Nu Tos Ningal Ieu Blog

Rabu, 06 Oktober 2010

Antara Garut Jeung Tasik



Ieu dua wewengkon di Pasundan nu seueur pandudukna, sareng seueur nu jadi pangumbara ka daerah sejen boh di nusantara atawa mancanagara. Dua wewengkon ieu Jadi duta/identitas Sunda di kancah nasional/internasional/ Mun disebutkeun ngaran Garut atawa Tasik pasti kapikiran urang jeung basa Sunda ku urang nu sanes Sunda. Tina sajarahna ge dua wewengkon ieu parantos ngagentos namina. Garut kapungkur namina Limbangan, ai Tasik mah Sukapura. Saparantosna jaman kamardikaan, Tasik leuwih unggul dina kaaktifan di kancah nasional. Tasik pernah jadi tempat konfrensi pembentukan koperasi Indonesia. Tasik oge ngagaduhan tokoh politik nasional nyaeta Ir. H. Djuanda. Sementawis Garut di jaman Walanda taaun 1850-1940 jadi obyek wisata para meneer sareng bule-bule eropah. Garut kakoncara ka mancanagara ku nami Switzerland van Java. Charlie Chaplin sareng PM Perancis pernah ka Garut. Mung kadieukeun na mah perkembangan Garut asa lamabat dibanding daerah sejenna (Tasik). Balik deui ka masa bada kamardikaaan, Tasik jadi pamingpin Priangan Timur. Daek teu daek urusan adminstratif nu berkaitan jeung birokrasi, urang Garut kudu ka Tasik, contona ASKES, Taspen, dll. Tasik jadi makin tenar ku ayana Rombongan Artis. R. Oma Irama jadi pamingpina, teras dilajengkeun ku Itje Tresnawati (dugi katelah masjid Itje di Jamanis), Evie Tamala, Cucu Cahyati, Vetty Vera, Alam, Indra Brugman, Aura Kasih, Dara Virgin, jns. Di Garut ge tos seueur artisna ayeuna mah ti Rieke Dyah Pitaloka, Epi Kusnanadar, Jupe (katurunan), jns. Dina Seni Sundana Tasik ngagaduhan Mang Koko, Garut ngagaduhan Nano S. Aya nu unik, Artis Tasik jadi wakil Bupati di Garut (Dicky Candra). Tasik mah ditambih ku atlet internasional jiga Susi Susanti, Lidya Djaelawijaya. Mun di Jakarta mah Urang Garut teh katelah ku Cukur ASGAR, Tukang Sol Patu, ES Campur Sinar Garut. Ai Tasik mah katelah ku tukang parabotan, tukang es kalapa, Mayasari Bakti. Dina Kakompakkan mah urang Garut leuwih padu nu katembong tina persatuan ASGAR Jaya. Gubernur BI ge ASGAR (Burhanudin Abdullah), di Depok aya Gumilar Rusmiwa Somantri (Asli Tasik). Dina soal "kagarangan" mah Garut leuwih sangar tibatan Tasik. Seueur Preman Garut berkeliaran di Jakarta. Tina Kaendahan Alamna Garut masih jawara, alamna nu endah dihias ku gunung-gunung nu luhur jeung hawana masih keneh adem, kebon teh di cikajang nu tiisna nyecep ka tulang, matak ni'mat keur dahar liliwetan, Lautna nu masih parawan kakonci ku Leuweung Sancang. Di Tasik mah parantos panas (ngaheab), bentang alamna nu didominasi ku pasir (Tasik kota 10000 bukit) ayeuna mah pasirna dikeukkan diala batu jeung keusikna. Laut tasik kaganngu ku panambangan mangan di Cipatujah. Terminal Tasik Tipe A di Garut masih tipe B. Stasion Tasik masih eksis , stasion Garut tinggal kenangan. Urang Garut Kaler masih jadi konsumen Beus Tasik.Tasik jadi kotamadya (kota). Garut masih Kabupaten.Ti kondisi perekonomian nu jomplang antara Garut jeung Tasik, pernah aya desakan ti Malangbong nu hoyong gabung ka Tasik pedah teu aya perhatian ti Garutna.



Najan Garut Jeung Tasik Beda. Duanana dihijikeun dina Pasundan nu hirup Ki Sunda nu jadi Jatidiri wargana. Kuring teh Asgar tapi budak Gakunggung oge. Seueur indo Garut Tasik dimamana! Asgar (Cibatu) nu aya di Tasik aya di Lengkong-Tasik, jsb. Warga Tasik nu di Garut seueur di Garut Kaler (Malngbong, Limbangan, Cibatu jsb.).

Tetep Rukun Garut-Tasik (Jaya Sunda)

ASK-PASUNDAN JAYA

Tidak ada komentar: