Nu Tos Ningal Ieu Blog

Rabu, 22 September 2010

Jakarta teh Bebegig Lain-lain Ondel ondel


Jakarta atawa Sunda Kalapa ngarubah awak ti ngarana bebegig ka ondel ondel. Bebegig nu asli sunda ngarana diganti ku ondel ondel. Kitu deui jeung adat adat Sunda nu diganti ku sejen. Jakarta kaleungitan Sunda. Jakarta geus dimasketkeun jeung Batawi (kumpulan pangumbara). 22 juni teh identik keur ngareuah reuah adat adat kaum semah, ti kerak telor,si pitung nepi ondel ondel,..Sugan euweuh nu ngabahas ngaran "Sunda Kalapa" nu geus jelas jelas Jakarta teh Sunda atawa ngabahas carita karuhun Sunda Kalapa salah sahijina Pangeran Jayakarta nu mingpin wilayah ieu. Anjeunna pituin Sunda nu dikurebkeun di Jatinegara Kaum. Di sabudeureun makam Pangeran Jayakarta aya keneh warga Sunda nu tibaheula nyicingan Sunda Kalapa. Jadi penduduk asli urang Jakarta nya urang Sunda nu aya di Jatinegara kaum. Naha hal ieu tara dibahas tanggal 22 Juni??? Jadi lain Batawi nu kasisihkeun di Jakarta tapi Sunda sorangan nu ngajiwaan Jakarta di Sunda Kalapa.

ASK-PASUNDAN JAYA

Tidak ada komentar: