Nu Tos Ningal Ieu Blog

Selasa, 22 Desember 2009

Euweuh Istilah Paeh

Saha nu wani paeh ayeuna?
geus ngadangu kecap paeh,bulu kuduk geus muriding,...
ku sieunna,ku waasna,ku can pasti irahana,kukurilingan mikirna ge lieur?
Ngan hiji nu pasti , paeh pasti kaalaman ku mahluk nu hirup (kulu napsin da ikotul maut),..
paeh nyaeta kaayaan pindahna jiwa/ruh ti alam dunya ka alam kubur(aherat)
dina istilah asa singket jeung gampang padahal mah lila jeung rumit,...komo deui nu kafir,..na'udubillah
ti mimiti jalma diciptakeun ku Alloh,..urang salawasna aya dina kahirupan,..ngan beda2 alam,..ti mula aya di alam ruh lanjut ka alam rahim (kandungan) lanjut ka alam dunya (neangan bekel jang ka aherat) paeh heula (sakarat) tah tidieu panentuan urang salamet dunya aherat,..lanjut ka alam kubur (kuburan),...lanjut ka alam mashyar (dihudangkeun bada kiamat) lanjut ka jalan cagak "surga atawa naraka"????
Saterusna rek di naraka atawa surga urang hirup kekal abadi (moal kahontal ku akal urang,hirup sakitu lilana),..ngeunah nu di surga mah,...sangsara nu di naraka,...
"saestuna agama mu dipikarido ku Alloh mung Islam",...ieu hiji modal keur urang nu salaku atawa nu ngaku islam,...geus dibere rel ka surga,...Patepung sareng Pancipta Alam Samesta (Alloh SWT)...tepang sareng kakasih Alloh (Muhammad SAW),...
Ai geus kieu mah urang teh asa leutik euweuh artina ku kakuasaan Alloh,...
Mugi urang sadaya sing aya dina Rahmat Alloh dugi salamet di surga engke,..

Tidak ada komentar: