Nu Tos Ningal Ieu Blog

Jumat, 11 Maret 2011

Cengek

Cengek sarupaning bungbu keur masak nu rasana lada. Biasana sok dipake keur nyambel.Tangkalna mah leutik,pangjangkungna ukur sameteran.Buahna manjang paling gede sacingir.Nu ngora warnana hejo sok didahar bareng jeung gogorengan.Kusabab urang Sunda beuki lada,ieu cengek sok dipelak di unggal buruan imah.Dahar mun teu make cengek(sambel)asa kurang ngeunah.Najan lada tapi cengek payu pisan.Najan hargana salangit ge,tetep cengek dibeuli oge.Cengek siga beas nu kaasup sembako.Nu kudu aya keur dahar.

ASK-PASUNDAN JAYA

Tidak ada komentar: