Nu Tos Ningal Ieu Blog

Rabu, 12 Mei 2010

Warung Bandrek Panineungan.


Warung Bandrek, nyaeta wewengkon nu aya di daerah Cibatu, Garut. Ayeuna mah warung bandrek kabagi dua, nyaeta nu masih ka cibatu sareng nu dilebetkeun ka kacamatan Kersamanah (hasil pamekaran ti cibatu). Warung Bandrek dijantenkeun nami statsion (anatara st. Cibatu - st. Bumi Waluya/Malangbong) di daerah kampung kondang, desa sukalilah, kec. cibatu. Ai palih kalerna mah aya jalan raya Bandung-Tasik (parapatan Bandrek). Parapatan ieu moal bireuk ku supir2 nu ngalangkung jalur bandung-Tasik. Ti jaman karajaan limbangan ge daerah ieu tos kakoncara, pedah daerahna nu strategis. Pasir Kondang nu jadi saksi (situs sajarah, awal mula diadegkeun Kp. Kondang / wewengkon Warung Bandrek abad 16) Jaman Walanda, warung bandrek jadi jalur panghubung daerah bandung-tasik (jalur pos & jalur kareta). Saatos kamardikaan ge ie daerah jadi saksi bisu pamberontakan DI/TII nu markasna di gunung2 perbatasan Garut-Tasik. Pernah kajadian kareta digulingkeun di st. Warung Bandrek. Di daerah seueur paninggalan sajarah. Mulai ti karajaan Sunda dugi ak jaman kolonial. Jembatan antara kp. Kondang-kp. Cisalak jadi saksi pengerjaan jalan Malangbong-Garut taun 1890an. Nami bandrek masket ka wewengkon ieu pedah kapungkurna seueur nu ngadamel bandrek hususna di daerah caket statsion warung bandrek. Samemeh taun 1970an statsion warung bandrek rame pisan, sado ngantri ngadagoan panumpang nu turun ti kareta. Mung ayeuna mah benten pisan sareng kapungkur, st. warung bandrek sepi (mung dieureunan 2 kareta sadinten). Kareta nu euereun ge kadang sok dianggo tebengan gratis kanggo warga nu bade ka wetankeun (Tasik). Kiwari mah Warung Bandrek teh panineungan.

*dari berbagai sumber

Tidak ada komentar: