Nu Tos Ningal Ieu Blog

Sabtu, 09 Oktober 2010

Antara Ucing Jeung Maung


Di Pasundan mah ngaran ucing jeung maung geus masket pisan. Ucing jeung maung sarupa ngan beda gedena hungkul. Ieu ge jadi perlambang yen ucing keur barudak, maung keur nu dewasa. Ucing sok dipake ngaran kaulinan barudak jiga ucing lumpat, ucing sumput, ucing baledog, jsb. "Cang kacang panjang nu panjang...."Ucing"..." kitu ceunah ceuk barudak mun rek maen uucingan. Mun maung mah perlambang kakuatan jeung kaperkasaan (kapamingpinan). "Mun hidep jadi pamingpin omat sing jadi maung nu ngajaga leuweung jeung eusi-eusina" kitu papatah kolot baheula. Maung ge masket pisan jeung Pamingpin atawa Legenda Urang Sunda nyaeta Prabu Siliwangi (Sri Baduga Maharaja). Anjeunna ngahiang (leungit) di leuweung. Dina ngahiangna Prabu Siliwangi bijil Maung. Maung eta katelah Maung Siliwangi. Maung pangwujudan Prabu Siliwang.

Wallohu Alam.


ASK-PASUNDAN JAYA

Tidak ada komentar: