Nu Tos Ningal Ieu Blog

Minggu, 22 Maret 2009

Alam Pasundan

Alam Pasundan

Ku : Agung Setiadi Kusumah

Hejona daun, biruna langit, herangna walungan

Subur reujeung segerna alam Pasundan

Matak betah ka semah

Matak heman ka pituin

Rahayatna calakan, someah, perkasa reujeung taat kanu agama

Katartiban, kaendahan, kaamanan ciciren alam Pasundan

Taya nagri nu nandingan kabeungharan alam Pasundan

Harita nepi ayeuna jadi puseur pamarentahan

Pamingpin nagri Pasundan kawentar ka manca nagara

Dipikaserab ku kabeh bangsa

Ngajungjung budaya nu luhung warisan ti karuhun

Nyepeng teguh jati diri nepi mulih ka bumi

Cik geura areling incu-incu ki Sunda

Kiwari loba karusakan di alam Pasundan

Ragana kagorogot jiwana pararetot

Tong nepikeun ki Sunda paeh molotot

Jati diri ki Sunda aya dina ati urang Sunda

Hate leutik moal ngabohongan

Urang kabeh pasti cinta alam Pasundan

Bela nepi getih ka ngucur sakabeh awak ancur lebur

Pikacinta alam Pasundan, lastari nagri saeusi-eusi

Alam Pasundan pasti jaya abadi

Nepikeun kiamat nu can ngajadi

Mugi Gusti Alloh Ngobulkeun du’a abdi

Tidak ada komentar: