Nu Tos Ningal Ieu Blog

Rabu, 27 Oktober 2010

Antara Banten Jeung Cirebon



Banten Jeung Cirebon kaayeunakeuna mah asa beda jeung Pasundan,..padahal mah ti baheula mula ieu wewengkon teh bagean ti Karajaan Pajajaran. Rahayatna tibaheula na ge geus Sunda. Di Cirebon Sunda kageser ku urang Jawa (ekspansi Mataram) tapi tetep bae Karaton Cirebon mah Sunda da pituin katurunan Prabu Siliwangi (Sunan Gunung Jati). Kitu deui jeung Banten nu asa ngabeda-bedakeun jeung Sunda padahal Banten mah beheula teh Palabuhan Pajajaran salain ti Sunda Kalapa jeung Cirebon. Kitu deui jeung rahayatna nu Sunda tibaheula, aya Jawa Banten teh da pedah sesa prajurit Mataram nu rek nyerbu Batavia,..maranehna cicing di Banten. Kasultanan Banten jelas-jelas masih katurunan Pajajaran,..Singgasana keur ngalantik Raja Pajajaran ge dicokot ku Kasultanan Banten da boga hak salaku panerus Karajaan Pajajaran. Bukti lain Banten jeung Cirebon teh Asli Sunda nyaeta simkuring. kuring teh geuning masih keneh boga asal ti Banten ti karuhun Aki (Bapa) nyaeta Prabu Wujaya Kusumah nu muka lembur di Garut Kaler. Terus kuring boga karuhun ti Cirebon ti Aki (Indung) nyaeta Wangsanagara nu muka lembur di Gunung Sawal.

ASK-PASUNDAN JAYA

Tidak ada komentar: