Nu Tos Ningal Ieu Blog

Kamis, 14 Oktober 2010

Kunaon?


Di Jatim aya 38 kota/kabupaten di Jateng aya 35 kota/kabupaten nu wilayahna mah sarua bahkan leuwih gede dibanding Pasundan (Jabar+Banten) nu ukur dieusi 32 kota/kabupaten. Komo deui rahayatna Pasundan pangreana. Kunaon bisa kitu??? Pasundan mah hese rek mekarkeun diri ku cara otonomi daerah tea. Teu cara nu di wetan Jawa. Mun diitung sakota/kabupaten minimal meunang APBN 1 triliun di Wetan Jawa meunang (Jateng=35 T, Jatim=38T, total 73 T) bandingkeun jeung Pasundan (Jabar=26T, Banten=6T, total 32 T). Jadi teu aneh mun di wetan jawa loba jalan tur hade deuih beda jeung diurang nu masih eta-eta keneh jeung garinjul. Nyieun tol cipularang ge kalakah ngancurkeun alam hungkul. Perguruan Tinggi lolobana di wetan Jawa. Dana pendidikan ti APBN ge loba nu kadinya. Di Pasundan mah rek nyieun kampus negeri ge hese, euweuh patulungna tingali Unsil nagen bae. Padahal rahayat (usia pelajar + mahasiswa loba di Pasundan) tapi kunaon kampus negeri loba di wetan?. Ti jalan kareta ge di jawa mah pabeulit saking ku lobana. Tapi di Pasundan mah angger we teu nambahan rel teh. Ai pangwangunan teh mentingkeun lobana penduduk atawa mentingkeun kadeukeutan jeung pangawasa. Pasundan ge nu deukeut teu digugu komo nu daerah nu jauh (Su,matera,Kalimantan,Sulawesi,Maluku,Nusa Tenggara jeung Papua) pasti teu diculkeun bae. Kunaon tah masih keneh kieu? Meureun pamingpinna masih keneh ti kampung wetan keneh kitu???


ASK-PASUNDAN JAYA

Tidak ada komentar: