Nu Tos Ningal Ieu Blog

Sabtu, 28 Agustus 2010

Nabrak Ucing


Ti baheula nepi ayeuna ,..masih keneh we sieun nabrak ucing daripada nabrak jelema. Ceunah mah mun nabrak ucing mah sok bakal apes atawa meunang cilaka,..Padahal mah mun jelema paeh nu katabrak ge pastina mah bakal nembongan ka nu nabrakna,...tapi meureun jurig ucing leuwih serem jeung sakti tibatan jurig jelema. Ieu kajadian ge pernah kaalaman ku kuring basa 2 taun katukang,...kuring ngilu demo jeung barudak ka kajaksaan di Blok M make metromini 45,..supirna urang jawa jadi apal mitos ieu,..pas ngaliwat jl kalimalang hareupeun universitas Borobudur,..metromini teu kahaja ngageleng ucing,..eta ucing ku kenek dibawa ka metro jang ke dikuburkeun (dititah ku supirna),..nu katingali mah eta ucing masih hirup da masih aya renghap,..langsung we dituruban ku koran eta ucing teh,..urang reuwas kacida aya sieun oge,...kuring mah ngadu'a we bisi aya nanaon,.. komo supirna mah,..arap ap areup eup,..ai nu sejen na mah biasa wae da lolobana lain ti pulo jawa,...kalakah seuri nu aya nyeungseurikeun kalakuan kenek jeung supir mawa bangke ucing ka metro,..Tisaprak eta, ieu supir rada ngoprot kesang,..nyupir ge jadi teu rada tenang bakating loba ngalamun,..komo deui ai kenek mah tatanya ka supir "ieu moal nanaon kitu da kuring mah sieun" (make basa jawa). Si supir ngajawab bari rada seuri nu kapaksa meh nenangkeun si kenek "tenang wae atuh" (bari ngusap kesang di tarang). Geus nepi ka kajaksaan kuring ge teu rada mikiran eta ucing da kuring mah teu nabrak ieuh,..kuring jeung barudak ngagelar spanduk ka gerbang kajaksaan basa kasus BLBI nu ngarugikeun nagara Rp. 600 Triliun (kasus si Salim),..Supir jeung kenek mah aya acara keur nguburkeun eta ucing nu dibungkus ku koran diselipkeun dina tiang listrik di trotoar da meureun lieur neangan taneuh nu geus ngabeton kabeh jadi teu bisa ngubur,..(pikirna mah ke ku pagawae kabersihan pasti diasupkeun ka mobil sampah),..Lumayan geuning gogorowokan basa demo teh bisa mohokeun ka kasus ucing,..geus eta mah baralik deui ka kampus,...tapi tetep bae supir jeung kenek mah masih rada kerung mikiran ucing,...

,......(4 poe salanjutna),.... kuring jeung rombongan balik deui ka kajaksaan da geus jangji rek balik deui,...(caritana mah demo nepi ka kasus BLBI rengse),...reuwas kacida eta ucing aya keneh ngabeleger heuras ngan rada ngahideungan tapi teu bau jeung teu kaciri aya bilatungan ngan laleur mah ngagembrong hungkul teu daek noel2 acan eta bangke teh (eraeun/karunya meureun),..ajaib,...ngan meni euweuh nu wani mindahkeun eta bangke,....(teuing kumaha tah si supir n kenek ningali bangke ucing masih awet didinya,.???)

Eta meureun kasaktian bangke ucing teh???

Wilujeng istirahat ucing!!!


ASK-PASUNDAN JAYA

Kamis, 19 Agustus 2010

Basa Indonesia Basa Persatuan Nu Maehan Basa Daerah???

Nu pastina mah heulaan borojol basa basa daerah (komo jeung basa Sunda) tibatan basa Indonesia. Basa Indonesia borojol pas ti sumpah pamuda taun 1928 eta ge masih ngakar ti basa malayu nu dianyaran. Keur ngakuatkeun basa indonesia,..ieu basa siga carangka runtah nu neureuyan kosa kata ti basa basa sejen luar jeung jero nusantara. Sajarah atawa silsilah kabahsaan ieu nu can dipikanyaho ku barudak ayeuna. Jadi aya pamikiran yen basa indonesia leuwih sepuh tibatan basa lain jeung nganggap basa basa daerah teh basa turunan ti basa indonesia ayeuna??? Padahal kanyataan mah tibalik. Kuring satuju kudu aya basa persatuan tapi basa persatuan tong nepikeun maehkeun basa indung. Kawijakan pamarentah tentang panggunaan basa indonesia asa nganggap & teu madulikeun basa daerah. Bas Indonesia nu kagolong anyar ieu geus ngabogaan fakultas & jurusan di Perguran Tinggi di ampir kabeh nusantara. Coba bandingkeun jeung basa daerah nu langka pisan boga jurusan & fakultas kasustraanna di perguruan tinggi. Kuring jadi prihatin ka panyebaran basa indonesia nu teu terkendali ngagiles basa daerah. Komo di Pasundan mah nu deukeut jeung pusat panyebaran & pangembangan basa Indonesia (DKI Jakarta),..Jabodetabek geus puguh katepaan. Geus teu aneh di kampung-kampung ge barudak geus diajaran titah ngomong basa indonesia,..asa kumaha kitu????



Mun urang panggih jeung batur atawa nanya ka batur nu can wauh di jalan (contona nanya alamat) make basa indonesia sangkilang geus apal kajadian eta teh aya di kota nu aya di tatar pasundan. Intina mah Gengsi rek ngomong basa Sunda teh???

Padahal sacara umur & kualitas basa daerah leuwih alus tibatan basa indonesia!!!

Salah kaprah tina pamakean basa indonesia nu ahirna maehan basa daerah.



ASK-PASUNDAN JAYA