Nu Tos Ningal Ieu Blog

Minggu, 23 Februari 2014

Nu Siga Roy Martin

Pernah nanya ka bapa, "ai umur ayeuna sabaraha taun?" Kuring nanya pedah aya anak ua nu karek ulang taun ka 16 basa di Jakarta, harita kuring keur umur 4 taun. Si Bapa ngajawab enteng karek umur 17 padahalmah 2 dasawarsa dingorakeun, kuring the percaya we da ngaranna budak, berarti bapa uing jeung anak ua teu beda jauh teuing umurna (akal matematika 4 taun). Ngarana keur budak, rek masalah angka atawa umur, pasti hayang nu gede. Kuring the ngomongna jero hate, euh, umur bapa the sing tereh gede/kolot sieun kasusul ku alona.
Masalah umur geus beres, kuring trus nanya, ai sakola dmana? Babaturan saha wae? Si bapa ngajawab gampang, di Jakarta sakelas jeung Roy Martin. Kuring ge percaya we, najan harita can wauh saha Roy Martin the? Teuing saha? Gawe naon jeung sajabana. Tisaprak tidinya kuring harita jadi sok nanya ai Roy martin kamana? Jeung simana ayeuna? Nanya ka bapa. Kadang sok ditanyakeun deui ka indung. Tapi indung ngan seuseurian, basa ngadengekeun pananya kuring. "Yeuh hayang apal, roy martin saha?. Golosor indung ningalikeun album jadul, ditempokeun foto lalaki jangkung ipis, buuk kribo, kumis ipis, make calana cutbray jeung kameja merecet. Ieu saha? Ceuk kuring, nya Roy Martin tea tembal indung, Roy Martin ti Garut. Padahal dina hate mah siga foto bapa uing, tapi percaya we da budak. Da emang rada beda di foto mah jangkis jeung kribo ai aslina mah buukna pandok jeung rada gede.
Kaliwat sabaraha taun. Kuring geus asup SD, pamikiranna geus loba nyerap tiditu tidieu, harita aya pilem baheula nu ditayangkeun ku tv swasta. Dina film aya jelema nu siga dina album foto indung. Har ieu nu katelah Roy Martin the, Tukang maen pilem baheula, karesep indung urang, hahaha. Tapi emang si bapa pernah nyarita pernah panggih jeung Roy Martin, percaya teu percaya sih, percaya da baheula pernah gawe di TIM, loba artis nu sok kadinya. Ah nu penting mah teu panasaran deui saha Roy Martin the. Sabodo teuing si Roy Martin jdi goreng ngaranna pedah narkoba, tapi hiji nu dipikasono ti Roy Martin, aslina asa nempo bapa urang nu ayeuna geus beda alam. Tina seurina jeung sorana ge hehehe. Ti masa muda jeung kolotna sarua (ceuk urang). Jadi mun sono hayang ningali bapa kadang resep ningali infotaiment tentang berita Roy Martin.
Ayeuna kuring geus sadar, basa kuring nanya harita trus si bapa mere jawaban "ngasal". Tetep bae hal nu leutik eta sok malah kainget terus dina pikiran, kalenyepan dina ati. 


ASK-PASUNDAN JAYA

Tidak ada komentar: