Nu Tos Ningal Ieu Blog

Minggu, 23 Februari 2014

Nu pernah Dibonceng

Mimiti naek motor nu munggaran dibonceng nyaeta K babaturan SMA. Nu buukna siga Alam Mbah Dukun beulah 2 pas pisan. Mun mengbal sok bagean sayap, bari mraktekeun leungeun na di oyag2 siga manuk ngabeberkeun jangjangna rek ngapung. Mun nyarita sok ngalantur pikaseurieun. Tapi tanagana gede mun panco atawa ngadu salam jeung urang sok imbang.
Back to the topik "Nu di bonceng" Rutena ka Cibatu- Limbangan-Selaawi. Make motor Cina replika Honda. Euweuh rem hareupan. Ngeusi bengsing ge dina eceran. Ngaliwat jalan sasak beusi nu sepi asup jalan raya nasional limbangan asup ka jalan sepi selaawian, nanjak rada teu kuat. Nu dibonceng turun. Niatna mah rek ulin basa keur bulan puasa sakalian ngabuburit.
K ayeuna geus leungit tina panon jeung ceuli jauh euweuh kabar basa kaluar ti SMA can pernah panggih deui, matak panasaran. Tapi, one day we willi meet again. Najan loba selentingan manehna geus robah teu jiga baheula deui. Tapi kuring mah tetep balad, siga halna Naruto masih ngaku balad ka Sasuke. 


ASK-PASUNDAN JAYA

Tidak ada komentar: