Nu Tos Ningal Ieu Blog

Sabtu, 09 Oktober 2010

Milih Indung atawa Bapa???




Aya kecap majemuk nu nyatakeun papasangan siga " indung bapa" .Kunaon indung tiheula ditulisna tibatan Bapa??? Euweuh jeung teu ngeunaheun mun nulisna "Bapa Indung" mah,..??? Ieu teh mangrupakeun kahormatan keur kaum wanoja. Dek awewe dek lalaki sarua wae. Masing masing boga pungsi jeung kawajiban. Euweuh istilah ngeunah jadi awewe jeung ngeunah jadi lalaki. Mun geus borojol jadi awewe nya kudu jadi awewe, kitu deui jeung lalaki. Awewe dina ragana teu sakuat lalaki jadi lalaki kudu ngajaga awewe (pamajikanna). Kitu deui awewe nu leuwih lembut tibatan lalaki, jadi awewe bisa jadi panengtrem lalaki (salakina). Awewe jeung lalaki nu geus kawin tangtuna boga katurunan nu bakalan disebut ku anakna indung jeung bapa. Indung ti hamil nepi ka borojol nepi ka ngasuh budak, capena lain bobohongan. Bapa nu jadi kapala rumah tangga kuralang kuriling banting tulang keur ngahirupan pamajikan jeung budakna. Indung jeung Bapa sarua ngajalankeun tugas jeung kawajibanna. Hubungan antara awewe jeung lalaki. Awewe boh lalaki nu can kawain tangtu kudu ngabakti ka kolotna (indung jeung bapana). Mun awewe nu geus kawin taya deui baktina salain ka salakina. Kolot awewe geus masrahkeun budakna ka minantuna. Mun lalaki nu geus kawin tangtu manehna kudu ngabakti ka indungna. Euwueh nu mujarab du'a jelema salain ti du'a indung. Kumaha mun kulawarga cere (hal nu halal tapi dibendu ku Alloh). Budakna milih kamana??? Euweuh istilah mun mun kulawarga ngalaman cere aya istilah budak ema/indung atawa budak bapa. kabeh budakna tetep budak indung bapana. Rek budakna aya nu dibawa ku indungna tetep bae bapana kudu mere napkah ka budakna. Wali nikah tetep Bapa Kandungna lain Bapa Terena. Milih Indung atawa Bapa??? mun aya budak nu kapisah ku cere maranehna tetep ngajaga babarayaan jeung indung bapana najan indung bapana geus karawin deui. anak moal aya urutna kitu deui indung bapa moal aya istilah urut indung atawa urut bapa. Hubungan ieu aya nepi kabawa ka aherat nu bakal dipenta tanggung jawabna.

Wallohu alam

ASK-PASUNDAN JAYA

Tidak ada komentar: