Nu Tos Ningal Ieu Blog

Senin, 04 Agustus 2014

Sunda dina Politik Nusantara


Ngomongkeun Sunda dina ruang lingkup Nusantara nu ayeuna ngaranna Republik Indonesia teu bisa dipisahkeun. Lain lantaran Sunda nyaeta etnis nu aya di RI, tapi dina sajarahna Sunda nyaeta perintis di Nusantara.
Peradaban Nusantara dimimitian ku Sunda ti Salakanagara awal abad kahiji masehi, Tarumanagara di Bekasi abad ka 4, nepi ka Mataram jeung Sriwijaya tur Majapahit borojolna ti Sunda. Jadi disimpulkeun Sunda Indungna Nusantara, anggap we Bapana Nabi Adam hehe.
Eta jaman baheula, kabeh pada ngaku kajayaan Sunda, kiwari mah ngan jadi alas kaki para turunan anak tere bangsa Sunda.
Sanggeus bangsa kebo bule datang ka nusantara, anak tere hayang ngawasaan kabeh ti indungna, teu ngabagi-bagi deui ka adi lanceukna. Haweuk dikeukeuweuk.
Anak tere gawe bareng jeung bule, ngolah nusantara dina panjajahan.
Indung teu walakaya, lantaran loba diadu domba ku siasat kebo bule. Anak tere ngan jadi tukang letak bule bari ngarepkeun kakuasaan budaya jeung pangaweruh manehna hayang dilakonan ku katurunan indungna.
Hasil ngaletak kebo bule teu percuma, indungna jadi dihandap kakuasaan bule nu diharewosan anak tere. Basa indung diganti jadi basa anak tere, kitu deui budayana, sajarah indung diotak atik sangkan anak katurunan indung ngagulkeun budaya jeung trah anak tere.
Ieu manglangsung mangratus2 taun nepi ka borojolna RI.
Pamingpin kahiji nu jadi revolusioner, najan apal sajarah indung, manehna can siap ngabolokerkeun sajarah anak tere, manehna hayang jadi pamimpin nepi ka paehna, sangkan trah anak tere tetep jaya di RI.
Moal aya nu abadi di dunya mah pamingpin kahiji mangkat digebruskeun ku dulurna keneh. Ieu anak tere nu taat kana budaya anak tere yen anak tere kudu terus marentah nusatara masing kumaha carana. 4 dasawarsa, manehna marentah ngajalankeun budaya anak tere ka kabeh nusantara, teu ngahargaan dulurna nu boga adat jeung budaya sorangan.
Bener dunya mah teu abadi nu kadua ngajungkel ku pamuda.
Borojol nu katilu nu naek jadi pamingpin sanggeus jadi wakil nu kadua. Ieu anak wetan nu hade uteukna. Ngahargaan ka kabeh dulur, budaya anak tere ngaluntur di RI nu geus dipaksakeun baheula sina tumerap di nusantara. Najan sataun, ieu anak wetan ngahapus pangaweruh anak tere.
Datang deui anak tere mangrupa nu teu bener nempo, ngaku taat agama, malah ngadu domba, jiga nu enya. Nyampurkeun kabeh agama, mela agama batur agama sorangan dijejek2.
Bener dunya mah teu lila, manehna di turunkeun loba teuing ulin jeung ngawur.
Diangkat we budak awewe anak tere nu kahiji nu hayang malikeun kategesan bapana. Manehna mah ngan jadi boneka bangsa deungeun. harta nagara dijualan, rakyat ngan meunang getahna. Kurang 3 taun mingpinna, kusabab euweuh kamajuan manehna teu dipilih deui, eleh ku dulurna keneh ku panglima anak tere nu amis budi.
Datang jadi pamingpin nu dipilih rahayat, kabijakana loba jeung geus direncanakeun. Loba program loba celah keur coan, loba oge baladna nu meunang coan nu antukna asup bui. Manehna jadi katempuhan, manehna kurang teges ngan neang karunya ti rahayat meh katingali sangsara dijailan batur. Ampuh oge carana manehna bisa mingpin sawindu leuwih.
Pamilihan pamingpin nu ka7, nu cenah mah si ratu adil, nu borojol the 2nana anak tere. Mun ditanya kamana Sunda nu perintis? Lainna embungeun, tapi loba dihalang2, panyanyi jeung gubernur ge geus siap, malah panyanyi ditipu pisan ku anak tere nu make kedok agama.
Iraha datang ki Sunda nu asli, najan anak tere the aya katurunan keneh ti sunda. Tapi hayang nu 100 % Sunda sajati nu mingpin deui siga Sunda baheula di Salakanagara. Amin.
Wallohu alam.


ASK-PASUNDAN JAYA

Tidak ada komentar: