Nu Tos Ningal Ieu Blog

Selasa, 25 Desember 2012

Bohong Rame2 (Palsapah Basa Inggris)

Mahluk sosial, siga manusa nu mentingkeun kapentingan rame2. Rek salah rek bener ai geus didukung rame2 mah lanjut terus. Matak nu korupsi tara sorangan tapi sok berjamaah dipimpin ku imamna saurang make niat korupsi. Kusabab rame2 nu salah ge bisa jadi bener. Tah ieu siga dina basa inggris, sok tingali basa inggris abjadna a nepi z tapi dibacana beda jeung hurupna, a dibaca ey, e di baca i , i dibaca ay, w dibaca dabel yu, y dibaca way. Tapi maaranehna mun ngagabungkeun hurup2 tadi dibacana teu nurut kana aturan ejaanana, siga "eye" mun dibaca nurut ejaan inggris dibacana kudu.i way i, tapi dibacana ay. Jeung aranehna deui maranehna bisa maca kata2 basa indonesia nu make aturan ejaan non inggris siga "mereka" manehna bisa maca "mereka". Tapi panganeh2na geus nyaho ejaan basa inggris geus salah tapi angger we dipake nepi jadi basa nu sok dipake ka sakumna kabeh bangsa. Nu bisa dicokot kasimpulan, urang inggris mikaheman budayana sorangan najan salah, ngamumule jeung teu era ngawanohkeun budayana ka batur. Ahirna batur ge kapangaruhan ku sabab getolna urang inggris ngajual basana ka bangsa deungeun.

Kuduna basa Sunda nu adiluhung ge bisa malah leuwih kasohor saalam dunya tibatan basa inggris nu asal2an. Nu penting urang kudu cinta ka basa sorangan siga Inggris nu teu era kana basana najan basana munapik.

ASK-PASUNDAN JAYA

Sarung Ipis

Kamar geus dipoekan, ngan kaciri sorot layar hape da keur nyieun catetan dina fb bari ngadangukeun lagu d arso nu kabeneran keur nyetel lagu "kabogoh jauh". Awak ngahunjar nangkarak dijeket jeung disarung ipis, suku ngeunaheun tiis pedah tina sarung bakal pingeunaheun sare ieu mah. Ngan kadenge sora mobil, kadang motor nu ngebut atawa treu nu beurateun ku muatanana. nu ngaliwat di hareupeun imah. Tumben bancet teu disada ngan hawar2 aya sora jangkrik. Tadi magrib mah langit katempo ceudeum pinuh ku mega mendung. Sugan we peuting turun hujan meh tambah ngeunah sare "̮ ƗƗɐƗƗɐƗƗɐ "̮ . Masih ngeunah keneh ku tiisna sarung ipis, pedo katambah ayeuna Darso keur nyanyikeun lagu hitsna "Mega Sutra di Langit Pantey Carita".

Wilujeng wengi ka sadayana. Mangga geura barobo.!

ASK-PASUNDAN JAYA

Hayang Balik Deui Ka SMP

Asup smp, tapi awak masih keneh leutik sora ge masih cempreng, indit sakola jadi ngajauhan jaba sok bagean kabeurang komo mun sorena balik sok hese mobil, nepi kudu ka leumpangna bari nyegat mobil dijalan, tapi dijieun rame we da raramean ieuh jeung barudak. Kelas 2 sora geus robah, cinta monyet ge kaalaman, endah sing sumpahna, ngan bisa nempoan we nu dipikahayang bari curi2 pandang basa guru keur nerangkeun pelajaran. Smp nu sok riweuh siga sd, euweuh guru garandeng, aya nu tatalu, aya nu jajan ka kantin, aya nu ngarobrol, aya nu keur curi2 pandang, =)) ♓ªª ♓ªª ♓ªª =)). Cinta najan geus pada2 apal tapi teu bisa kaungkapkeun sacara langsung tapi liwat parantara babaturan kusabab era jeung euweuh nu inisiatif cinta monyet teh ngan jadi kenangan hungkul teu manggih istanana, karunya. Padahal ayeuna urang siap mun dipanggihkeun deui mah "̮ ƗƗɐƗƗɐƗƗɐ "̮

ASK-PASUNDAN JAYA

Gusti, Hampura Sim Abdi

Gusti,...!!!

Kula teu bisa matuh kana ajaran, masih oyag, hampura sim abdi Gusti.

Astagpirulloh.

Hoyong tetep aya dina jalur, kuat pamadegan, sing dijadikeun palindung nu dibarokahan kanggo pribadi sareng saderek lianna. Amin!

Alhamdulillah.

ASK-PASUNDAN JAYA

Rasana Boga Adi

Keur leutik keneh keur meujeuhna bangor2na. Lulumpatan we kamamana teh nepi ka labuh, tapi labuh teh teu sakali dua kali tapi asa unggal poe, nepi ka huntu teh beak =)) ♓ªª ♓ªª ♓ªª =)) . Emang keur meneran bareng jeung Pun Biang keur hami adi kuring. Sok sakapeung mun tara dibere jajan, kuring sok neunggeul beuteung pun biang nu keur meujeuhna keur gede2na, geus neunggeul langsung lumpat "̮ ƗƗɐƗƗɐƗƗɐ "̮ , pun biang geus karasa langsung wae dibawa ka rumah sakit da ka bidan mah teu sanggupan pedah orokna sungsang, Pun biang ngan tetela ka kuring basa rek indit kade ulah bangor tong sok gelut jeung jajan wae, wayahna sing hideng ulah nyusahkeun nini. "Enya" jawab kuring, teu leuwih 3 poe, pun biang geus mulang ka imah bari ngais orok. Kuring asa ngimpi boga adi, eta adi kuring, kuring teu weleh neuteup raray orok nu jadi adi. Najan teu persis jeung kuring tapi kuring ayeuna jadi lanceuk lain bungsu deui. Emang kolot pasti leuwih perhatian ka budak anyar, tapi kuring teu paduli da boga batur ulin nyaeta adi urang.

Poe ieu 2 dasawarsa katukang, pun adi borojol ka dunya.

Wilujeng milangkala Rai!

ASK-PASUNDAN JAYA

Bandung , Juli 2005

UMPTN taun eta, testingna di Bandung. Dimana Bandungna masih seger tatangkalan masih loba keneh.
Mampang meungpeun aya ua rek ulin ka bandung. Poe minggu isuk2, kuring ngilu, hape can boga ngan nginjeum heula nu lanceuk merk samsung nu aya lampu burinyay2an. Kuring geus jangjian Kang Relip Al Parisi, jangjian di jalan cemara deukeut kantor BMKG Bandung. Asup kana gang sempit, nu boga kontrakan urang Garut. Kuring ngan mawa beas sakeresek keur nyumbang dahar. Sorena kuring neangan tempat testing di jl.merdeka deukeut balekota nyaeta sakola kristen. Indit babarengan jeung Dikdik babaturan relif sarua nu rek testing. Maranehna 2an mah testingna di ITB. Ngan basa keur poe eta teh keur aya pertandingan Persib vs Persikota, kacida ramena. Mun teu salah mah Persikota keur jago2na basa aya kiper Tema Mursadat, isnan ali jeung rea deui pamaen hadena. Persib ngagolkeun dibales deui ku Persikota, persib ngagolkeun deui, dibales deui, persikota ngagolkeun persib tinggaleun, untungna, Persib ngagolkeun deui nepi ka skor teh 3-3. Kuring ngan ngadenge sora tv di imah sabeulah, rame ku cocorowokan, babaturan kuring mah teu pati resep kana mengbal jadi hare2. Basa keur neangan tempat testingan sorena panggih jeung bobotoh nu siap2 rek ka stadion Siliwangi, hate mah hayang nonton ngan urang kudu neangan tempatna heula. Katambah sore eta kuring ngadangukeun lagu Persib kompilasi nu kabeneran Band Chery Bombshel-Biru di hatiku. Eta melodina ngeunaheun katambah suasana Bandung nu seger jadi sok kainget terus nepi ka ayeuna jadi waas mun nginget kajadian eta.

ASK-PASUNDAN JAYA

Kapolri (1993-1996)

Banurusman pituin Putra Tasik pernah jadi Kapala Kapolisian Republik Indonesia taun 1993-1996. Salah sahiji putra Tasik nu kasohor. Basa jaman Soeharto hese pisan urang Sunda dibere jabatan luhur. Ngan awal November 2012 anjeunna ngantunkeun di Jakarta lantaran geuring parna. Anjeunna di makamkeun di tanah kalahiranna di Kawalu - Kota Tasikmalaya.
Hal ieu bisa diconto barudak ngora pikeun ningkatkeun hasrat cita2, sok pingpin bangsa najan di nagara keur lola huru hara pinuh ku kabohongan jeung panindasan.

ASK-PASUNDAN JAYA

LL RE MARTADINATA

Ieu ngaran sok mineng katempo di jalan protokol kota di ampir kabeh Nusantara. Naon arti jeung kapanjanganna? Saha eta teh? Pasti loba nanya naon kapanjangan ti LL RE Martadinata? Ieu nyaeta mangrupakeun pahlawan Nasional Republik Indonesia, anjeunna nyaeta tentara Angkatan Laut nu boga pangkat pangluhurna. Dina Angkatan Laut nyaeta Laksamana Laut (LL). Anjeunna pernah ngilu perang ngalawan jepang jeung agresi Walanda jeung numpes pamberontakan RMS, Kahar jrd. Karirna ningkat terus dina Angkatan Laut nepi ka jadina Jendral Angkatan Laut (Laksamana Laut). Anjeunna asli Sunda pituin Tasikmalaya.

ASK-PASUNDAN JAYA

Sunda Dinamis

Bangsa Sunda memang dinamis, salah mun nyebut ngan cicingeun ngurung batok. Salah sahijina dina kasenian, lirik lagu atawa tema lagu teu mangrupa Cinta, siga ti mimiti manggihan cinta nu munggaran, nepi kanyenyeri ku cinta. Dina lagu tema Sunda malah leuwih luas deui siga pakembangan jaman, sok teangan judul lagu sajagad nu judulna Handphone, Ojeg, wayahna jeung rea deui! Geus pasti lirik lagu Sunda mah nonjolkeun kaendahan alamna siga Situ Cangkuang, Gunung Manglayang, Kawah Putih, Sisi Laut Pangandaran, Mega Sutra Pantey Carita, jrd. Teu saukur endahna alam, tema judul lagu Sunda malah ngangkat sasatoan nu endemik Sunda: Siga Dadali Manting, Papatong Koneng, Manuk Dadali, Bangbung Ranggaek.
Sok teangan lagu atawa lirik/judul lagu ti bangsa lain, aya nu luas siga Lagu Sunda? Tong jauh2, taliti we lagu bahasa Indonesia! Insa Alloh moal aya ngan aya di Sunda hungkul. Ieu Bukti Sunda Dinamis, ngilu pakembangan jaman!
 

ASK-PASUNDAN JAYA

Cinta, Cinta jeung Cinta

Cinta, rusiah Gusti nu maha Suci. Cinta bagean tina takdir. Cinta nu nambah sampurna manusa. Cinta nu mere warna hirup. Cinta nu nyaangkeun hirup, kadang hirup jadi kulawu kusabab cinta. Cinta mah Suci, nu ngotoran mah nu keur katinggang cinta. Cinta lain napsu, teu ngan saukur hasrat kanu lain jenis. Cinta geus aya nu ngatur, tapi cinta kudu diusahakeun, kudu aya pangorbanan. Cinta memang lolong teu ningali kaayaan manusa teu ningali beunghar sangsarana, teu ningali kasep geulis jeung gorengna. Cinta ngahijikeun nu bareda sangkan nyiptakeun pangbeda nu leuwih loba. Cinta Anugrah ti Nu Maha Kawasa. Mun keur katinggang Cinta disukuran meh matak jadi ibadah.

ASK-PASUNDAN JAYA

Ngarayu

Ngarayu geus jadi maslet kalakuan lalaki. Ngadeukeutan nu jadi tambatan hate, rayu gombal nu digede2keun sangkan ngapungkeun asa nu jadi dambaan ati. Ngarayu masih wajar mun aya dina bates pamikiran mun leuwih ti eta anggep we heureuy da heureuy teh bagean tina ngarayu. Lalaki moal ingkah jeung jalir mun geus manggih bener2 awewe nu bener2 ngalengkepan nu jadi kahayang lalaki tina lahir jeung batin.

ASK-PASUNDAN JAYA

Kaleungitan Imah

Imah najan butut tapi sahenteuna bisa ngiuhan tina panasna beurang jeung tirisna peuting, ngalindungan tina hujan jeung sato liar. Imah lir ibarat sawarga pikeun manusa nu bisa manggihan kadameyan jeung katengtreman hirup di jerona. Imah tangtu leuwih lengkep mun aya kulawarga di jerona, aya bapa, indung jeung anakna, komo katambah aya aki jeung nini. Keur peuting nu tiris jadi haneuteun. Anggota kulawarga saling cumarita wakca balaka. Ngutarakeun eusi hate ngabagi rasa.
Ayeuna mun kaleungitan imah? Tangtu wae hal-hal nu endah eta moal kaalaman deui. Jaga imah ulah nepi leungit jeung ruksak, imah awal hirup bermasarakat.


ASK-PASUNDAN JAYA