Nu Tos Ningal Ieu Blog

Kamis, 19 Agustus 2010

Basa Indonesia Basa Persatuan Nu Maehan Basa Daerah???

Nu pastina mah heulaan borojol basa basa daerah (komo jeung basa Sunda) tibatan basa Indonesia. Basa Indonesia borojol pas ti sumpah pamuda taun 1928 eta ge masih ngakar ti basa malayu nu dianyaran. Keur ngakuatkeun basa indonesia,..ieu basa siga carangka runtah nu neureuyan kosa kata ti basa basa sejen luar jeung jero nusantara. Sajarah atawa silsilah kabahsaan ieu nu can dipikanyaho ku barudak ayeuna. Jadi aya pamikiran yen basa indonesia leuwih sepuh tibatan basa lain jeung nganggap basa basa daerah teh basa turunan ti basa indonesia ayeuna??? Padahal kanyataan mah tibalik. Kuring satuju kudu aya basa persatuan tapi basa persatuan tong nepikeun maehkeun basa indung. Kawijakan pamarentah tentang panggunaan basa indonesia asa nganggap & teu madulikeun basa daerah. Bas Indonesia nu kagolong anyar ieu geus ngabogaan fakultas & jurusan di Perguran Tinggi di ampir kabeh nusantara. Coba bandingkeun jeung basa daerah nu langka pisan boga jurusan & fakultas kasustraanna di perguruan tinggi. Kuring jadi prihatin ka panyebaran basa indonesia nu teu terkendali ngagiles basa daerah. Komo di Pasundan mah nu deukeut jeung pusat panyebaran & pangembangan basa Indonesia (DKI Jakarta),..Jabodetabek geus puguh katepaan. Geus teu aneh di kampung-kampung ge barudak geus diajaran titah ngomong basa indonesia,..asa kumaha kitu????



Mun urang panggih jeung batur atawa nanya ka batur nu can wauh di jalan (contona nanya alamat) make basa indonesia sangkilang geus apal kajadian eta teh aya di kota nu aya di tatar pasundan. Intina mah Gengsi rek ngomong basa Sunda teh???

Padahal sacara umur & kualitas basa daerah leuwih alus tibatan basa indonesia!!!

Salah kaprah tina pamakean basa indonesia nu ahirna maehan basa daerah.



ASK-PASUNDAN JAYA

8 komentar:

Admin mengatakan...

baguslah blogna mah... salutlah....!!!
hidup urang sunda....!!!!

Unknown mengatakan...

hatur nuhun kang,..hayu pajukeun budaya Sunda!!!

Azgi mengatakan...

baca oge artikel abdi kang ttg bahasa indonesia nu jadi pamaeh ka basa sunda d depok http://azgi.blogspot.com/2010/09/jejak-pasundan-di-tanah-depok.html
:) komentaran artikel eta nya kang, eh kang ku abi d follow , follow balik nya kang

Unknown mengatakan...

hatur nuhun kang agis,..ayeuna tos kabuktos yen Sunda teh bangsa nu jaya ti kapungkur nu ngarintis Nusantara,..

Azgi mengatakan...

sami-sami, kang tos d follow, follow balik nya he

Unknown mengatakan...

ok kang,..ku abi di follow,..eta seratan ku abi disedotnya kanggo subar sebar kabenerana kasadayana!!!

Azgi mengatakan...

mangga, asalkeun seratkeun referensina kang

Unknown mengatakan...

parantos diserat referensina kang,..hatur nuhun,..