Nu Tos Ningal Ieu Blog

Minggu, 03 Agustus 2014

Cuneng dan Wowow


Kuring boga alo ti lanceuk panggedena. Ngarana cuneng jeung wowow. Anak kahiji awewe sok dilanding cuneng, adina cuneng lalaki sok dilandih wowow.
Cuneng borojol tanggal 2 Juni 2005 basa kuring karek pisan kaluar SMA. Keur urus urus neangan gawe jeung kuliah. Si cuneng lahir poe kemis di Ciamis. Beuratna 3,6 kg panjang 48 cm. Buleud jeung beuneur.
Si cuneng kacida lucuna, bodas kulitna, buukna alus jeung sorana gede jadi matak gemes.
Si cuneng masih ngalaman panggih jeung bapa urang.
Si cuneng keur orokna teu full dibere ASI kusabab teu normal kaluar ASIna jadi make susu sapi. Jeung teu leupas tina empeng, nepi empengna ditalian trus dikaitkeun kana panitih nu nempel dina bajuna. Si cuneng nyaeta alo munggaran, jadi urang boga alo asli nu mimitian. Beda jeung alo2 nu lain ti lanceuk asli mah lolobana alo ti anak ua, nu malah sapantaran kuring malah alo aya nu geus 50 taunan haha.
Si cuneng geus 5 taun kasepian euweuh batur ulin, hayang boga adi, mun boga adi the hayang ngaranna dede rezer, du'a budak dikobul Alloh, 6 maret 2014 poe minggu basa kuring kadatangan babaturan ti Bekasi di warban, si wowow borojol ka dunya di RS Ciamis nu loba ucingna. Si wowow mah basa keur hamilna ge rada hese, malah keur ngalahirkeun dina kaayaan sungsang, tapi ku kersaning Alloh si wowow bisa salamet najan tisaprak borojol nepi ka samingguna koma, teu kecet2. Kulawarga geus pasrah kumaha hadena ceuk Alloh. Sakalai deui Alloh mere kaajaiban si wowow ceurik, nandakeun kaluar tina kaadaan koma. Basa lahir mah peot tapi geus saminggu diimah eta awakna siga anak buta gede kacida, matak sok dilelewe ku dulur2, "ieu mah anak buta" meureun ngarti si wowow sabulan ti eta beuratna orot jadi normal.
Ieu budak lucu, mun nyarita kokolot begog jeung buukna beureum we siga orok nepi ka ayeuna. Resepna the sagala kadaharan beuki teu pulah pilih. Ngan manehna mah sok sagala hayang nurutan batur, batur dahar ieu hayang nurutan nepi ka dahar obat ge hayang nurutan, mun geus ngamuk sok ceurik lila bari sok peupeureukeut nyiwit ka saha bae.
Cuneng jeung wowow, dua dulur nu jadi alo kuring, generasi panerus bangsa. Ieu program KB, 2 budak cukup, da ayeuna mah budak the arogo teu jiga baheula najan budak salosin leuwih ge angger bisa kaparaban.



ASK-PASUNDAN JAYA

Tidak ada komentar: