Nu Tos Ningal Ieu Blog

Selasa, 25 Desember 2012

Kaleungitan Imah

Imah najan butut tapi sahenteuna bisa ngiuhan tina panasna beurang jeung tirisna peuting, ngalindungan tina hujan jeung sato liar. Imah lir ibarat sawarga pikeun manusa nu bisa manggihan kadameyan jeung katengtreman hirup di jerona. Imah tangtu leuwih lengkep mun aya kulawarga di jerona, aya bapa, indung jeung anakna, komo katambah aya aki jeung nini. Keur peuting nu tiris jadi haneuteun. Anggota kulawarga saling cumarita wakca balaka. Ngutarakeun eusi hate ngabagi rasa.
Ayeuna mun kaleungitan imah? Tangtu wae hal-hal nu endah eta moal kaalaman deui. Jaga imah ulah nepi leungit jeung ruksak, imah awal hirup bermasarakat.


ASK-PASUNDAN JAYA

Tidak ada komentar: