Nu Tos Ningal Ieu Blog

Rabu, 05 Januari 2011

Siduru

Di imah panggung nu teu gede basa isuk-isuk bari naheur cai keur nginum kopi di hau.Make sarung keneh bari dahar bubuy sampeu sakalian siduru nganyideangkeun awak .Di luar masih keneh bodas pinuh ku halimun,tirisna nyecep kana tulang.Sok resep da mun ngarenghap teh sok bijil haseup tina baham.Asa ku nikmat dahar bubuy sampeu dibaturan ku cikopi ditambah goreng roay jeung jaat.Seuneu di hau geus tereh pareum, kuring nambahan suluh bari niup songsong.Kebul hau nu ngahideungan lalangit nambah has na siduru.

Tidak ada komentar: