Nu Tos Ningal Ieu Blog

Selasa, 26 Juni 2012

Ki Ucu Pulang kampung



ASK-PASUNDAN JAYA

Prediksi (Kira-kira)

1.Juara Piala Eropa 2012 (Jerman), Topskorna CR7=5 gol
2.INDONESIA meunang 3 emas di Olimpiade 2012.
3.Indonesia Juara AFF Cup 2012.Topskorna ti Indonesia.
4.HNW jadi Gubernur DKI 2012.
5.Budi-Dede jadi Walkot Tasik 2012.

wallohu alam...

ASK-PASUNDAN JAYA

Peuting di Imah Panggung

Peuting, keur hujan gede. Barudak karumpul di imah panggung.Bada magrib geus ngaji ni diwuruk ku uana.teu make iqro langsung alip lam mim.Geus ngaji,kabeh sadudulur ngarumpul,ti budak leutik nepi ka nu kolotna ngarobrol.Meni haneuteun jaba lampuna make damar dina palang dada da aliran.Silaru bulak balik ngapung dihandap lalangit.Si ua ngopi bari udud bako.Ua awewe nyritakeun jaman gorombolan."Baheula mah peuting teh ngarungsi ka sawah,ninggalkeun imah,emas ge diasupkeun kana hawu.Da sieun tea ku gorombolan 

ASK-PASUNDAN JAYA

Tangkal Sirsak Sisi Sumur

 Usum halodo geus ngagupayan.Ku kituna kuring melak tangkal sirsak deukeut sumur,najan tina siki tapi tereh jadina.Nyelengceng can sataun geus sapantaran kuring.Teu karasa geus 2 taun deui geus aya 3m-an.daunna hejo laleubeut matak iuh rek diajar kembangan.Bungah pisan.Isukna teh geus ngagarayot hileud orok ngadaraplok dina daun sirsak.meni gareunyal.tangkalna jadi botak.dasar keur leutik kneh kuring ngan nuturkeun kahayang kolot nu rek nuar tangkal sirsak nu loba hileudan.Padahal mah loba untungna melak teh

ASK-PASUNDAN JAYA

Sajalanna

 Lalakon hirup lir ibarat episode sinetron striping,nu tayang unggal poe nepi ka nu boga lalakon ilang nyawa.Jalan carita kacida lobana.Rek nu happy ending tapi tikukusruk ti awal carita atawa poya-poya ti awal carita tapi tungtungna cilaka.atawa sedeng2 wae.Naskah geus dibere,ngan tinggal ti urangna.bener teu macana?bener teu ngartikeunana?bener teu milampahna.Sajalan lalakon manusa ti mula kasadaran pinuh nepi kasadaran leungit deui.Urang dibere kabebasan milih jeung ahir caritana.Bagja atawa sangsara?

ASK-PASUNDAN JAYA