Nu Tos Ningal Ieu Blog

Rabu, 05 Januari 2011

Datang Bulan

Harita kuring jeung manehna diuk paduduaan dina samak salambar di pantai pangandaran.
Ningali datang bulan ni koneng caang pisan.
langit lenglang teu kahalang awan.
Beledag sora ombak teu ngaganggu kaintiman malah nambah kamesraan.
Hiliwir angin peuting, manehna ku kuring dikeukeupan.
Didinya kuring jeung manehna wakca balaka.
Kuring ka manehna, manehna ka kuring.
euweuh rusiah nu kasumputkeun.
Tidinya timbul rasa percaya.
kuring jeung manehna aya dina cinta.
Cinta nu ngagalura tisaprak mimiti panggih.

Tidak ada komentar: