Nu Tos Ningal Ieu Blog

Minggu, 01 Desember 2013

Budak leutik Hitut Gede


Ngaranna budak, naon wae ge matak pikaseurieun. 

Komo mun budakna keur meumeujeuhna mah jeung budakna lintuh, ngagedod leumpangna geboy meuri. 
Kitu deui jeung alo kuring nu karek 3 taun. Pikaseurieun, mun lumpat bujurna ngagedod. 
Tapi nu hayang pikaseurieun mah keur ngobrol jeung manenhna, bari ngomongna balelol tea, teu hujan teu angin. Eta budak borobot hitut gede siga hitut kolot jeung bauna siga ema2 nu karek anakan. Padahal budak the lalaki. 
Sok hayang seuri mun inget kajadian eta mah. 
Ngaranna ge budak, diwajar dimaklum. 
Komo deui hitut teu meunang ditahan2 bisi jadi panyakit. Hahaha....


ASK-PASUNDAN JAYA

Tungtung Waktu


Mangsa ayeuna geus aya dina tungtung waktu. dunya jeung alam samesta ieu tereh beak waktuna. Balik deui ka gusti. Kabehna tina euweuh balik deui kana euweuh. Nepi dihudangkeun deui ku gusti. Hirup dina waktu dunya, tereh pisan. Ngaranna ge ngan tempat sindang. Lain panetepan. 
Kumaha nu geus dijangjikeun ku gusti liwat utusanna, dunya ieu ngan jadi tempat bebekel keur kahirupan nu abadi sanggeus kahirupan pana ieu beak. Sakeudeung deui kahirupan pana ieu bakal enggeusan. Kabeh ciptaan gusti bakal ancur beak mangsana. Ku gusti diancurkeun, nandakeun yen kabeh ieu the nu boga anjeunna. 
Ngarana tungtung waktu, buana geus kolot, samesta geus sepuh, manusa geus linglung. Sato2 jeung tutuwuhan corencang beak ku manusa. Sato beak, manusa nurutan tingkah sato. Mikirna lain deui ku akal jeung hate tapi geus make napsu. Geus euweuh rasa jujur, adil, silih asah, asih, asuh. Kahirupan geus parah pisan. Teu nyaho nu bener jeung salah. Hukum geus lolong, nu kuat makin jaya, nu sangsara leuwih menderita. Memeh ancurna ieu samesta, rek datang hiji utusan nu ngarobah tata laku manusa balik deui ka asalna. Manehna moal lila di buana, lantaran sakeudeung deui kiamat. Jalma nu iman moal ningali kiamat. Nu ngarasakeun kiamat nyaeta manusa sesa nu geus ditinggalkeun ku jalma iman. 
Ayeuna the tungtung waktu. Memeh panon poe moncorong ti kulon, gusti masih ngahampura laku lampah nu salah ti manusa salaku mahluk nu diciptakeun pikeun ngurus samesta ieu. 


ASK-PASUNDAN JAYA

Senin, 03 Juni 2013

Deukeut Beuki Ngadeukeutan

Tina judulna ge dibahasa inggriskeun meh rada keren padahal mah meh teu loba nu ngeuh,..yen kuring keur closer,close and closer jeung manehna. Geus loba pangalaman hirup geus loba wanoja nu dipanggihan , diwauhan jeung nepi ka deukeutna.
Ngaranna mun lalaki geus biasa patempo, padeukeut, ubral obrol , mun nu normal mah pasti bakal nimbulkeun katresna, kadeudeuh keung kanyaah. Leuwih ti kanyaah nyaeta tea timbul Love, Duriat . Ngan unggal poe teh hayang panggih jeung manehna, hayang deukeut jeung manehna, hayang diperhatikeun, jeung sagalana.
Cinta mah teu ningali beda ngan kudu pasti beda kelaminna.
Cinta teh anugerah tapi hese rek dinyatakeunana, ngan lolobana dipendem, disimpen dina ati, jang carita keur anak incu, eta ge mun kaalman kawin jeung boga budak hehe.
Btw, Najan jalma nu kasr ge mun manggih cinta nu benerna lain ku napsu geus puguh era ngungkapkeunana.
kahijina meureun sieun ditolak, sieun ngarubah perhatian manehanana ataw alesan lain?
Tibaheula ge da angger love mah mun teu diungkapkeun timbulna ka jerawat, hahaha.
geus pasti dada sesek ku kalimat cinta nu rek diungkapkeunana.
Cinta mah lir ibarat pedang.
nu teu bisa ngagunakeunana matak raheut kadirina,
mun nu busa mah matak mangpaat ka dirina.
Tapi lolobana cinta mah ngan jadi sebab setres, nyeri hate, jeung alesan bunuh diri,
ieu nu salah kaprah, da hakekatna mah cinta teh anugrah ti Gusti.Siga hawa nu ku urang direnghap kana irung asup kana bayah nu matak manusa tetep hirup ku hawa.
Cinta nyaeta elemen penting keur kahirupan pangpangna mah dina masalah ngalobaan manusa.

tong nepi kutipan Panglima Tian Feng aya dina kahirupan anjeun "Derita cinta tida berakhir"

tapi siga kutipan Rhoma Irama : "hidup tanpa Cinta bagai taman tak berbunga"

Wilujeng mencari Cinta dan Bercinta nu geus biga mah.


ASK-PASUNDAN JAYA

Minggu, 05 Mei 2013

LOBA PILIHANEUN

 Loba pisan pilihaneun. Aya nu pas panggih sareret mah biasa tapi kadieunakeun jadi sok melong manehna malah jadi resep melongna mun aya manehna teh sok bungah.sok geura2 hayang nempo manehna. Aya deui salain nu tadi sanajan sok ngaheureuyan bari jeung jamedud tapi manehna asa ngarep2, ah teuing ketang pedah sok panggih jadi teu pararuguh rasana ngan sok kaimpikeun. Usaha leuleutikan diheureuyan leleutikan, rapet-rapet nepi teu karasa diuk babarengan padempet, tah eta strategi nu hade mah. Matakna lanjutkan usaha eta. Kabndang duanana ge alhamdulilah bonus "̮ ƗƗɐƗƗɐƗƗɐ "̮

ASK-PASUNDAN JAYA

Jumat, 22 Maret 2013

Sing Tereh Jadi

Sagala harepan kuring, tangtuna insaAlloh kana kahadean mah mugi sing teh jadi. Kawula siap ngalaksanakeun amanah eta. Amin Ɣªäªä Robbal alamin

ASK-PASUNDAN JAYA