Nu Tos Ningal Ieu Blog

Sabtu, 10 Desember 2011

Handapeun Gunung Gede

Gunung nu jangkung tur adiluhung.Ngiuhan sabudeureuna,ngeclak cai ngocor ka handap,hiliwir hawa keur ngarenghap.Sato jeung manuk pada ngariung.Dihandapna pinuh ku manusa jadi tempat wisata.Gunung Gede ciciren Sunda ngahaleuangkeun tembang Cianjuran.Kacapi jeung Suling diadu kana kasalarasan alam.Ngabalikeun pikiran kanu jiwa nu tenang,tengtrem tur bagja.Sakurilingna pinuh pamandangan nu euweuh tandingna.Matak ngingetkeun urang kana agungna Sang Pangcipta.


ASK-PASUNDAN JAYA

Tidak ada komentar: