SBY rada lila nyokot tindakan da mikirna rada lila bisi nyinggung batur meureun. Presiden nu sok curhat ka rahayatna (asa tibaliknya).Manehna Jendral tapi teu siga jendral dina sikepna. Tentara mah komo jendral kudu boga pamikiran jrung tindekan nu tereh, tapi manehna boga strategi jitu, matak bisa kapilih dua kali periode ge. Siga basa rek naekeun harga minyak/BBM nu ngumumkeuna mah nitah JK tapi ai geus turun mah manehna sorangan nu langsung pidato.Nya ceunah mah manehna sok dianggap sok nyokot perhatian nu alus2 tina rahaytna siga nu tadi disebutkeun. Jeung program nu siga ngedulkeun rahayat siga program BLT.
Teuing periode ayeuna nepi moal nya? Loba nu ngagoyahkeun tapi manehna masih kuat.


ASK-PASUNDAN JAYA

Karakter Presiden (Megawati Soekarno Putri)

Presiden awewe nu munggaran, ngagantikeun Gusudur nu lengser diturunkeun ku MPR da manehna ngajabat jadi wapres memehna.Anak Soekarno tapi teu bisa ngomong siga bapana. Malah mah jiga Soeharto cicingeun tapi kukulutus di tukang mun aya masalah.Emang aya kontroversi awewe mingpin di nagara Islam.Tapi kudu dikumahakeun deui da UU RI kieu.Mun rek ngagagalkeun Mega nya kudu ganti UUD ku UUD syariat.Mega mingpin nepi  ka beak jabatanna nepi taun 2004.Manehna nyalonkeun deui jadi presiden nu dipilih langsung ku rahayat.Saingan na ge jeung calon Orde Baru,Reformis,Wapresna jeung Mentrina.Malah nu teu disangka2.Sang mentri mega nu meunang.

ASK-PASUNDAN JAYA

Karakter Presiden (KH Abdurrahman Wahid/Gusdur)

Duka atuh ceuk batur mah kiai cenah tapi ceuk kuring mah jelas2 kiaina rada ngacapruk.
Basa reformasi PDIP nu meunang tapi teu bisa ngajadikeun Presiden da MPR embung awewe. Ku Poros tengah pimpinan Amien Rais daripada ku awewe mending ku lalaki najan lalakina rada kirang (Gusdur). Sugan teh pialuseun tapi nagara ieu malah beuki diacak2 ku mas gusdur. Loba peraturan nu dilabrak. MPR rek dibubarkeun ku Presiden???
Jadina MPR vs Presiden. Nepi ka Gusdur dicopot ku MPR jadi presiden. Nu untung ti gusdur nyaeta urang Cina. Urang Cina asa dibageakeun. Ngaran Cina na ge teu disumput2keun deui. Imlek jadi hari libur,...
Da Gusdur teh aya turunan Tionghoa turunan Jawa.
Bangsa deungeun dipajoangkeun ai bangsa soragan diantep,. 


ASK-PASUNDAN JAYA

Karakter Presiden (Prof.DR.Ing. BJ Habibie)

Ieu presiden nu pangpinterna nepi ayeuna dina hal ilmu alam.Asal Bugis tapi lain dahareun nu dibungkus daun cau.Manehna geus nyongcolang basa di ITB nepi ditawaran beasiswa ka Jerman.Nepikeun manehna sukses jadi ilmuwan.Warta ieu nepi ka ceuli Soeharto,terus habibi dititah nyieun lembaga kapal terbang (IPTN).Pokona mah jadi anak emas Soeharto.Sagala kabutuhan dicumponan ku Soeharto.Nepi ka jadi Wapres periode 1998-2003.Basa soeharto tiguling manehna ngagantikeun.Ngan ukur sataun da kudu Reformasi tea.

ASK-PASUNDAN JAYA

Karakter Presiden (Jendral Soeharto)

Jend. Soeharto ngarana ge jawa sarua jeung sikepna nu lembek di hareup tapi nyugak di tukang.Katingali sahaja tapi buringas kacida.loba nu ditawan,diculik nepi kaleungitna pedah nentang Soeharto.32 taun mingpin ku program Pelita.Sabenerna mah ieu program jang ngalanggengkeun "Presiden Saumur Hirup" tapi manehna teu diomongkeun langsung siga Soekarno.Emang nagara teh adem ku manehna.Tapi lain adem tentrem tapi adem ku kasieun.Mun salah ngomong ge bisa dicokot ku Pangkopkamtib.Ngekang pisan ka rahayat teh.

ASK-PASUNDAN JAYA

Karakter Presiden (Ir. Soekarno)

Ir. Soekarno: Nasionalis; da bisa loba basa.Manehna ge bisa basa Sunda da pernah sakola di ITB jeung kawin ka mojang priangan Inggit Garnasih.Mun pidato di Pasundan sok make basa Sunda,matak bisa mikat urang Sunda.Sukarno malah meunang ngaran Sunda nyaeta Sukarna.Hayang jadi Presiden saumur hirup tapi teu kalaksana.Malah loba nu ijid kadieunakeun.PKI &Suharto nu hayang nyingkirkeun Sukarno.Taun 65-66 manehna geus didemo ku rakyat ku tritura.Soeharto ujug2 datang jadi lalakon jang nyalametkeun ku Supersemar.

ASK-PASUNDAN JAYA

Beurit Nyingnying

Beurit nyingnying nyaeta beurit leutik nu sagede dua ramo.
Najan leutik tapi huntuna gede jeung kuat kacida.
Kai,awi,plastik,kertas & kardus bisa digegelan.
Lomari,keler,meja jeung korsi barolong jeung garugus.
Beurit nyingying kacida lincahna.Lumpatna ngabecir siga kilat.Jeung wanian nyayangna ge sarohangan jeung manusa.Ucing ge rada bangga newak beurit ieu mah da sok nyempod kana lomari nu hese kahontal ku ucing.Di sayangna teh sok loba dahareun siga tempe,asin,kurupuk,tomatjsb.Matak rudet. 

ASK-PASUNDAN JAYA

Sabun Gandu & Bulao

Basa taun 90an basa urang keur leutik meureun basa urang can aya oge, sabun gandu jeung bulao jadi primadona keur nyeuseuh pakeeun.
Sabu gandu nu bentukna pasagi bari raregean siga paragi nyeuseh ngan sagede sabun mandi jeung warnana hejo.
Sedengkeun bulao bentukna kota sagede es citakan kulkas.
Sabun gandu jeung bulao hade pisan keur nyeuseh mah,najan teu loba busa tapi sok ngabersihkeun kokotor.komo bulao mah bisa jadi pangleungit warna kusem.
Ayeuna Sabun Gandu & bulao kasisih ku deterjen nu loba budahna

ASK-PASUNDAN JAYA

Noong Nu Di Hareup

Tetempoan manusa ngan bisa nempo jelas keur kaayeunakeun.Tetempoan nu kamari ngan kaliwat kitu wae ngan jadi kenangan.Tetempoan kahareup manusa ngan bisa nebak bari teu pasti.
Kumaha urang kahareupna?
Jeung saha urang ngajodo?
saha wae nu jadi anak incu urang?
Iraha jeung kumah urang mangkat ti dunya?
Tapi aya untungna urang teu apal kahareupna,jadi ayeuna usaha jang nuju nu dipikacita.Sual teu kahontal citana,eta mah urusan Pangcipta.Urang mah geus usaha ieuh.

ASK-PASUNDAN JAYA

Sorangan Nu Pasti Sorangan

Urang diciptakeun ku Pangcipta dina hiji awak jeung hiji nyawa.Urang nu kasebutna sorangan,ngalakonan hirup ieu tina alam ruh nepi ka alam panungtungan tetep make ieu nyawa (ruh) najan awakna mah sok robah nuturkeun alam nu kaalaman.Asup surga atawa asup naraka tetep ieu awak jeung ruh ieu nu ngarasakeun.Urang moal bisa ngarasakeun awak jeung ruh batur.Masing geus boga wadahna.
Tina sorangan ieu pasti kaalaman ku sorangan,moal karasakeun ku batur naon nu ku urang dilakonan.
Sorangan nu pasti sorangan.

ASK-PASUNDAN JAYA

Cengek

Cengek sarupaning bungbu keur masak nu rasana lada. Biasana sok dipake keur nyambel.Tangkalna mah leutik,pangjangkungna ukur sameteran.Buahna manjang paling gede sacingir.Nu ngora warnana hejo sok didahar bareng jeung gogorengan.Kusabab urang Sunda beuki lada,ieu cengek sok dipelak di unggal buruan imah.Dahar mun teu make cengek(sambel)asa kurang ngeunah.Najan lada tapi cengek payu pisan.Najan hargana salangit ge,tetep cengek dibeuli oge.Cengek siga beas nu kaasup sembako.Nu kudu aya keur dahar.

ASK-PASUNDAN JAYA

Cocoan Lalaki

Rek leutik rek geus gede atawa geus aki2 pasti resep nyoo.
Nya nyoo cocoan.
Naha bet nu diomongkeun lalaki? da awewe mah teu biasa nyoo tapi resep dicoo.
Kabeh lalaki pasti boga cocoan nu geus nerap dina awak.
Rupana siga karet,
Mun dipake sok manjangan heuras mun teu dipake mah pondok leuleus.Nya siga ketepel da bisa nembak oge.
Kadang mun keur jenuh lalaki sok nyoo ieu.Ke ge mun geus waktuna mah sok dicoo ku awewe.
kade ah cocoanna kudu dijaga da ukur hiji-hijina.keur kalangsungan umat manusa.

ASK-PASUNDAN JAYA

Silsilah Sunda

(abad 2M) Salakanagara -Tarumanagara - Sunda & Galuh - Pajajaran - Pasundan - Jawa Barat - Banten,Jabar,DKI,Jateng kulon

ASK-PASUNDAN JAYA