Nu Tos Ningal Ieu Blog

Minggu, 26 Agustus 2012

Kacilakaan di Malangbong...............



ASK-PASUNDAN JAYA

Terminal Guntur Padat Penumpang



ASK-PASUNDAN JAYA

More videos from agungsunda (playlist)



ASK-PASUNDAN JAYA

Efek Gila Kerja



ASK-PASUNDAN JAYA

Nivea VS L'oreal



ASK-PASUNDAN JAYA

Cuneng Molor



ASK-PASUNDAN JAYA

EPM TASIK BUKBER



ASK-PASUNDAN JAYA
ASK-PASUNDAN JAYA

KURUPUK SANGSARA

Najan ngaranna kurupuk sangsara tapi rasa jeung mangpaatna mah kacida ngeunah jeung gedena.Bahanna tina aci ngan dibere uyah jeung bumbu dapur saayana.Ngagoreng dina hawu jeung teu make minyak tapi keusik (disangray).Beukah jeung sengit, rangu pisan ngeunah kana letah.Bau haseup hawu jadi samara nu has.Biasana jang nyuguhan tamu salian ti raginang, dapros, kicimpring jrd.Ditambah nginumna cienteh atawa kopi hideung, komo deui dina saung nu diluhureun balong.Matak nikmat, sangsara kurupukna, Bagja hatena.

ASK-PASUNDAN JAYA

SARE=PAEH

Sare teh paeh sakeudeung.Jiwana ngalayang ningglkeun ragana nep blik deui nepi ka hudangna.Siga Paeh oge.Ke ge bakal hudang mun geus dihudangkeun ku Alloh dina poe kabangkan di alam mashar.Geus hudang di alam mashar,insaAlloh moal ngalaman sare atawa paeh.pasti beunta terus boh di naraka boh di sawarga.Jadi nu sagala dilakonan teh nyata lain impenan.Nyata bagjana,nyata siksana.
Moal aya istilah pingsan oge dina siksa naraka.hayoh disiksa bulak-balik saenengna.
Wallohu Alam.

ASK-PASUNDAN JAYA

HEUP HAP

 Jadi inget lagu cangcuter nu "hap...hap...2x.nangkap...nangkap".Heup jeung hap mirip tulisanna,komo deui artina.Heup=eureun=stop.Di Garut Kidul aya pantey nu ngaranna cilaut eureun=cilaut heup=sea water stop jsb.Heup bisa alus mun eureun tina pagawean goreng jeung sabalikna.Ai hap mah kecap aneran keur nunjukeun rek dahar.Siga a'=nunjukeun sina calangap ka budak nu rek dihuapan.Heup Hap=Eureun tina Hap=ngeureunkeun kaogo.da kecap hap ngandung arti tinggal am.Kudu usaha pikeun sukses.Keyeng tangtu pareng

ASK-PASUNDAN JAYA

SURGA 100 TINGKAT

Surga=tempat keur nu hararade.
Teu sakeudeung,tapi lila saenengna.Surga teh aya 100 tingkat.Tingkat nu panghandapna nyaeta alas Surga nu dieusi ku ahli Surga nu diangkat tina Naraka.Nu kumaha? nu ngabogaan iman ka Alloh najan lemet kacida (teu kaasup nu Sirik/musrik).Di naraka, sbaraha lila?Mangjuta2 taun (waktu aherat).Nikmatna Mangpuluh2 x jadi Raja di dunya.Ieu bukti Alloh rohman nirrohim.La haola wala kuwata ila Billah.
Tong,kapikiran asup surga najan ka naraka heula?Musrik.bisi ka naraka.
Wallohu alam.

ASK-PASUNDAN JAYA

BATAS PAMIKIRAN

Manusa dijieun keur mikir.Lantaran dibere otak jeung hate keur nyaimbangkeun.Mun teu mikir saeutik2 acan lain kaasup jelema.Mikir ge tong kaleuleuwihan.Aya batas pamikiran nu moal bsa kajangkau ku oak manusa.Siga pangciptaan Ruh,Wujud Gusti Alloh.mun dipikiran maak sasab akal,gelo kasupan setan.Pamikiran manusa moal bisa ngahontal nu nyiptakeun alam samesta.Mikir kudu dibarengan iman meh teu sasab dina kapoekan.Loba elmuwan barat,pinter kacida ahirna gelo nepi maehan maneh pedah eu manggih jawaban. 

ASK-PASUNDAN JAYA

PAPATONG

Papatong sing areunteup dina awi turus di kebon kacang panjang gigireun sawah.Ku kuring dideukeutan lalaunan nepi dibuka sendal.Curuk diputer2 siga atahiyat muhamadiyah.beuki deukeut,beuki deukeut,tinggal 5cm deui.kuring yakin bakal beunang,digancangan gerak leungeun kuring sangkan bisa newak papatong.setttt,leungeun urang nyekel tuturus,ppatong ngahindar teu beunang.Geuning hese newak papatong teh?papatong balik deui ka tuturus,tapi teu (beunang deui)2x.antukna kuring mke karet dicpretkeun,pptong labuh. 

ASK-PASUNDAN JAYA

KEMBANG WIJAYA KUSUMAH

 Kembang Wijaya Kusumah,tina ngarana ge geus mewah.Meureun menakna dina karajan kekembangan.Ieu kembang teu sambarangan, njan tangkalna basajan teu nyeni siga ngkrek jeung eros euweuh daun ngan batang nu warna hejo ngarangkap jadi daun ka gigirna,cara tumbuhna siga cocor bebek, numbuh daun heuras kagigir.Tapi, lamun geus kembangan,kabeh kekembangan nu boga kembang pda eleh ku kembang wijaya kusumah.kembangna teu nangtu bijil,bisa taunan malah leuwih langka pisan,kembangna sagede piring,seungit pisan.Endah.

ASK-PASUNDAN JAYA

ISLAM lain ARAB

Islam,agama nu geus aya basa Adam diciptakeun.Nu dieruskeun ku Nabi panutup Nabi Muhammad SAW.Mun ditilik dina sajarah kanabian,ampir kabeh nabi aya di jazirah Arab.Pastina nabi teh urang Arab.Duka tah Nabi Adam & Hawa nu jadi kruhun manusa teh rarayna ngawakilan bangsa mana? nu pasti ranjeunna bakal ngalahirkeun nu bule,nu negro,nu koneng,nu coklat,nu bolotot,nu sipit,nu mancung,nu demes,nu lurus,nu galing,nu jangkung,nu pendek.Nu jelas Islam lain eksklusif bangsa arab tapi kabeh katurunan Adam Hawa.

ASK-PASUNDAN JAYA

TONG TANGGAH KA LANGIT

 Sabab-Sabab Tong Tanggah Ka Langit, nyaeta:
1.Beungeut bisi jadi hideung & garing.
2.Leho bisi jadi korong matak ngahambat sluran renghap.
3.Irung banjir mun keur hujan.
4.Bisi tigebrus kana solokan mun keur leumpang.
5.Bisi kapodolan tai manuk.
6.Bisi katinggang ban kapal udara.
7.Bisi cangkeul beuheung.

ASK-PASUNDAN JAYA

TONG NIRON

Sabab-sabab Niron dilarang:
1.Ngaleungitkeun Percaya Diri.(Hese neangan deui)
2.Ngagantung ka batur (karunya batur nu digantunganana/beurateun).
3.Otak bakal lowbat jeung tereh ED.
4.Bakal nimbulkeun musibah, mun nironna kanu belet deui mah.
5.Bakal dicarekan guru/pengawas mun kapanggih.
6.Bakal dicatet ku Malaikat Atid.
7.Percuma sakola lila2 jeung meakeun biaya ari kabisana ngan niron wae mah, karunya ka indung bapa,bangsa katut agama.

ASK-PASUNDAN JAYA

SUNDA KIAMAT?

Sunda, jiwa Sunda tereh musnah di bumi ieu.Teu bisa dihalang2 deui.Geus jadi jalan jaman.
Basana leungit,letah bangsana geus kaku ngucapkeun basana sorangan.
Komo aksarana mah geus dianggap "sabodo teuing",teu apal nu mana? kumaha nulisna? teu apal Sunda boga aksara?
Adat Sunda geus lain adat geus teu dipake, dianggep kampungan. Sunda nu mikaagung Alam.Pangaranan tempat make "cai",daharna sok lalaban,adat ngajaga leuweung larangan pikeun ngajaga lingkungn.Ayeuna geus aya dina buku ngan jadi bahan bacaan.

ASK-PASUNDAN JAYA

KAULINAN PANGERAN

Hirup manusa jeung kabeh mahluk di alam samesta,geus di atur ku Pangeran.Manusa jadi protagonis,setan jadi antagonis.Skenariona hebat,teu kaduga ku pamikiran.Kabeh gerak,tingkah laku mahluk geus diatur ku Gusti,najan urang dibere kabebasan ngalakukeun naon wae, tapi tetep hakekatna mah geus aya dina Lauhul Mahfud.Urang dititah lain neang harta,cinta jsb.Tapi ukur milih jadi protagonis atawa antagonis.Pedah manusa mah masih bisa robah tina protagonis jadi antagonis (saarua jeung jin).
Wallohu Alam. 

ASK-PASUNDAN JAYA

SABANGSANING JUJURIGAN

Teu kadeuleu ngan karasa,siga angin ngan teu kabeh manusa bisa ngarasakeun.Aya dimamana ngeusi tempat kosong.Dina rohangan bahkan nepi ka jero2 awak manusa.Teu kadangu padahal unggal poe cocorowokan,seuseurian.Teu karasa padahal naraplok dina awak,asup kana getih.Teu paduli padahal maranehna Meeting wae ngabahas manusa.Euweuh istirahatna maranehna garawe.Teu digajih ngan hayang boga batur.Meh ke rame di Naraka.Lain pocong,tuyul,kunti,buta tapi Biangna Jurig nyaeta Iblis.Dimamana jurig aya.Ngingilu manusa. 


ASK-PASUNDAN JAYA

BERITA MALAM TVRI

Jam 19.00,nyaeta jam pitunduheun.Sok ya tulisan sebenar lagi kita bergabung dengan TVRI Pusat untuk Siaran Berita Malam TVRI.Kabeh TV Swasta nyiarkeun eta.Saengah jam ngocoblak maa berita teu make iklan.Rek nonton si Jn dan Jun teh mlah ksarean da beritana teh eusina Soeharto jeung Harmoko deui,keur ngaresmikeun pabriklah, kujungn k derah lah jrd,euweuh berita demo & karusuhan mah.Sugan mah aya prog."Jika Aku Menjadi" basa jaman eta meureun geus diberedel ku Pangkopkamtib.Rahya jempling ngan haharewosan.

ASK-PASUNDAN JAYA