Nu Tos Ningal Ieu Blog

Jumat, 11 Maret 2011

Beurit Nyingnying

Beurit nyingnying nyaeta beurit leutik nu sagede dua ramo.
Najan leutik tapi huntuna gede jeung kuat kacida.
Kai,awi,plastik,kertas & kardus bisa digegelan.
Lomari,keler,meja jeung korsi barolong jeung garugus.
Beurit nyingying kacida lincahna.Lumpatna ngabecir siga kilat.Jeung wanian nyayangna ge sarohangan jeung manusa.Ucing ge rada bangga newak beurit ieu mah da sok nyempod kana lomari nu hese kahontal ku ucing.Di sayangna teh sok loba dahareun siga tempe,asin,kurupuk,tomatjsb.Matak rudet. 

ASK-PASUNDAN JAYA

2 komentar:

Anonim mengatakan...

Ari maneh... boga dendam naon ka ieu nyingnying cekakak . Teu kabayang ku urang aya jelema nu nyieun posting siga kieu... :)) di imah urang ge tatakan paragi ngeureutan bawang beuki leutik digegelan ku nyingnying. Salam ti urang Tangerang ah.

Unknown mengatakan...

nya nyingnying teh siga koruptor,...imut imut tapi ngaruksak.
hampura bisi kasinggung,..hahaha...
salam deui ti Priangan Wetan.