Nu Tos Ningal Ieu Blog

Sabtu, 30 Oktober 2010

Bubur Tasik = Bubur Galo

ASK-PASUNDAN JAYA

Bubur nyaeta kadaharan nu dijieun tina beas. Masakna sarua jeung masak sangu ngan dilobaan caina.Bubur bentukna rada encer nepi ka rada kiled. Ieu kadaharan teh geus ti bareto aya ti kabeh nagara ge boga bubur sewang-sewangan. Husus di Pasundan, bubur nu jadi katelah di kotana nyaeta bubur Tasik. Di Tasik mah ampir tiap saratus meter pasti panggih jeung tukang bubur, jeung bubur teh buka 24 jam. aya nu buka isuk, buka beurang nepi sore, terus buka peuting nepi ka janari. Moal hese rek dahar bubur di Tasik mah. bubur Tasik sarua jeung bubur sejenna. Nu ngabedakeun mah bubur Tasik sok make cakueh. Ieu cakueh beda jeung cakueh lainna, husus keur cakue bubur. Bubur Tasik ge sok ditambahan ati ampela, kurupuk, saledri, bonteng. Tina cara daharna ge bubur tasik mah kudu digalokeun heula meh kabeh jadi kaaduk rata, meh sakali huap kabeh nu aya di bubur bisa kaasaan.

Tidak ada komentar: