Nu Tos Ningal Ieu Blog

Minggu, 03 Agustus 2014

Pahili Bubur Kacang


Peuting-peuting jalan-jalan ka dadaha kota Tasikmalaya. Kukurilingan neangan dahareun. Indung hayang pisan bubur kacang. Ngaliwat jalan siliwangi, kaltempo warkop Kuningan nu sedia bubur kacang hejo. Ceuk indung liwat we da geus biasa eta mah. Lanjut ka BKR loba warung dahareun tapi euweuh bubur kacang, pas deukeut lapang dadaha manggih gorobak ditendaan aya tulisan bubur kacang hejo. Tah langsung we eureun didinya, bari mesen bubur kacang 2 mangkok. 3 menit geus jadi sadia bubur kacang.
Ngahuleng, geuningan mangkok leutik jeung eta siga lain bubur ngan cai pati nguyumbang ditambah siki kacang hejo baruleud leutik2 jeung roti tawar nu laleutik. "Ieu mah lain bubur atuh" ceuk indung kuring. Nya puguh we teu siga bubur eta mah cipati nu dicemplungkeun kacang hejo jeung roti leutik. oke lah penampilanna jauh pisan jeung bubur, sugan we rasana beda. Suruput sasendok diuyup, geuning biasa siga dahar sirop cipati kacang hejona teu ancur buleud jadi katareleg asup tikoro. Kagok geus disendokan langsung we diuyup dileklek nepi beak da siga nginum cai teu siga dahar bubur. 2 mangkok leutik 3 rebuan. Pedah apalna mere duit 50 rebu dipulangan 44 rebu. Untungna teu ditekuk ku tukang dagang. Kuring panasaran ieu bubur kacang modern meureun nya? Pas rek balik markir motor dina tendana aya tulisan bubur kacang ijo madura. Oh kieu geuning bubur kacang ijo madura the. Pantes atuh.



ASK-PASUNDAN JAYA

1 komentar:

Unknown mengatakan...

Carita jeung indung